Daniél
12 ”Dina waktu éta, Mikail* bakal ngadeg.* Anjeunna téh pamingpin agung nu bakal ngadeg demi bangsa anjeun. Geus kitu, bakal aya mangsa kasusah nu can pernah kajadian ti saprak ayana bangsa-bangsa nepi ka waktu éta. Dina waktu éta, jalma-jalma ti bangsa anjeun nu ngaranna ditulis dina éta buku bakal salamet. 2 Loba jalma anu geus maraot* bakal harirup deui. Aya nu bakal hirup langgeng, aya ogé nu bakal nandang kahinaan salalanggengna.
3 ”Jalma-jalma nu boga pangarti bakal cahayaan lir caangna langit. Jalma-jalma anu mantuan loba jalma ngalampahkeun nu bener bakal cahayaan lir béntang salalanggengna.
4 ”Ari anjeun, Daniél, rasiahkeun ieu kekecapan sarta ségel ieu buku nepi ka ahir jaman. Aya loba nu bakal nalungtik ieu buku, sarta pangaweruh* nu bener bakal ngalobaan.”
5 Geus kitu abdi, Daniél, ningali dua jalma séjénna nangtung di sisi walungan, hiji di beulah dieu hiji deui di peuntaseunana. 6 Salah sahijina nanya kieu ka jalma nu maké baju linén nu nangtung luhureun cai walungan, ”Iraha anggeusna éta kajadian-kajadian nu matak tajub téh?” 7 Tuluy, abdi ngadéngé sora ti jalma nu maké baju linén, nu keur nangtung luhureun cai walungan. Manéhna nadahkeun leungeun ka langit sarta sumpah demi Allah nu hirup salalanggengna. Ceuk manéhna, ”Éta bakal kajadian salila waktu nu geus ditetepkeun, nyaéta hiji mangsa, dua mangsa, jeung satengah mangsa.* Sanggeus kakuatan jalma-jalma suci diancurkeun, éta kabéh gé bakal anggeus.”
8 Kabéh nu diomongkeun téh kadéngé ku abdi, tapi teu kaharti. Jadi ceuk abdi téh, ”Juragan, ari ahirna téh kumaha?”
9 Dijawab, ”Sok geura angkat Daniél, sabab ieu kekecapan téh kudu dirasiahkeun sarta diségel nepi ka ahir jaman. 10 Loba nu bakal nyucikeun diri jeung mersihan diri, maranéhna bakal dimurnikeun. Jalma-jalma jahat bakal terus ngalampahkeun nu jahat, maranéhna moal ngarti. Tapi, jalma-jalma nu boga pangarti mah bakal ngarti.
11 ”Ti semet jalma-jalma eureun méré pangbakti anu dibaktikeun unggal poé, sarta ti semet hal-hal pikaijideun anu mawa kabinasaan diadegkeun, bakal aya 1.290 poé.
12 ”Bagja jalma anu terus ngadagoan* nepi ka 1.335 poé éta réngsé!
13 ”Tapi anjeun, Daniél, sing satia nepi ka ahir. Anjeun bakal istirahat, tapi engké anjeun bakal hudang deui tuluy narima bagian* anjeun dina waktuna.”