Daniél
6 Raja Darius mutuskeun pikeun ngangkat 120 pangawasa wilayah di sakuliah karajaan. 2 Raja gé ngangkat tilu pajabat luhur pikeun ngawaskeun pagawéan para pangawasa wilayah, ku kituna raja moal rugi. Salah sahiji pajabat luhurna téh Daniél. 3 Daniél leuwih unggul tibatan para pajabat luhur jeung para pangawasa wilayah éta sabab kasanggupanana luar biasa. Jadi, Raja hayang méré wewenang ka Daniél pikeun ngawasa sakuliah karajaan.
4 Harita, para pajabat luhur jeung pangawasa wilayah téh terus néangan alesan pikeun nuduh Daniél dina hal ngurus urusan karajaan. Tapi maranéhna teu manggih alesan atawa kasalahan naon-naon. Daniél téh jujur, bisa dipercaya, jeung teu pernah ngalalaworakeun pagawéan. 5 Ceuk maranéhna, ”Urang moal bisa manggih alesan jang nuduh Daniél, salian tina hal-hal nu aya patalina jeung ibadah ka Allahna.”
6 Jadi, para pajabat luhur jeung pangawasa wilayah babarengan ngadep ka Raja. Maranéhna ngomong kieu, ”Raja Darius, mugia Raja hirup salamina. 7 Para pajabat karajaan, pangawasa wilayah sareng wakilna, mentri, sareng gubernur tos satuju pikeun ngadamel aturan sareng larangan ieu: Salami 30 dinten, saha waé anu neneda ka jalmi atawa ka déwa mana waé salian ka Raja kedah digebruskeun ka guha* singa. 8 Nun Raja, mugia ieu aturan dikukuhkeun sareng ditanda tangan ku Raja, supaya teu tiasa dirobah, sabab hukum urang Média sareng Pérsia teu tiasa dibatalkeun.”
9 Jadi, éta aturan jeung larangan téh ditanda tangan ku Raja Darius.
10 Barang Daniél ngadéngé éta aturan geus ditanda tangan, manéhna balik ka imahna tuluy asup ka kamar di loténg anu jandéla-jandélana muka, nyanghareup ka Yérusalém. Sakumaha biasana saacan aya éta larangan, Daniél sideku, ngadoa, jeung muji Allahna sapoé tilu kali. 11 Torojol para pajabat jeung pangawasa asup sarta ningali Daniél keur ngadoa ka Allahna ménta dipikawelas.
12 Jadi, para pajabat éta ngadep ka Raja tuluy ngingetan Raja ngeunaan éta larangan, ceuk maranéhna, ”Nun Raja, aya aturan yén salami 30 dinten, saha waé anu neneda ka jalmi atanapi ka déwa mana waé salian ka Raja kedah digebruskeun ka guha singa. Éta aturan téh sanés tos ditanda tangan ku Raja?” Raja ngajawab, ”Éta larangan geus dikukuhkeun, sarta nurutkeun hukum urang Média jeung Pérsia, éta teu bisa dibatalkeun.” 13 Maranéhna langsung ngomong kieu ka Raja, ”Daniél, tawanan ti Yéhuda téa, teu ngahargaan Raja sareng teu nurut kana larangan nu tos ditanda tangan ku Raja. Manéhna angger ngadoa sapoé tilu kali.” 14 Barang ngadéngé kitu, Raja guligah jeung kacida sedihna. Manéhna néangan jalan pikeun nyalametkeun Daniél. Nepi ka panonpoé surup, manéhna satékah polah néangan jalan pikeun nulungan Daniél. 15 Tungtungna, para pajabat luhur jeung pangawasa wilayah babarengan ngadep ka Raja, ceuk maranéhna, ”Nun Raja, sing émut yén nurutkeun hukum urang Média sareng Pérsia, larangan atawa aturan nu tos dikukuhkeun ku Raja teu tiasa dirobah.”
16 Jadi, Raja maréntahkeun sangkan Daniél dibawa tuluy digebruskeun ka guha singa. Geus kitu, Raja ngomong ka Daniél, ”Allah anu terus dilalayanan ku anjeun bakal nyalametkeun anjeun.” 17 Seug lawang guhana ditutupan ku batu tuluy diségel ku cingcin cap raja jeung cingcin cap para bangsawan. Ku kituna, moal aya nu bisa ngarobah putusan ngeunaan Daniél.
18 Ti dinya Raja balik ka istana. Peutingna manéhna puasa jeung teu daék ngadéngékeun tatabeuhan.* Manéhna teu bisa saré. 19 Tungtungna, isuk-isuk pisan, Raja buru-buru indit ka guha singa. 20 Waktu geus deukeut ka éta guha, Raja ngageroan Daniél bari sedih. Raja nanya ka Daniél, ”Daniél, hamba Allah nu hirup, Allah nu terus dilalayanan ku anjeun téh bisa nyalametkeun anjeun ti singa-singa teu?” 21 Daniél langsung ngajawab Raja, ”Nun Raja, mugia Raja hirup salamina. 22 Allah abdi ngutus malaikat-Na pikeun nutup sungut singa-singa. Ku kituna, abdi henteu dikukumaha, sabab abdi teu gaduh salah ka Allah. Abdi gé teu gaduh salah nanaon ka Raja.”
23 Raja kacida bungahna. Manéhna maréntahkeun sangkan Daniél diangkat ti guha, seug Daniél diangkat. Manéhna teu bocél saeutik-eutik acan lantaran percaya ka Allahna.
24 Geus kitu, Raja méré paréntah sangkan jalma-jalma nu nuduh* Daniél dibawa tuluy digebruskeun ka guha singa bareng jeung anak-anak sarta pamajikanana. Can gé nepi ka dasar guha, maranéhna geus digabrugan ku singa-singa, tulang-tulangna raremuk.
25 Ti dinya Raja Darius nulis surat keur jalma-jalma ti sagala bangsa jeung basa di sakuliah bumi, ”Salam rahayu! 26 Kuring méré paréntah ka sakabéh jalma nu aya di wilayah karajaan kuring sangkan sieun ka Allahna Daniél. Sabab Anjeunna téh Allah nu hirup sarta aya pikeun salalanggengna. Karajaan Anjeunna moal pernah diancurkeun sarta kakawasaana-Na abadi. 27 Anjeunna nulungan, nyalametkeun, sarta némbongkeun mujijat jeung kaajaiban di langit jeung di bumi. Anjeunna tos nyalametkeun Daniél tina cakar singa.”
28 Ku kituna, Daniél terus lulus mulus sapanjang pamaréntahan Darius jeung pamaréntahan Korés urang Pérsia.