Daniél
8 Dina taun katilu pamaréntahan Raja Bélsyazar, abdi, Daniél, meunang titingalian séjén. 2 Harita abdi aya di Bénténg* Syusyan* di Propinsi Élam. Abdi meunang titingalian di sisi Walungan* Ulai. 3 Abdi nempo hiji domba jalu keur nangtung hareupeun éta walungan. Tandukna dua paranjang, tapi nu hiji mah leuwih panjang tibatan nu hiji deui, munculna téh pandeuri. 4 Éta domba tutubruk ka kulon, ka kalér, jeung ka kidul. Euweuh sato liar nu bisa nandingan, sarta euweuh nu bisa nyalametkeun sato-sato éta tina kawasana. Éta domba petana sakarep-karep jeung sombong.
5 Tuluy abdi ningali aya embé jalu datang ti kulon.* Éta embé ngideran sakuliah bumi, lumpatna mani tarik pisan nepi ka sukuna henteu napak kana taneuh. Di antara panonna, aya tanduk nu gedé. 6 Bari ambek, éta embé nyuruwuk ka domba nu tandukna dua, nu keur nangtung hareupeun walungan.
7 Embéna beuki deukeut ka éta domba. Éta embé kacida ambekna tuluy neunggar éta domba nepi ka dua tandukna potong. Domba téh teu kuat ngalawan éta embé. Éta domba dibanting tuluy ditincakan. Euweuh nu bisa nyalametkeun éta domba tina kawasana.
8 Ti dinya, éta embé jalu téh jadi ngajago. Tapi dina keur bebedasna, tandukna nu gedé téh potong, tuluy bijil opat tanduk gedé gaganti éta tanduk. Opat tandukna nyanghareup ka opat juru bumi.
9 Tina salah sahiji tanduk éta, bijil deui hiji tanduk leutik. Éta tanduk jadi kacida gedéna, ngagedéan ka arah kidul, ka arah wétan,* jeung ka arah Nagri nu Éndah. 10 Éta tanduk jadi kacida gedéna nepi ka jujul ka pasukan langit. Ku kituna, sababaraha pasukan langit jeung béntang-béntang ragragan ka bumi tuluy ditincakan ku éta tanduk. 11 Tanduk téh ngajago ka Pamingpin éta pasukan. Pangbakti anu dibaktikeun unggal poé ka éta Pamingpin téh direbut, tempat suci nu geus diadegkeun ku Anjeunna gé diruntuhkeun. 12 Éta pasukan jeung pangbakti nu dibaktikeun unggal poé téh diserahkeun ka éta tanduk ku sabab palanggaran. Éta tanduk terus ngabalangkeun bebeneran ka bumi. Lalampahanana sakarep-karep, nu dilampahkeunana téh laksana.
13 Geus kitu, abdi ngadéngé aya hiji malaikat ngomong. Tuluy ditémbalan ku malaikat séjén, ”Hal-hal dina titingalian ngeunaan pangbakti nu dibaktikeun unggal poé, palanggaran nu nyababkeun karuksakan, jeung tempat suci sarta pasukan nu ditincakan téh kajadianana rék sabaraha lila?” 14 Éta malaikat ngomong ka abdi, ”Nepi ka 2.300 peuting jeung isuk. Éta tempat suci pasti dipulihkeun deui sakumaha saacanna.”
15 Waktu abdi, Daniél, keur nempo éta titingalian jeung hayang nyaho hartina, ujug-ujug aya nu kawas manusa nangtung hareupeun abdi. 16 Geus kitu, ti tengah-tengah Walungan Ulai aya sora nu ngagero kieu, ”Jibril, terangkeun ka éta jalma harti titingalianana.” 17 Jadi, Jibril ngadeukeutan ka tempat abdi nangtung. Tapi waktu manéhna ngadeukeutan, abdi sieun pisan nepi ka sujud. Ceuk manéhna, ”Anak manusa, sing paham, éta titingalian téh kajadianana engké dina ahir jaman.” 18 Tapi waktu manéhna ngomong kénéh, abdi kapiuhan* bari nangkuban. Jadi manéhna nyepengan abdi, seug mantuan abdi nangtung. 19 Tuluy manéhna ngomong kieu, ”Kuring rék ngajelaskeun naon nu bakal kajadian dina panungtungan amarah Allah, lantaran éta bakal kajadian dina waktu nu geus ditetepkeun, nyaéta dina ahir jaman.
20 ”Domba jalu nu tandukna dua nu ditingali ku manéh téh ngamaksudkeun raja-raja Média jeung Pérsia. 21 Embé jalu nu buluna kandel ngamaksudkeun raja Yunani. Tandukna nu gedé di antara panonna ngamaksudkeun rajana nu kahiji. 22 Éta tanduk potong, tuluy muncul opat tanduk gagantina. Opat tanduk téh ngamaksudkeun opat karajaan nu bakal muncul ti bangsana, tapi kakuatanana sahandapeun raja nu kahiji.
23 ”Dina panungtungan pamaréntahan maranéhna, waktu kasalahan jalma-jalma dosa geus liwat ti wates, bakal muncul hiji raja nu beungeutna bengis. Éta raja pinuh ku tipu daya.* 24 Kakawasaanana beuki gedé, tapi lain ku sabab kakuatanana sorangan. Manéhna bakal ngancurkeun sagala rupa, sarta sagala nu dilampahkeunana bakal laksana. Manéhna bakal numpes jalma-jalma perkasa jeung jalma-jalma suci. 25 Ku kalicikanana, manéhna bakal nipu loba jalma supaya kahayangna laksana. Di jero haté, manéhna bakal ngagulkeun diri sorangan. Waktu kaayaanana tengtrem,* manéhna bakal ngabinasakeun loba jalma. Malah, manéhna bakal wani nangtang ka Pamingpin sagala pamingpin. Manéhna bakal diancurkeun, tapi lain ku kakuatan manusa.
26 ”Nu diucapkeun dina titingalian ngeunaan peuting jeung isuk téh bener. Tapi titingalian ieu téh ku manéh kudu dirasiahkeun, lantaran pijadieunana lila kénéh.”
27 Abdi, Daniél, ngarasa leuleus pisan nepi ka gering sababaraha poé. Geus kitu, abdi cageur jeung ngalalayanan raja. Tapi abdi masih kénéh bingung ku éta titingalian, euweuh nu ngarti kana éta titingalian.