Hoséa
14 ”Hé Israél, geura baralik deui ka Yéhuwa Allah maranéh.
Maranéh geus tisolédat ku kasalahan sorangan.
2 Geura baralik ka Yéhuwa sarta ucapkeun kieu,
’Mugia Gusti ngahapunten sagala kasalahan abdi sadaya sarta nampi kasaéan abdi sadaya.
Abdi sadaya badé nyanggakeun pamuji ka Gusti. Mugia pamujina kawas sapi jalu ngora nu dikurbankeun.
3 Asiria moal tiasa nyalametkeun abdi sadaya.
Abdi sadaya moal tumpak kuda.
Jijieunan leungeun abdi sadaya tos moal dianggap deui allah,
Sabab Gusti nu mikawelas budak yatim.’
4 Kuring bakal nyageurkeun maranéhna, sarta maranéhna bakal satia deui ka Kuring.
Kuring bakal mikanyaah maranéhna saiklas-iklasna,*
Sabab Kuring geus teu ambek deui ka maranéhna.
5 Kuring ka Israél bakal jadi saperti ciibun.
Manéhna bakal mekar cara kembang bakung.
Manéhna bakal kawas tatangkalan di Lébanon nu akarna jero.
6 Ranting-rantingna bakal nyaliara,
Kaéndahanana bakal kawas tangkal zaitun,
Ari seungitna bakal kawas tangkal-tangkal di Lébanon.
7 Maranéhna bakal ditangtayungan deui dina kalangkang* Kuring.
Maranéhna bakal melak sisikian sarta bakal kembangan kawas tangkal anggur.
Kuring bakal kasohor saperti cianggur ti Lébanon.
8 Éfraim bakal ngomong, ’Naon gunana ieu berhala-berhala téh?’
Kuring bakal ngadéngékeun jeung ngajaga manéhna.
Kuring bakal jadi kawas tangkal juniper nu gomplok,
Nya Kuring nu bakal méré bubuahan ka manéh.”
9 Muga-muga nu bijaksana ngarti kana sakabéh hal ieu.
Muga-muga nu pinter paham kana sakabéh hal ieu.
Jalan-jalan Yéhuwa téh bener.
Jalma nu bener bakal leumpang di éta jalan,
Sabalikna nu dosa mah bakal labuh di éta jalan.