Imamat
27 Yéhuwa neruskeun deui omongana-Na ka Musa, 2 ”Béjakeun kieu ka urang Israél, ’Lamun aya nu nyieun ikrar husus rék ngabaktikeun duit ka Yéhuwa, nu nilaina sabanding jeung hiji jalma, ieu nilaina: 3 Lalaki nu umurna 20 nepi ka 60 taun nilaina 50 syékel* pérak nurutkeun patokan beurat di tempat suci. 4 Tapi ari awéwé mah nilaina 30 syékel. 5 Lamun umurna 5 nepi ka 20 taun, lalaki nilaina 20 syékel, ari awéwé nilaina 10 syékel. 6 Lamun umurna sabulan nepi ka lima taun, lalaki nilaina lima syékel pérak, ari awéwé nilaina tilu syékel pérak.
7 ”’Lamun umurna 60 taun atawa leuwih, lalaki nilaina 15 syékel, ari awéwé nilaina 10 syékel. 8 Tapi lamun jalma nu ikrar téh miskin jeung teu sanggup mayar nilai nu geus ditangtukeun, jalma nu rék dibaktikeun kudu dibawa ka imam. Imam bakal nangtukeun nilai manéhna. Nilaina téh luyu jeung kamampuh jalma nu ikrar éta.
9 ”’Lamun aya jalma nu ikrar rék ngabaktikeun sato ka Yéhuwa, sato naon waé nu dibaktikeun ka Yéhuwa bakal dianggap suci. 10 Éta sato teu meunang diganti atawa dihilian ku nu leuwih alus atawa ku nu leuwih goréng. Tapi upama nepi ka dihilian, dua sato éta kudu dianggap suci. 11 Lamun nu rék dibaktikeun téh sato nu haram, nyaéta nu teu meunang dikurbankeun ka Yéhuwa, satona kudu dibawa ka imam. 12 Imam bakal nangtukeun sabaraha nilaina, nurutkeun alus henteuna éta sato. Nilai nu geus ditetepkeun ku imam bakal jadi nilai éta sato. 13 Tapi lamun éta jalma hayang nebus satona, manéhna kudu mayar nilai nu geus ditangtukeun, ditambah saperlimana.
14 ”’Lamun hiji jalma ngabaktikeun imahna pikeun jadi pangbakti nu suci keur Yéhuwa, imam kudu nangtukeun sabaraha nilaina, nurutkeun alus henteuna éta imah. Nilai nu ditangtukeun ku imam bakal jadi nilai éta imah. 15 Tapi lamun éta jalma rék nebus imahna, manéhna kudu mayar nilai nu geus ditangtukeun, ditambah saperlimana. Tuluy éta imah bakal jadi milikna.
16 ”’Lamun hiji jalma rék ngabaktikeun sabagian lahan milikna ka Yéhuwa, nilai éta lahan kudu ditangtukeun tina sabaraha loba binih nu bisa dipelak. Binih barli 220 liter* nilaina 50 syékel pérak. 17 Lamun lahanna dibaktikeun dina taun Yobél, nilai nu geus ditangtukeun téh tetep sakitu. 18 Lamun éta lahan dibaktikeun sanggeus taun Yobél, nilaina kudu dikurangan. Imam kudu nangtukeun nilai éta lahan, nurutkeun sésa taun nepi ka taun Yobél nu bakal datang. 19 Tapi lamun éta jalma hayang nebus lahanna, manéhna kudu mayar nilai nu geus ditangtukeun, ditambah saperlimana. Ku kituna, éta lahan jadi milikna deui. 20 Lamun éta lahan teu ditebus, malah dijual ka batur, éta lahan teu meunang ditebus deui. 21 Dina taun Yobél, éta lahan bakal dibaktikeun ka Yéhuwa sarta dianggap suci. Éta bakal jadi milik imam.
22 ”’Lamun hiji jalma meuli lahan, tapi éta téh lain lahan warisan, tuluy éta dibaktikeun ka Yéhuwa, 23 imam bakal ngitung sabaraha nilai éta lahan nepi ka taun Yobél nu bakal datang. Imam kudu nangtukeun nilaina dina poé éta kénéh. Duit pamayarna téh suci keur Yéhuwa. 24 Dina taun Yobél, éta lahan bakal balik deui ka nu ngajualna, ka jalma nu boga lahanna.
25 ”’Nilai nu ditangtukeun kudu nurutkeun patokan beurat di tempat suci. Sasyékel téh kira-kira 12 gram.*
26 ”’Tapi anak cikal sato mah teu meunang dibaktikeun, da ti saprak dijurukeun, anak cikal téh milik Yéhuwa. Boh anak sapi boh anak domba, éta téh milik Yéhuwa. 27 Lamun satona téh sato nu haram tuluy rék ditebus, éta jalma kudu mayar nilai nu geus ditangtukeun, ditambah saperlimana. Tapi lamun teu ditebus, éta sato bakal dijual nurutkeun nilai nu geus ditangtukeun.
28 ”’Naon waé nu rék dibaktikeun ka Yéhuwa teu maké sarat, boh jelema boh sato boh lahan, teu meunang dijual atawa ditebus. Kabéh nu geus dibaktikeun téh kacida sucina keur Yéhuwa. 29 Jalma nu geus ditangtukeun pikeun dipaéhan, teu meunang ditebus. Manéhna kudu dipaéhan.
30 ”’Sapersapuluh tina hasil panén, boh hasil lahan boh buah tina tatangkalan, éta téh milik Yéhuwa. Éta téh suci keur Yéhuwa. 31 Lamun hiji jalma rék nebus sapersapuluh bagian éta, manéhna kudu mayar harga aslina, ditambah saperlimana. 32 Sapersapuluh tina sapi, domba, jeung embé maranéh kudu dibaktikeun ka Yéhuwa. Sato kasapuluh nu ngaliwat di handapeun iteuk pangangon kudu jadi milik Allah. Éta sato téh suci. 33 Ku pangangon teu meunang dipariksa alus henteuna, dihilian gé ulah. Tapi upama nepi ka dihilian, dua sato éta kudu dianggap suci, teu meunang ditebus.’”
34 Éta téh paréntah-paréntah nu dibikeun ku Yéhuwa ka urang Israél ku jalan Musa di Gunung Sinai.