Imamat
6 Yéhuwa ngomong deui ka Musa, 2 ”Lamun aya nu nyieun dosa jeung teu satia ka Yéhuwa ku cara nipu batur nu geus nginjeumkeun atawa mihapékeun barangna, ku cara maling atawa ngarampas barang batur, 3 ku cara nyimpen barang meunang manggih tapi ngakuna mah teu manggihan éta barang, tuluy ngucapkeun sumpah palsu yén manéhna henteu ngalampahkeun hal-hal éta, ieu nu kudu dilampahkeun ku manéhna: 4 Jalma nu salah jeung boga dosa saperti kitu kudu mulangkeun barang meunang maling, barang meunang ngarampas, barang nu diinjeumkeun ka manéhna, barang meunang manggih, 5 atawa barang naon waé hasil sumpah palsu. Manéhna gé kudu mayar ganti rugi. Mayarna kudu ditambahan saperlima tina harga barangna. Éta kudu dibikeun ka nu boga barangna dina poé manéhna kabukti salah. 6 Manéhna gé kudu mawa hiji domba jalu nu séhat ka imam, nu hargana geus ditangtukeun. Éta téh kurban kasalahan keur Yéhuwa. 7 Imam bakal mangméntakeun pangampura keur éta jalma di hareupeun Yéhuwa. Ku kituna, kasalahan naon waé nu dilampahkeun ku éta jalma bakal dihampura.”
8 Yéhuwa neruskeun deui omongana-Na, 9 ”Paréntahkeun kieu ka Harun jeung anak-anak lalakina, ’Ieu hukum ngeunaan kurban beuleuman: Ti peuting nepi ka isuk, kurban beuleuman kudu terus aya di luhureun seuneu dina mézbah. Seuneuna teu meunang pareum. 10 Imam kudu maké baju husus tina linén sarta calana pondok* tina linén. Tuluy, manéhna kudu ngangkat lebu* kurban beuleuman nu geus béak kaduruk dina mézbah sarta neundeun éta di gigireun mézbah. 11 Geus kitu manéhna kudu ganti baju, tuluy mawa lebu nu tadi ka tempat nu geus ditangtukeun* di luareun pakémahan. 12 Seuneu dina mézbah kudu terus hurung, teu meunang pareum. Saban isuk, ku imam kudu disuluhan. Teundeun kurban beuleuman di luhureunana. Di luhureunana deui, beuleum gajih tina kurban karukunan supaya haseupna ngebul. 13 Seuneuna kudu dijaga supaya tetep hurung, teu meunang pareum.
14 ”’Ieu hukum ngeunaan kurban kadaharan: Anak-anak lalakina Harun kudu mawa éta kurban ka mézbah, di hareupeun Yéhuwa. 15 Salah saurang ti maranéhna bakal nyokot tipung lemes sakeupeul bareng jeung minyakna sarta sakabéh menyan nu aya di luhureunana. Beuleum éta kabéh dina mézbah pikeun ngawakilan sakabéh kurban. Seungit éta kurban téh nyukakeun Yéhuwa. 16 Sésa tipungna kudu didahar ku Harun jeung anak-anak lalakina. Éta kudu dijieun jadi roti nu teu diragian. Didaharna kudu di hiji tempat nu suci, nyaéta di buruan kémah tepangan. 17 Rotina teu meunang dicampur ku naon waé nu maké ragi. Éta téh bagian tina kurban nu dibeuleum nu geus dibikeun ku Kuring ka maranéhna. Éta kacida sucina, kawas kurban pangampura dosa sarta kurban kasalahan. 18 Kabéh turunan Harun nu lalaki kudu ngadahar éta. Éta téh jatah maranéhna keur saterusna tina kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa. Naon waé nu antel kana éta kurban bakal jadi suci.’”
19 Yéhuwa ngomong deui ka Musa, 20 ”Dina poéan Harun dilantik jadi imam agung, manéhna jeung anak-anak lalakina kudu ngabaktikeun kurban kadaharan nu rutin ka Yéhuwa, nyaéta tipung lemes kira-kira 2 liter.* Satengahna dibaktikeun isuk-isuk, satengahna deui pasosoré. 21 Éta kudu dicampur ku minyak tuluy dipanggang dina katel cépér. Sanggeus dipanggang jeung disemplékan, kucuran deui ku minyak. Baktikeun éta jadi kurban kadaharan nu seungitna nyukakeun Yéhuwa. 22 Unggal turunan Harun nu dilantik jadi imam agung ngaganti manéhna kudu ngabaktikeun éta. Ieu aturan keur sapapanjangna: Éta kurban kudu dibeuleum kabéhanana keur Yéhuwa supaya haseupna ngebul. 23 Kabéh kurban kadaharan ti imam kudu béak dibeuleum, teu meunang didahar.”
24 Yéhuwa ngomong deui ka Musa, 25 ”Béjaan Harun jeung anak-anak lalakina, ’Ieu hukum ngeunaan kurban pangampura dosa: Peuncit sato keur kurban pangampura dosa di hareupeun Yéhuwa, di tempat maranéh meuncit sato keur kurban beuleuman. Éta téh kacida sucina. 26 Imam nu ngabaktikeunana kudu ngadahar éta sato. Didaharna kudu di hiji tempat nu suci, nyaéta di buruan kémah tepangan.
27 ”’Naon waé nu antel kana daging éta sato bakal jadi suci. Baju nu kapécrétan ku éta getih kudu diseuseuh di hiji tempat nu suci. 28 Pariuk urut ngagodog dagingna kudu dipeupeuskeun. Tapi lamun dagingna digodog dina panci tambaga, pancina kudu digosok jeung dikumbah ku cai.
29 ”’Unggal lalaki nu jadi imam kudu ngadahar éta daging. Éta téh kacida sucina. 30 Tapi lamun getih tina kurban pangampura dosa dibawa sawaréh ka kémah tepangan, nyaéta tempat nu suci, sarta dipaké keur ménta pangampura ti Allah, daging éta kurban teu meunang didahar. Éta kudu dibeuleum.