Hagai
1 Dina taun kadua pamaréntahan Raja Darius, nyaéta dina poé kahiji bulan kagenep, Yéhuwa nepikeun firman-Na ku perantaraan nabi Hagai* ka gubernur Yéhuda, nyaéta Zérubabél anak Syéaltiél, jeung ka Imam Agung Yosua anak Yéhozadak. Kieu eusina:
2 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Jalma-jalma ieu ngaromong, ”Ayeuna mah can waktuna ngabangun* imah* Yéhuwa.”’”
3 Terus, Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ku perantaraan Nabi Hagai. Ceuk Anjeunna, 4 ”Jadi, ayeuna téh waktuna jang maranéh cicing di imah nu dilapis ku kai alus padahal imah Kuring ancur kénéh? 5 Tah ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Sok pikirkeun hirup maranéh. 6 Ari melak loba, ari nu kaala saeutik. Enya gé dahar, tapi teu nepi ka seubeuh. Enya gé nginum, tapi teu nepi ka cukup. Maraké baju, tapi teu matak haneut kana awak. Nu jadi kuli mareunang gajih, tapi diteundeunna dina kantong nu barolong.’”
7 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Pikirkeun kumaha hirup maranéh.’
8 ”’Jung geura naék ka gunung, bawaan kaina. Bangun imah Kuring sangkan Kuring senang jeung dimulyakeun,’ ceuk Yéhuwa.”
9 ”Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ngomong kieu, ’Maranéh ngarep-ngarep loba hasil panén, tapi geuning hasilna teu pira. Barang éta diakut ka imah, ku Kuring ditiup nepi ka leungit. Cik, naon sababna? Lantaran maranéh jongjon wéh ngurus imah masing-masing, ari imah Kuring diantep ancur kénéh. 10 Éta sababna langit teu nurunkeun ciibun, bumi gé teu méré hasil naon-naon. 11 Éta sababna lahan jeung gunung maranéh ku Kuring disina garing, nepi ka maranéh kakurangan sisikian, cianggur nu anyar, minyak, jeung sagala pepelakan. Maranéh jeung ingon-ingon gé bakal sangsara. Sagala capé gawé maranéh bakal cumah.’”
12 Zérubabél anak Syéaltiél, Imam Agung Yosua anak Yéhozadak, jeung sakabéh rahayat nurut kana kekecapan Yéhuwa Allah maranéhna jeung kana kekecapan Nabi Hagai, utusan Yéhuwa Allah maranéhna. Jalma-jalma jadi hormat* ka Yéhuwa.
13 Geus kitu, luyu jeung paréntah Yéhuwa, Hagai utusan Yéhuwa nepikeun pesen ieu ka jalma-jalma, ”Ceuk Yéhuwa, ’Kuring nyarengan maranéh.’”
14 Yéhuwa ngageuing haté Zérubabél anak Syéaltiél, gubernur Yéhuda éta, Imam Agung Yosua anak Yéhozadak, jeung sakabéh rahayat. Maranéhna daratang, prak ngabangun deui imah Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, Allah maranéhna. 15 Ieu téh kajadian dina taun kadua pamaréntahan Raja Darius, nyaéta dina poé ka-24 bulan ka-6.