PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 3
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Anak-anak lalakina Harun (1-4)

      • Urang Léwi dipilih pikeun ngalalayanan (5-39)

      • Gaganti anak cikal (40-51)

Bilangan 3:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 19:2

Bilangan 3:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 10:1; 1Bab 24:2
  • +Bud 6:25; Pam 10:6
  • +Bud 6:23; 38:21; 1Bab 6:3

Bilangan 3:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 28:1; Ima 8:2, 3

Bilangan 3:4

Catetan Handap

  • *

    As. ”seuneu”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 10:1, 2
  • +Bil 3:32; 20:26
  • +Bil 4:28; 7:8

Bilangan 3:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 8:6; 18:2
  • +Bil 1:50; 8:11

Bilangan 3:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 4:12
  • +Bil 1:51

Bilangan 3:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 8:15, 16; 18:6

Bilangan 3:10

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, nu lain ti kulawarga Harun.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 40:15; Bil 18:7
  • +Bil 16:39, 40; 1Sam 6:19; 2Bab 26:16, 18

Bilangan 3:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 3:41, 45

Bilangan 3:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 13:2; 34:19; Bil 18:15; Luk 2:23
  • +Bud 13:15
  • +Ima 27:26

Bilangan 3:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 19:1

Bilangan 3:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 3:39

Bilangan 3:17

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 6:16; Bil 26:57; 1Bab 23:6

Bilangan 3:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 6:17

Bilangan 3:19

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 6:18

Bilangan 3:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 6:29
  • +Bud 6:19

Bilangan 3:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 6:20

Bilangan 3:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 4:38-40

Bilangan 3:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 1:53

Bilangan 3:25

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 4:24-26
  • +Bud 26:7
  • +Bud 26:14
  • +Bud 26:36

Bilangan 3:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 27:9
  • +Bud 27:16

Bilangan 3:27

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 3:19

Bilangan 3:28

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 4:34-36

Bilangan 3:29

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 1:53

Bilangan 3:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 6:22; 1Bab 6:18

Bilangan 3:31

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 25:10
  • +Bud 25:23
  • +Bud 25:31
  • +Bud 27:1, 2; 30:1-3
  • +Bud 38:3
  • +Bud 26:31
  • +Bil 4:15

Bilangan 3:32

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 4:16; 20:28

Bilangan 3:33

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 3:20; 26:58

Bilangan 3:34

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 4:42-44

Bilangan 3:35

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 1:53

Bilangan 3:36

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 36:20
  • +Bud 36:31
  • +Bud 26:32, 37; 36:37, 38
  • +Bud 27:19
  • +Bil 4:31, 32

Bilangan 3:37

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 27:10, 11

Bilangan 3:38

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, nu lain ti kulawarga Harun.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 3:10

Bilangan 3:40

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 3:15

Bilangan 3:41

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 3:12
  • +Bud 13:2; Bil 18:15

Bilangan 3:46

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 3:39, 43
  • +Bil 18:15

Bilangan 3:47

Catetan Handap

  • *

    1 syékel = 11,4 g. Tingali Lamp. B14.

  • *

    As. ”Sasyékel téh 20 géra”. Tingali Lamp. B14.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 18:15, 16
  • +Ima 27:25

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Bil. 3:1Bud 19:2
Bil. 3:2Ima 10:1; 1Bab 24:2
Bil. 3:2Bud 6:25; Pam 10:6
Bil. 3:2Bud 6:23; 38:21; 1Bab 6:3
Bil. 3:3Bud 28:1; Ima 8:2, 3
Bil. 3:4Ima 10:1, 2
Bil. 3:4Bil 3:32; 20:26
Bil. 3:4Bil 4:28; 7:8
Bil. 3:6Bil 8:6; 18:2
Bil. 3:6Bil 1:50; 8:11
Bil. 3:8Bil 4:12
Bil. 3:8Bil 1:51
Bil. 3:9Bil 8:15, 16; 18:6
Bil. 3:10Bud 40:15; Bil 18:7
Bil. 3:10Bil 16:39, 40; 1Sam 6:19; 2Bab 26:16, 18
Bil. 3:12Bil 3:41, 45
Bil. 3:13Bud 13:2; 34:19; Bil 18:15; Luk 2:23
Bil. 3:13Bud 13:15
Bil. 3:13Ima 27:26
Bil. 3:14Bud 19:1
Bil. 3:15Bil 3:39
Bil. 3:17Bud 6:16; Bil 26:57; 1Bab 23:6
Bil. 3:18Bud 6:17
Bil. 3:19Bud 6:18
Bil. 3:201Bab 6:29
Bil. 3:20Bud 6:19
Bil. 3:211Bab 6:20
Bil. 3:22Bil 4:38-40
Bil. 3:23Bil 1:53
Bil. 3:25Bil 4:24-26
Bil. 3:25Bud 26:7
Bil. 3:25Bud 26:14
Bil. 3:25Bud 26:36
Bil. 3:26Bud 27:9
Bil. 3:26Bud 27:16
Bil. 3:27Bil 3:19
Bil. 3:28Bil 4:34-36
Bil. 3:29Bil 1:53
Bil. 3:30Bud 6:22; 1Bab 6:18
Bil. 3:31Bud 25:10
Bil. 3:31Bud 25:23
Bil. 3:31Bud 25:31
Bil. 3:31Bud 27:1, 2; 30:1-3
Bil. 3:31Bud 38:3
Bil. 3:31Bud 26:31
Bil. 3:31Bil 4:15
Bil. 3:32Bil 4:16; 20:28
Bil. 3:33Bil 3:20; 26:58
Bil. 3:34Bil 4:42-44
Bil. 3:35Bil 1:53
Bil. 3:36Bud 36:20
Bil. 3:36Bud 36:31
Bil. 3:36Bud 26:32, 37; 36:37, 38
Bil. 3:36Bud 27:19
Bil. 3:36Bil 4:31, 32
Bil. 3:37Bud 27:10, 11
Bil. 3:38Bil 3:10
Bil. 3:40Bil 3:15
Bil. 3:41Bil 3:12
Bil. 3:41Bud 13:2; Bil 18:15
Bil. 3:46Bil 3:39, 43
Bil. 3:46Bil 18:15
Bil. 3:47Bil 18:15, 16
Bil. 3:47Ima 27:25
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
  • 43
  • 44
  • 45
  • 46
  • 47
  • 48
  • 49
  • 50
  • 51
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 3:1-51

Bilangan

3 Ieu turunan Harun jeung Musa waktu Yéhuwa nyarios ka Musa di Gunung Sinai.+ 2 Ieu ngaran anak-anak lalaki Harun: Nadab nu cikal, Abihu,+ Éléazar+ jeung Itamar.+ 3 Éta ngaran anak-anak lalaki Harun. Maranéhna geus dipilih jeung dilantik pikeun ngalalayanan jadi imam.+ 4 Tapi waktu di Tanah Gurun Sinai, Nadab jeung Abihu tiwas hareupeun Yéhuwa waktu nyanggakeun pangbakti* nu teu sajalan jeung hukum Yéhuwa.+ Waktu tiwas, maranéhna teu barogaeun anak lalaki. Ari Éléazar+ jeung Itamar+ mah terus ngalalayanan jadi imam bareng jeung Harun bapana.

5 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa, 6 ”Kaom Léwi sina ka hareup+ sarta nangtung hareupeun Imam Harun. Maranéhna bakal jadi palayanna.+ 7 Maranéhna kudu ngajalankeun kawajibanana ka Harun jeung ka sakumna jamaah éta hareupeun kémah tepangan ku cara ngalalayanan di tabernakel. 8 Maranéhna kudu ngurus sakabéh parabot+ kémah tepangan jeung ngajalankeun kawajibanana ka urang Israél ku cara ngalalayanan di tabernakel.+ 9 Manéh kudu masrahkeun urang Léwi ka Harun jeung ka anak-anak lalakina. Ti antara urang Israél, maranéhna téh geus ditugaskeun pikeun ngabantu Harun.+ 10 Manéh kudu ngalantik Harun jeung anak-anak lalakina pikeun ngajalankeun tugas sabagé imam.+ Saha waé nu ngadeukeutan tempat suci, padahal manéhna lain imam,* kudu dipaéhan.”+

11 Yéhuwa neruskeun deui ucapana-Na ka Musa, 12 ”Ti antara urang Israél, Kuring geus milih urang Léwi pikeun jadi gaganti sakabéh anak cikal Israél.+ Urang Léwi bakal jadi milik Kuring. 13 Ieu ku lantaran kabéh anak cikal téh milik Kuring.+ Dina poé Kuring ngabinasakeun kabéh anak cikal di Mesir,+ Kuring misahkeun sakabéh anak cikal Israél keur Kuring, boh jelema boh sato.+ Maranéhna bakal jadi milik Kuring. Kuring téh Yéhuwa.”

14 Yéhuwa nyarios deui ka Musa di Tanah Gurun Sinai,+ 15 ”Jieun daptar lalaki-lalaki turunan Léwi nurutkeun kulawarga pihak bapa jeung kaomna. Nu umurna sabulan ka luhur kudu didaptar.”+ 16 Jadi Musa ngadaptar maranéhna sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. 17 Ieu ngaran anak-anak lalakina Léwi: Gérsyon, Kohat, jeung Mérari.+

18 Anak-anak lalakina Gérsyon téh Libni jeung Syiméi.+ Ngaran maranéhna dijadikeun ngaran kulawarga-kulawarga turunan maranéhna.

19 Anak-anak lalakina Kohat téh Amram, Izhar, Hébron, jeung Uziél.+ Ngaran maranéhna dijadikeun ngaran kulawarga-kulawarga turunan maranéhna.

20 Anak-anak lalakina Mérari téh Mahli + jeung Musyi.+ Ngaran maranéhna dijadikeun ngaran kulawarga-kulawarga turunan maranéhna.

Éta kulawarga-kulawarga kaom Léwi nurutkeun kulawarga pihak bapana.

21 Ti turunan Gérsyon aya kulawarga Libni+ jeung kulawarga Syiméi. Éta kulawarga-kulawarga turunan Gérsyon. 22 Kabéh lalaki nu umurna sabulan ka luhur nu didaptar téh aya 7.500 urang.+ 23 Kulawarga-kulawarga turunan Gérsyon masang kémah tukangeun tabernakel,+ di beulah kulon. 24 Pamingpin kulawarga pihak bapa turunan Gérsyon téh Éliasaf anak Laél. 25 Kawajiban turunan Gérsyon+ di kémah tepangan téh nyaéta ngurus tabernakel+ jeung sakabéh tutupna,+ hordéng+ keur lawang asup kémah tepangan, 26 kaén+ keur di buruan, hordéng+ keur lawang asup buruan di sakuriling tabernakel jeung mézbah, tali-talina, sarta naon waé nu aya patalina jeung éta kabéh.

27 Ti turunan Kohat aya kulawarga Amram, kulawarga Izhar, kulawarga Hébron, jeung kulawarga Uziél. Éta kulawarga-kulawarga turunan Kohat.+ 28 Kabéh lalaki nu umurna sabulan ka luhur nu didaptar téh aya 8.600 urang. Maranéhna boga kawajiban pikeun ngurus tempat suci.+ 29 Kulawarga-kulawarga turunan Kohat masang kémah di beulah kidul tabernakel.+ 30 Pamingpin kulawarga pihak bapa ti kabéh kulawarga turunan Kohat téh Élizafan anak Uziél.+ 31 Maranéhna boga kawajiban pikeun ngurus peti perjangjian,+ méja,+ wadah lampu,+ mézbah,+ sakabéh parabot+ nu dipaké di tempat suci, hordéng,+ sarta naon waé nu aya patalina jeung éta kabéh.+

32 Pamingpin urang Léwi téh Éléazar+ anak Imam Harun. Éléazar jadi pangawas pikeun sakabéh jalma nu boga tugas ngurus tempat suci.

33 Ti turunan Mérari aya kulawarga Mahli jeung kulawarga Musyi. Éta kulawarga-kulawarga turunan Mérari.+ 34 Kabéh lalaki nu umurna sabulan ka luhur nu didaptar téh aya 6.200 urang.+ 35 Pamingpin kulawarga pihak bapa ti kabéh kulawarga turunan Mérari téh Zuriél anak Abihail. Maranéhna masang kémah di beulah kalér tabernakel.+ 36 Turunan Mérari boga kawajiban pikeun ngurus rangka-rangka+ tabernakel, palang-palangna,+ pilar-pilarna,+ dadamparna nu aya liangan, sakabéh parabotna,+ sarta naon waé nu aya patalina jeung éta kabéh.+ 37 Maranéhna gé kudu ngurus tihang-tihang di sakuriling buruan, dadamparna nu aya liangan,+ patok-patokna, jeung tali-talina.

38 Musa, Harun, jeung anak-anak lalaki Harun masang kémah di beulah wétan di hareupeun tabernakel, di arah panonpoé medal, di hareupeun kémah tepangan. Maranéhna boga kawajiban ngurus tempat suci pikeun mangpaat urang Israél. Saha waé nu ngadeukeutan tempat suci, padahal manéhna lain imam,* kudu dipaéhan.+

39 Kabéh lalaki ti kaom Léwi nu umurna sabulan ka luhur didaptar ku Musa jeung Harun nurutkeun kulawargana, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. Kabéhanana téh aya 22.000 urang.

40 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Jieun daptar sakabéh anak cikal lalaki urang Israél nu umurna sabulan ka luhur.+ Itung jumlah maranéhna jeung jieun daptar ngaranna. 41 Pisahkeun urang Léwi keur Kuring. Maranéhna téh gaganti sakabéh anak cikal urang Israél.+ Pisahkeun ogé ingon-ingonna urang Léwi pikeun jadi gaganti sakabéh anak cikal ingon-ingonna urang Israél. Kuring téh Yéhuwa.”+ 42 Jadi, Musa ngadaptar sakabéh anak cikal urang Israél, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka manéhna. 43 Sakabéh anak cikal lalaki nu umurna sabulan ka luhur nu ngaranna didaptar téh aya 22.273 urang.

44 Yéhuwa neruskeun deui ucapana-Na ka Musa, 45 ”Pisahkeun urang Léwi pikeun jadi gaganti sakabéh anak cikal urang Israél. Pisahkeun ogé ingon-ingon urang Léwi pikeun jadi gaganti ingon-ingon urang Israél. Urang Léwi kudu jadi milik Kuring. Kuring téh Yéhuwa. 46 Jumlah anak cikal urang Israél téh leuwih loba 273 urang tibatan jumlah urang Léwi.+ Maranéhna kudu ditebus.+ 47 Saurangna 5 syékel* pérak+ nurutkeun patokan beurat di tempat suci. Sasyékel téh kira-kira 12 gram.*+ 48 Duitna bikeun ka Harun jeung anak-anak lalakina. Éta téh harga panebus keur jumlah urang Israél nu leuwih téa.” 49 Jadi, Musa ngumpulkeun duit panebus keur jalma-jalma nu jumlahna leuwih loba tibatan urang Léwi. 50 Duit panebus keur anak cikal urang Israél nu dibikeun ka manéhna téh jumlahna 1.365 syékel, nurutkeun patokan beurat di tempat suci. 51 Geus kitu, Musa mikeun duit panebus éta ka Harun jeung anak-anak lalakina luyu jeung ucapan Yéhuwa, percis sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun