Nu Ditulis ku Lukas
2 Dina jaman éta, Kaisar Agustus ngaluarkeun paréntah sangkan diayakeun sénsus keur sakabéh penduduk.* 2 (Sénsus nu mimiti téh dilaksanakeun waktu Kuirinius jadi gubernur Siria.) 3 Kabéh jalma indit ka kota kalahiranana masing-masing supaya bisa didaptarkeun. 4 Tangtu Yusuf+ ogé indit ti kota Nazarét di Galiléa ka Yudéa, ka kota Daud, nu disebut Bétléhém,+ sabab manéhna téh turunan sarta kulawargana Daud. 5 Manéhna téh indit ngadaptar bareng jeung Maryam, nu harita geus ditikah+ sarta téréh ngalahirkeun.+ 6 Barang nepi ka Bétléhém, geus waktuna Maryam ngalahirkeun. 7 Seug baé ngalahirkeun budak lalaki,+ budakna nu cikal. Éta orok dibedong ku kaén tuluy digolérkeun dina wadah parab sato,+ sabab harita maranéhna téh teu kabagian kamar di pamondokan.
8 Di daérah dinya, aya para pangangon di tegalan, keur ngajaraga domba ti peuting. 9 Jleg baé malaikat Yéhuwa* némbongan, sakurilingeun téh jadi caang ku lantaran kamulyaan Yéhuwa.* Éta para pangangon jadi sarieuneun pisan. 10 Tapi malaikat téh ngomong kieu, ”Ulah sieun! Kuring mawa warta hadé, warta pikabungaheun keur sakabéh jalma. 11 Poé ieu di kota Daud,+ geus lahir Jurusalamet,+ nyaéta Al-Masih, Juragan aranjeun.+ 12 Kieu cirina: Aranjeun bakal nempo orok nu dibedong ku kaén jeung digolérkeun dina wadah parab sato.” 13 Bréh témbong éta malaikat dibarengan ku pasukan sorga nu kacida lobana,+ seug maruji ka Allah, 14 ”Mulyakeun Allah di sorga. Di bumi sing aya katengtreman keur jalma-jalma nu nyenangkeun Anjeunna.”
15 Sanggeus para malaikat baralik deui ka sorga, para pangangon pada ngomong kieu, ”Hayu buru urang ka Bétléhém. Urang tingali kajadian nu disebutkeun ku Yéhuwa* tadi.” 16 Bring kabéhanana buru-buru indit, tuluy panggih jeung Maryam, Yusuf, sarta orok nu digolérkeun dina wadah parab sato. 17 Barang nempo éta orok, para pangangon téh nyaritakeun naon nu dibéjakeun ku malaikat ngeunaan éta orok. 18 Kabéh nu ngadéngé carita ti para pangangon téh tarajubeun. 19 Caritaanana ku Maryam disimpen dina haténa bari dipikirkeun naon hartina.+ 20 Geus kitu, para pangangon baralik bari ngamulyakeun sarta muji Allah ku lantaran kabéh nu didéngé jeung ditempo. Kabéhanana cocog jeung naon nu geus dibéjakeun ka maranéhna.
21 Dina poé nu kadalapan, éta orok disunatan+ sarta dingaranan Isa, ngaran nu geus dibikeun ku malaikat saacan Maryam ngandung.+
22 Terus, dina waktuna ngajalankeun upacara nyucikeun diri nurutkeun Hukum Musa,+ éta orok dibawa ku kolotna ka Yérusalém, ka hareupeun Yéhuwa,* tanda yén éta orok téh milik Anjeunna, 23 sajalan jeung nu ditulis dina Hukum Yéhuwa,* ”Unggal anak cikal lalaki kudu jadi milik* Yéhuwa.”*+ 24 Geus kitu, maranéhna ngabaktikeun kurban sakumaha nu disebutkeun dina Hukum Yéhuwa,* nyaéta ”tikukur sajodo atawa dua japati ngora”.+
25 Di Yérusalém, aya hiji lalaki nu ngaranna Siméon. Manéhna téh jalma bener tur soléh, nu ngarep-ngarep kana waktuna Allah nulungan Israél.+ Manéhna téh dibingbing ku kawasa suci. 26 Manéhna dibéré nyaho ku Allah ku jalan kawasa suci yén manéhna moal waka maot nepi ka ningali Al-Masih nu diutus ku Yéhuwa.* 27 Ku bingbingan kawasa suci, manéhna datang ka bait. Harita, Isa nu leutik kénéh dibawa ku kolotna ka bait pikeun ngajalankeun kabiasaan nu ditulis dina Torét.+ 28 Budak téh diais ku Siméon, tuluy manéhna muji kieu ka Allah, 29 ”Gusti Nu Maha Agung, ayeuna mah abdi, palayan Gusti ieu, badé maot gé tos tenang,+ sabab jangji Gusti tos jadi kanyataan. 30 Abdi tos ningal kasalametan ti Gusti,+ 31 nu tos disiapkeun ku Gusti di payuneun sadaya bangsa.+ 32 Anjeunna téh caang+ nu ngaleungitkeun poék nu nutupan panon bangsa-bangsa.+ Anjeunna gé bakal ngangkat harkat Israél, umat Gusti.” 33 Ngadéngé omongan Siméon ngeunaan budakna, indung bapana héraneun. 34 Maranéhna gé diberkahan ku Siméon, tuluy Siméon ngomong kieu ka Maryam, indungna éta budak, ”Ku lantaran ieu budak, jalma-jalma di Israél bakal aya nu labuh+ bakal aya ogé nu cengkat.+ Manéhna gé bakal dihina ku jalma-jalma,+ padahal Allah tos masihan tanda yén manéhna disarengan ku Allah, 35 ku kituna pikiran jeung eusi haté jalma-jalma téh bisa kanyahoan. Ari Nyai, Nyai bakal nalangsa lir katembus ku pedang nu panjang.”+
36 Aya ogé nabiah nu geus kolot, ngaranna téh Hana anak Fanuél, ti kaom Asyér. Manéhna geus pernah kawin, tapi ngan tujuh taun hirup babarengan jeung salakina. 37 Ayeuna manéhna geus jadi randa, umurna 84 taun. Manéhna teu pernah teu datang ka bait. Beurang peuting manéhna ngalaksanakeun palayanan suci bari puasa sarta husu ngadoa. 38 Harita kénéh, Hana nyampeurkeun Yusuf jeung Maryam tuluy ngucap sukur ka Allah. Manéhna nyarita ngeunaan éta budak ka kabéh nu ngarep-ngarep Yérusalém dibébaskeun.+
39 Sanggeus bérés ngajalankeun sagala nu diwajibkeun ku Hukum Yéhuwa,*+ Yusuf jeung Maryam balik ka kotana, nyaéta ka Nazarét+ di Galiléa. 40 Budak téh beuki gedé, beuki kuat, beuki bijaksana, jeung terus dipikaresep ku Allah.+
41 Unggal taun, kolotna éta budak pasti indit ka Yérusalém pikeun ngarayakeun Paskah.+ 42 Waktu éta budak umur 12 taun, maranéhna indit ka éta perayaan sakumaha biasana.+ 43 Sanggeus bérés perayaan, maranéhna balik, tapi Isa tinggaleun di Yérusalém. Kolotna teu engeuheun, 44 da disangkana mah Isa bareng jeung rombongan. Sanggeus sapoé di jalan, maranéhna kakara néangan Isa di antara baraya jeung kawawuhan-kawawuhanana. 45 Lantaran teu kapanggih, maranéhna balik deui ka Yérusalém sarta néangan Isa ka ditu ka dieu. 46 Sanggeus tilu poé, gok kapanggih di bait. Manéhna keur diuk bari diriung ku guru-guru agama, ngadéngékeun jeung tatanya ka maranéhna. 47 Tapi, kabéh nu ngadéngékeun manéhna tajub lantaran loba pisan kanyahona sarta tajub kana jawaban-jawabanana.+ 48 Waktu ningali manéhna, kolotna héraneun. Indungna ngomong, ”Jang, ku naon manéh téh? Ibu jeung Bapa téh mani bingung néangan manéh.” 49 Tapi ku Isa dijawab, ”Ku naon bet néangan ka mamana? Pan Bapa sareng Ibu terang abdi mah pasti aya di bumi Bapa abdi.”+ 50 Tapi, indung bapana teu paham kana omonganana.
51 Tuluy Isa milu balik ka Nazarét, sarta manéhna terus nurut ka kolotna.+ Ari sagala hal ieu ku Maryam terus disimpen dina haténa.+ 52 Isa beuki gedé, beuki bijaksana, sarta beuki dipikaresep ku Allah jeung ku manusa.