Kisah Para Rasul
20 Sanggeus éta huru-hara jempé, Paulus ngumpulkeun murid-murid sarta nguatkeun maranéhna. Geus kitu, manéhna pamitan tuluy indit ka Makédonia. 2 Sanggeus ngideran éta daérah sarta ngabagikeun loba kecap nu nguatkeun ka dulur-dulur di dinya, manéhna nepi ka Yunani. 3 Manéhna cicing di dinya tilu bulan. Tapi basa rék balayar ka Siria, manéhna nyaho urang Yahudi boga niat rék maéhan manéhna.+ Jadi, manéhna mutuskeun balik ngaliwatan Makédonia. 4 Manéhna dibaturan ku Sopater anakna Pirus ti Béréa, Aristarkhus+ jeung Sékundus ti Tésalonika, Gayus ti Dérbé, Timotius,+ sarta Tikhikus+ jeung Trofimus+ ti Propinsi Asia. 5 Lalaki-lalaki ieu indit ti heula sarta ngadagoan abdi sadaya di Troas. 6 Ari abdi sadaya mah balayar ti Filipi sanggeus Perayaan Roti nu Teu Diragian.+ Lima poé ti harita, abdi sadaya panggih jeung maranéhna di Troas, terus mondok di dinya tujuh poé.
7 Dina poé nu kahiji minggu éta, waktu abdi sadaya keur dahar babarengan, Paulus méré wejangan sabab isukna rék indit, ngomongna téh lila nepi ka tengah peuting. 8 Kumpulna di kamar loténg nu dicaangan ku loba lampu. 9 Tah, aya budak ngora nu ngaranna Éutikhus diuk dina jandéla. Basa Paulus keur ngomong, les manéhna kasaréan tibra pisan. Gebut baé ragrag, mangkaning tina loténg katilu. Barang rék diangkat, manéhna geus teu nyawaan. 10 Paulus turun, tuluy nangkub pikeun nangkeup éta budak.+ Ceuk manéhna, ”Ulah hariwang, budak téh hirup.”+ 11 Geus kitu, manéhna naék deui ka loténg, nyemplékan roti, tuluy dahar. Manéhna ngomong deui nepi ka isuk, kakara manéhna indit. 12 Tuluy, éta budak lalaki dibawa balik. Maranéhna kacida bungahna lantaran éta budak geus hirup deui.
13 Ti dinya, abdi sadaya balayar ti heula naék kapal ka Asos, ari Paulus mah ka dituna rék leumpang. Manéhna ménta abdi sadaya ngajemput manéhna di ditu tuluy naék kapal babarengan. 14 Jadi waktu panggih di Asos, manéhna diajak naék kapal ku abdi sadaya, terus ka Mitiléné. 15 Isukna, abdi sadaya balayar tuluy nepi ka Pulo Khios, pagétona nepi ka Samos, isukna deui nepi ka Milétus. 16 Paulus mutuskeun moal nyimpang ka Éfésus+ sangkan teu béak waktu di Propinsi Asia, sabab manéhna hayang buru-buru ka Yérusalém,+ mun bisa mah nepina téh dina poé Perayaan Péntakosta.
17 Sanajan kitu, ti Milétus manéhna ngirim pesen ka Éfésus tuluy ngageroan para kokolot sidang jamaah. 18 Barang maranéhna datang, Paulus ngomong, ”Aranjeun terang pisan kumaha kahirupan kuring ti barang nincak Propinsi Asia.+ 19 Kuring ngalalayanan Gusti* téh ku sipat rendah haté+ bari sering ragragan cipanon sarta ngalaman cocoba nu direncanakeun ku urang Yahudi. 20 Kuring gé tara nahan diri pikeun ngabéjaan aranjeun hal-hal nu mangpaat atawa nahan diri pikeun ngajar aranjeun, boh di hareupeun umum+ boh ti imah ka imah.+ 21 Tapi ka urang Yahudi jeung ka urang Yunani, kuring geus ngajelaskeun sajéntré-jéntréna yén maranéhna kudu tobat+ ka Allah sarta boga iman ka Isa Juragan urang saréréa.+ 22 Ayeuna, kuring rék indit ka Yérusalém lantaran dijurung ku kawasa suci, sanajan kuring teu nyaho bakal ngalaman naon di ditu. 23 Kuring ngan dibéjaan ku jalan kawasa suci di unggal kota yén kuring didago-dago ku panjara sarta didodoho ku sangsara.+ 24 Sanajan kitu, kuring teu ngarasa lebar ku nyawa,* nu penting mah ngaréngsékeun tugas palayanan+ nu dibikeun ka kuring ku Juragan Isa, nyaéta ngajelaskeun warta hadé sajéntré-jéntréna ngeunaan welas asih Allah nu taya bandingna.*
25 ”Tah kuring terang, ti antara aranjeun nu geus diwawaran hal Pamaréntahan Allah ku kuring, moal aya nu panggih deui jeung kuring. 26 Jadi, kuring ngageroan aranjeun poé ieu téh supaya jadi saksi yén kuring bersih tina getih* kabéh jalma,+ 27 sabab kuring teu nahan diri pikeun ngabéjaan aranjeun ngeunaan sakabéh kahoyong Allah.+ 28 Jaga diri ati-ati+ jeung jaga sakabéh domba Allah, pan aranjeun geus dilantik ku kawasa suci Allah jadi pangawas+ pikeun ngangon sidang jamaah Allah,+ nu geus dibeuli ku getih Putra-Na sorangan.+ 29 Kuring terang sanggeus kuring indit, ajag-ajag nu sok nindes bakal nyulusup di antara aranjeun+ sarta bakal kasar ka domba-domba Allah. 30 Di antara aranjeun gé bakal aya lalaki-lalaki nu ngajarkeun hal-hal nu nyimpang, tujuanana téh narik murid-murid supaya mihak ka maranéhna.+
31 ”Ku kituna, aranjeun kudu tetep sadar. Sing inget salila tilu taun ieu,+ beurang peuting kuring teu eureun-eureun mapatahan aranjeun masing-masing bari ragragan cipanon. 32 Mugia aranjeun dilindungan ku Allah sarta ku firman ngeunaan welas asih-Na nu taya bandingna. Éta firman bakal nguatkeun aranjeun sarta ngabantu aranjeun narima warisan keur kabéh jalma suci.*+ 33 Kuring mah teu hayang pérak, emas, atawa baju ti sasaha.+ 34 Aranjeun gé terang yén kuring nyukupan pangabutuh kuring+ jeung jalma-jalma nu babarengan jeung kuring téh ku usaha sorangan. 35 Kuring geus némbongkeun yén aranjeun kudu banting tulang siga kuring+ supaya bisa nulung ka nu butuh. Sing inget kekecapan Juragan Isa waktu ngomong, ’Leuwih bagja méré+ tibatan nampa.’”
36 Sanggeus ngomong kitu, manéhna sideku bareng jeung nu séjénna tuluy ngadoa. 37 Kabéhanana ceurik tingsalegruk bari narangkeup jeung nyariuman Paulus bakating ku nyaah. 38 Maranéhna sakitu sedihna lantaran Paulus ngomong yén moal papanggih deui jeung maranéhna.+ Geus kitu, Paulus ku maranéhna dianteur ka kapal.