Kisah Para Rasul
6 Hiji mangsa, waktu murid-murid beuki loba, urang Yahudi nu ngomong basa Yunani kukulutus ngeunaan urang Yahudi nu ngomong basa Ibrani, lantaran randa-randa maranéhna disapirakeun waktu aya pangbagian kabutuhan sapopoé. 2 Jadi 12 rasul ngumpulkeun sakabéh murid jeung ngomong, ”Teu alus* lamun urang-urang eureun ngajarkeun firman Allah demi ngabagikeun dahareun. 3 Jadi dulur-dulur, sok pilih tujuh priya nu boga ngaran alus,* nu bijaksana, jeung pinuh ku kawasa suci, supaya ku urang-urang bisa dilantik pikeun ngurus hal penting ieu. 4 Urang-urang mah rék ngabdikeun diri pikeun ngadoa jeung ngajarkeun firman Allah.” 5 Sakabéh murid resep kana putusan ieu. Jadi, maranéhna milih Stéfanus, jalma nu imanna kuat jeung pinuh ku kawasa suci, ogé Filipus, Prokorus, Nikanor, Timon, Parménas, jeung Nikolaus urang Antiokhia nu nganut agama Yahudi. 6 Terus, maranéhna dibawa ka hareupeun para rasul. Sanggeus ngadoa, para rasul numpangkeun leungeun ka maranéhna.
7 Hasilna, firman Allah beuki nyebar, jumlah murid di Yérusalém terus nambahan kacida lobana, jeung loba ogé imam nu jadi percaya.
8 Stéfanus téh jalma nu dipikaresep jeung dibéré kawasa nu gedé ku Allah. Jadi, manéhna bisa nyieun mujijat jeung tanda nu hébat di hareupeun jalma-jalma. 9 Sanajan kitu, aya jalma-jalma nu nyampeurkeun jeung ngajak débat ka Stéfanus. Maranéhna téh sababaraha urang ti jamaah nu disebut Jalma-Jalma nu Dibébaskeun, bareng jeung sababaraha urang Kiréné jeung Aléksandria, sarta sababaraha ti Kilikia jeung Asia. 10 Tapi lantaran Stéfanus bijaksana jeung pinuh ku kawasa suci, omonganana teu bisa dibantah ku maranéhna. 11 Tuluy maranéhna susulumputan ngahasud sababaraha jalma sina ngaromong kieu, ”Urang ngadéngé manéhna ngahina Musa jeung Allah.” 12 Maranéhna ngahasud jalma-jalma, para pamingpin, jeung ahli-ahli Torét. Kerewek Stéfanus ditéwak jeung dibawa ka Sanhédrin ku maranéhna. 13 Maranéhna gé mawa saksi-saksi palsu nu nuduh kieu, ”Jelema ieu teu eureun-eureun ngagogoréng tempat suci ieu jeung Torét. 14 Misalna, urang ngadéngé manéhna ngomong yén Isa urang Nazarét téa bakal ngaruntuhkeun tempat ieu jeung ngarobah tradisi nu diturunkeun ku Musa ka urang.”
15 Waktu kabéh nu diuk di Sanhédrin neuteup Stéfanus, raray manéhna téh meni tenang kawas raray malaikat.