Kisah Para Rasul
8 Saul satuju Stéfanus dipaéhan.+
Harita, sidang jamaah di Yérusalém mulai dikaniaya kacida kejemna. Kabéh malencar ka daérah Yudéa jeung Samaria,+ kajaba para rasul. 2 Jalma-jalma soléh nguburkeun Stéfanus. Maranéhna nyeungceurikan Stéfanus bakating ku sedih-sedihna. 3 Saul mulai nganiaya sidang jamaah. Manéhna ngadatangan imah-imah, boh lalaki boh awéwé diséréd tuluy dijebloskeun ka panjara.+
4 Tapi, kabéh nu malencar nguarkeun warta hadé ngeunaan firman Allah ka mana-mana di éta nagri,+ 5 salah sahijina téh Filipus. Manéhna indit ka kota* Samaria+ sarta ngawawar ngeunaan Al-Masih di dinya. 6 Jalma réa bener-bener merhatikeun Filipus bari ngadéngékeun omonganana jeung ningali mujijat-mujijatna. 7 Loba roh jahat dialusiran, kabéhanana kalaluar ti jalma-jalma nu diasupanana bari tingjarerit.+ Loba ogé jalma nu lumpuh jeung pincang nu dicalageurkeun. 8 Ku kituna, jalma-jalma di éta kota téh gumbira pisan.
9 Di éta kota, aya lalaki nu ngaranna Simon. Manéhna ngaku-ngaku jalma hébat pédah ti baheulana bisa sihir, nu matak penduduk Samaria tarajubeun ka manéhna. 10 Kabéh jalma, ti jalma biasa nepi ka jalma penting, osok merhatikeun manéhna jeung ngomong, ”Manéhna téh Kawasa Allah, nu disebut Hébat.” 11 Salila ieu, jalma-jalma osok merhatikeun manéhna lantaran tarajubeun ku élmu sihirna. 12 Tapi, sanggeus ku Filipus diwawaran warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah+ sarta nami Isa Al-Masih, jalma-jalma jadi palercaya, boh lalaki boh awéwé dibaraptis.+ 13 Simon ogé jadi jalma percaya. Sanggeus dibaptis, manéhna terus babarengan jeung Filipus.+ Manéhna tajubeun nempo tanda-tanda jeung mujijat-mujijat nu dijieun ku Filipus.
14 Basa para rasul di Yérusalém ngadéngé yén urang Samaria téh geus narima firman Allah,+ maranéhna ngutus Pétrus jeung Yahya ka ditu. 15 Jadi, dua rasul éta indit ka Samaria. Maranéhna ngadoa sangkan jalma-jalma di ditu dibéré kawasa suci,+ 16 sabab saurang gé can aya nu nampa kawasa suci, maranéhna kakara dibaptis wungkul ku nami Juragan Isa.+ 17 Jadi, dua rasul éta numpangkeun leungeun ka maranéhna,+ tuluy maranéhna narima kawasa suci.
18 Sanggeus ningali jalma-jalma nu ditumpangan leungeun ku para rasul narima kawasa suci, Simon nawaran duit. 19 Manéhna ngomong kieu, ”Pasihan abdi kabisa siga kitu, supaya jalma-jalma nu ditumpangan leungeun ku abdi gé bisa narima kawasa suci.” 20 Tapi ceuk Pétrus, ”Manéh sing binasa bareng jeung duit manéh. Disangka manéh kurnia ti Allah téh bisa dibeuli ku duit?+ 21 Manéh moal meunang bagian dina hal ieu, sabab haté manéh teu lempeng dina pandangan Allah. 22 Geura tobat tina kasalahan manéh, sok sasambat ka Yéhuwa,* sugan niat jahat manéh dihampura, 23 sabab urang ningali manéh siga racun sarta hayangna téh nyieun salah waé.” 24 Simon ngajawab, ”Pangnyambatkeun ka Yéhuwa* atuh, supaya naon nu diucapkeun ku anjeun téh ulah aya nu ninggang ka abdi.”
25 Sanggeus ngawawar ka mamana jeung nepikeun firman Yéhuwa,* maranéhna balik ka Yérusalém bari nguarkeun warta hadé ka désa-désa urang Samaria nu kaliwatan ku maranéhna.+
26 Terus, aya malaikat+ Yéhuwa* nu ngomong kieu ka Filipus, ”Geura indit ka béh kidul, ka jalan nu mudun ti Yérusalém ka Gaza.” (Ieu jalan téh aya di gurun keusik.) 27 Bral Filipus indit, ari pék téh manéhna panggih jeung pajabat luhur ti Étiopia, bawahanana Kandaké, ratu nagri Étiopia. Manéhna nu ngurus sakabéh harta bandana ratu. Manéhna tas ti Yérusalém pikeun ibadah,+ 28 ayeuna rék balik. Manéhna keur diuk dina karéta kuda bari maca tulisan Nabi Yésaya ku sora nu tarik. 29 Ku jalan kawasa suci, Filipus dibéré nyaho, ”Jung sampeurkeun, deukeutan karétana.” 30 Filipus lumpat gigireunana jeung ngadéngé manéhna maca tulisan Nabi Yésaya. Filipus nanya, ”Bapa ngartos teu nu dibaca?” 31 Ceuk manéhna, ”Rék ngarti kumaha lamun teu aya nu nerangkeun?” Jadi, manéhna nitah Filipus naék jeung diuk gigireunana. 32 Ayat nu dibaca ku manéhna téh ieu, ”Ibarat domba nu ditungtun ka pajagalan, jeung ibarat anak domba nu rék dicukur buluna, manéhna teu ngomong sakecap-kecap acan.+ 33 Waktu dihina-hina, kaadilan dicabut ti manéhna.+ Manéhna bakal dimusnakeun ti bumi, saha nu bakal mikirkeun asal-usulna?”+
34 Tuluy éta pajabat ngomong ka Filipus, ”Punten pangnerangkeun, saha nu dimaksud ku ieu nabi? Dirina sorangan atawa nu lian?” 35 Jadi, ku Filipus diterangkeun. Manéhna nyaritakeun warta hadé ngeunaan Isa dimimitian ti éta ayat. 36 Tuluy maranéhna nepi ka tempat nu loba caina. Éta pajabat ngomong, ”Tuh, di ditu aya cai. Mun teu aya hahalang deui mah kumaha lamun abdi dibaptis ayeuna?” 37* —— 38 Karétana dititah eureun, tuluy Filipus jeung éta pajabat ancrub* kana cai. Manéhna dibaptis ku Filipus. 39 Barang maranéhna kaluar tina cai, Filipus dibawa indit ku kawasa suci Yéhuwa.* Éta pajabat teu ningali Filipus deui. Éta pajabat neruskeun perjalananana bari suka bungah. 40 Ari Filipus mah nepi ka Asdod. Manéhna ngurilingan éta daérah sarta terus nguarkeun warta hadé ka kabéh kota nepi ka Kaisaréa.+