Roma
12 Ku kituna dulur-dulur, ku lantaran Allah geus némbongkeun welas asih-Na, kuring ménta supaya aranjeun ngabaktikeun awak jeung hirup aranjeun ka Anjeunna, siga nyanggakeun korban nu suci nu dipikaresep ku Anjeunna. Jadi, gunakeun daya pikir aranjeun dina palayanan suci ka Anjeunna. 2 Ulah kabawakeun deui ku jalma-jalma dina jaman ieu.* Sabalikna, aranjeun kudu barobah ku cara ngarobah cara pikir aranjeun, supaya aranjeun bisa ngabuktikeun sorangan kahayang Allah nu hadé, nu sampurna, jeung nu nyukakeun haté-Na.
3 Kuring geus nampa welas asih Allah nu taya bandingna,* jadi ayeuna kuring rék mapatahan aranjeun supaya ulah ngarasa diri leuwih tina kaayaan nu sabenerna. Ngukur diri téh kudu sakumaha ayana,* luyu jeung iman nu dibikeun* ku Allah ka aranjeun masing-masing. 4 Siga hiji awak nu anggotana loba jeung gunana béda-béda, 5 urang gé lobaan, tapi jadi hiji awak lantaran geus ngahiji jeung Al-Masih, sarta urang masing-masing téh anggota-anggota nu silih butuhkeun. 6 Lantaran welas asih Allah nu taya bandingna,* urang meunang kurnia nu béda-béda. Lamun kurniana pikeun ngaramal,* gunakeun éta pikeun ngaramal, luyu jeung iman nu dibikeun ka urang. 7 Lamun éta pikeun ngalalayanan, pék terus ngalalayanan. Lamun éta pikeun ngajar, pék terus ngajar. 8 Lamun kurniana pikeun nguatkeun,* gunakeun éta pikeun nguatkeun.* Lamun éta pikeun barangbéré,* méréna ulah asa-asa. Lamun éta pikeun mingpin, sing bener-bener* mingpinna. Lamun éta pikeun némbongkeun welas asih, lakukeun bari senang haté.
9 Mikanyaah téh kudu iklas.* Aranjeun kudu ijid kana hal-hal nu jahat jeung nyekel pageuh hal-hal nu hadé. 10 Sing silih pikanyaah kawas ka kulawarga sorangan. Aranjeun kudu paheula-heula ngahormat batur. 11 Sing getol,* ulah pamalesan.* Sing sumanget ku bantuan kawasa suci. Pék digawé kawas palayan keur Yéhuwa. 12 Sing bagja ku karana harepan aranjeun. Sing tabah waktu nandangan kasangsaraan. Tong eureun ngadoa. 13 Béré bantuan ka jalma-jalma suci nu ngabutuhkeun. Sing akuan ka batur unggal waktu. 14 Ka nu nganiaya aranjeun ulah ngutuk, tapi pangméntakeun berkah keur maranéhna. 15 Kudu milu bungah ka nu bungah, milu ceurik ka nu ceurik. 16 Sing perhatian ka batur kawas ka diri sorangan. Ulah sombong,* sabalikna sing rendah haté. Ulah asa aing bijaksana.
17 Ulah ngabales kajahatan ku kajahatan deui. Usahakeun ngalakukeun nu hadé dina pandangan kabéh jalma. 18 Sabisa-bisa sing akur jeung saha baé. 19 Dulur-dulur nu dipikanyaah, ulah ngabales. Keun wéh, engké Allah nu bakal ambek, pan aya ayat nu nyebutkeun kieu, ”’Ngabales téh hak Kuring. Kuring nu bakal ngahukum,’ kitu ceuk Yéhuwa.” 20 Tapi ”lamun musuh aranjeun lapar, béré dahar; lamun haus, béré nginum; sabab ku cara kitu manéhna bakal jadi leuleuy”.* 21 Ulah nepi kaéléhkeun ku kajahatan, tapi terus éléhkeun kajahatan ku kahadéan.