Surat keur Sidang Jamaah di Roma
6 Jadi kumaha? Urang kabéh kudu terus nyieun dosa kitu supaya Allah beuki gedé némbongkeun welas asih nu taya bandingna?* 2 Nya henteu atuh! Pan urang mah geus teu dikawasaan deui ku dosa,*+ piraku rék terus ngalampahkeun dosa?+ 3 Aranjeun gé teu terang kitu yén urang kabéh nu dibaptis pikeun ngahiji jeung Isa Al-Masih+ téh dibaptis ogé pikeun maot kawas anjeunna?+ 4 Urang téh dibaptis pikeun maot kawas anjeunna, jadi urang geus dikuburkeun bareng jeung anjeunna.+ Sakumaha Al-Masih dihirupkeun deui ku kawasa Bapana, nya urang gé ngajalankeun hirup nu anyar.+ 5 Lamun urang ngahiji jeung anjeunna waktu maot kawas anjeunna,+ nya tangtu urang gé bakal ngahiji jeung anjeunna waktu dihirupkeun deui kawas anjeunna.+ 6 Urang kabéh nyaho yén kapribadian urang nu saacanna téh geus dipaku dina tihang bareng jeung anjeunna,+ supaya urang teu dikawasaan deui ku awak nu pinuh ku dosa,+ teu kajajah deui ku dosa.+ 7 Ari geus maot mah jalma téh dibébaskeun* tina dosana.
8 Salian ti éta, lamun urang maot bareng jeung Al-Masih, urang yakin yén urang gé bakal hirup bareng jeung anjeunna. 9 Urang kabéh nyaho yén sanggeus Al-Masih dihirupkeun,+ anjeunna teu maot deui.+ Maot moal kawasa deui ka anjeunna. 10 Anjeunna maot sakali keur salilana+ pikeun mupus dosa. Tapi ayeuna anjeunna hirup, sarta hirupna dipaké pikeun ngalaksanakeun kahoyong Allah. 11 Aranjeun ogé nya kitu, kudu nganggap diri geus teu dikawasaan deui ku dosa,* tapi hirup pikeun ngalaksanakeun kahoyong Allah salaku murid Isa Al-Masih.+
12 Ku kituna, ulah nepi ka dosa jadi kawas raja nu ngawasaan aranjeun. Ulah nurutkeun napsu tina awak nu bisa maot.+ 13 Ulah masrahkeun awak aranjeun kana dosa pikeun jadi alat paranti nyieun kajahatan. Tapi, pasrahkeun diri aranjeun ka Allah salaku jalma-jalma nu geus maot jeung dihirupkeun deui. Pasrahkeun ogé awak aranjeun ka Allah pikeun jadi alat paranti ngalampahkeun nu bener.+ 14 Dosa ulah nepi ka jadi dunungan aranjeun, sabab ayeuna aranjeun teu diparéntah deui ku hukum Torét,+ tapi geus narima welas asih Allah nu taya bandingna.+
15 Jadi ayeuna kumaha? Meunang kitu urang nyieun dosa pédah geus narima welas asih Allah nu taya bandingna jeung teu diparéntah deui ku hukum Torét?+ Tangtu henteu! 16 Aranjeun teu terang kitu, lamun teterusan nurut ka hiji jalma, hartina aranjeun téh palayan éta jalma?+ Lamun aranjeun jadi palayanna dosa,+ aranjeun bakal maot.+ Tapi, lamun jadi palayan Allah sarta nurut ka Anjeunna, aranjeun bakal dianggap jalma bener. 17 Tapi sukur ka Allah, sanajan aranjeun téh baheulana palayan dosa, ayeuna aranjeun réla taat kana pangajaran nu ditarima ku aranjeun. 18 Lantaran geus dibébaskeun tina dosa,+ aranjeun jadi palayan Allah sarta ngalampahkeun nu bener.+ 19 Ku lantaran aranjeun condong kana dosa, kuring ngomong maké kekecapan nu gampang kaharti. Baheula, awak aranjeun diperbudak ku napsu pikeun ngalampahkeun nu najis jeung jahat. Jadi ayeuna, awak aranjeun kudu diperbudak ku kahayang pikeun ngalampahkeun nu bener, supaya aranjeun jadi suci.+ 20 Waktu diperbudak ku dosa kénéh mah aranjeun teu wajib ngalampahkeun nu bener.
21 Naon cik hasilna waktu aranjeun diperbudak ku dosa kénéh? Mun ayeuna mah éta kabéh téh matak aranjeun éra, da balukarna maot.+ 22 Tapi ayeuna, sanggeus aranjeun dibébaskeun tina dosa jeung jadi palayanna Allah, hirup aranjeun jadi suci,+ sarta brasna téh kana hirup langgeng.+ 23 Upahna dosa téh maot,+ tapi Allah mah méré kurnia hirup langgeng+ ku jalan Isa Al-Masih Juragan urang.+