Surat nu Kadua keur Sidang Jamaah di Korintus
1 Ti Paulus, nu jadi rasulna Isa Al-Masih* ku kahoyong Allah, jeung ti Timotius+ dulur urang kabéh, ka sidang jamaah Allah di Korintus, kaasup sakabéh jalma suci* di sakuliah daérah Akhaya:+
2 Mugia aranjeun narima welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman ti Allah, nyaéta Bapa urang, jeung ti Juragan Isa Al-Masih.
3 Puji kasanggakeun ka Allah jeung Bapana Isa Al-Masih+ Juragan urang, Bapa anu welas asih,+ sarta Allah nu nengtremkeun haté urang dina sagala kaayaan.+ 4 Allah téh nengtremkeun haté* urang dina sagala cocoba.+ Ku lantaran geus dibéré katengtreman ku Allah,+ urang bisa nengtremkeun haté batur+ nu keur ngalaman rupa-rupa cocoba. 5 Salaku murid Al-Masih, urang téh ngalaman loba kasangsaraan,+ jadi urang gé meunang loba katengtreman ku lantaran Al-Masih. 6 Abdi sadaya nyanghareupan cocoba téh supaya aranjeun meunang katengtreman jeung disalametkeun. Lamun abdi sadaya meunang katengtreman, éta téh supaya aranjeun meunang katengtreman. Ku kituna, aranjeun bisa tabah nyanghareupan kasangsaraan nu kaalaman ogé ku abdi sadaya. 7 Abdi sadaya yakin pisan ka aranjeun. Sakumaha aranjeun ngalaman kasangsaraan siga abdi sadaya, aranjeun gé bakal ditengtremkeun haténa siga abdi sadaya.+
8 Dulur-dulur, abdi sadaya hayang aranjeun terang ngeunaan kasangsaraan abdi sadaya di Propinsi Asia.+ Nu kaalaman ku abdi sadaya téh kacida beuratna, moal bisa ditanggung ku kakuatan sorangan, nepi ka abdi sadaya teu yakin bakal salamet atawa henteu,+ 9 malah asa geus diragragan hukum pati. Tina ieu kajadian, abdi sadaya diajar sangkan teu ngandelkeun diri sorangan, tapi ngandelkeun Allah+ nu bisa ngahirupkeun deui nu maot. 10 Anjeunna geus nyalametkeun abdi sadaya tina bahaya pati, jeung bakal nyalametkeun deui. Abdi sadaya percaya Anjeunna bakal terus nyalametkeun.+ 11 Aranjeun gé bisa ngabantu ku cara husu ngadoakeun abdi sadaya.+ Lamun loba nu ngadoakeun, éta bakal dikabulkeun, jeung abdi sadaya bakal dibantuan. Ku kituna, loba nu bakal ngucap sukur lantaran abdi sadaya geus narima bantuan.+
12 Abdi sadaya agul lantaran haté sanubari abdi sadaya nganyatakeun yén di ieu dunya, pangpangna di antara aranjeun, hirup abdi sadaya téh suci jeung teu munapék, sakumaha pangajaran ti Allah. Abdi sadaya gé teu ngandelkeun kabijaksanaan manusa,+ tapi ngandelkeun welas asih Allah nu taya bandingna. 13 Nu ditulis ku abdi sadaya téh ngan hal-hal nu bisa dibaca* sarta kaharti ku aranjeun. Kahayang kuring mah aranjeun téh bener-bener ngarti* kana ieu kabéh. 14 Sababaraha ti aranjeun gé ngarti yén aranjeun agul ku abdi sadaya, sakumaha abdi sadaya agul ku aranjeun dina poéna Isa Juragan urang.
15 Nya ku lantaran yakin kana éta perkara, baréto kuring boga niat rék manggihan aranjeun pikeun kadua kalina, supaya aranjeun bisa gumbira deui.* 16 Harita, maksud kuring téh nyaéta kuring rék nyimpang heula ka aranjeun saacan ka Makédonia. Tuluy balik ti Makédonia, kuring rék nyimpang deui ka aranjeun. Geus kitu, kuring rék ménta dianteur nepi ka sabagian perjalanan ka Yudéa.+ 17 Kuring téh teu asal-asalan nyieun éta rencana. Kuring gé teu boga maksud pikeun mentingkeun diri sorangan waktu nyieun rencana, ongkoh ngomong ”enya” tapi ”henteu”. 18 Sakumaha Allah bisa dipercaya, omongan abdi sadaya gé bisa dipercaya, jadi abdi sadaya moal ngomong ”enya” bari jeung ”henteu”. 19 Salian ti éta, Putra Allah, nyaéta Isa Al-Masih nu diwawarkeun ku kuring, Silvanus,* jeung Timotius,+ teu pernah ngomong ”enya” bari jeung ”henteu”. Mun ngomong ”enya” téh pasti ”enya”. 20 Rék sakumaha lobana jangji Allah, kabéhanana jadi ”enya” ku jalan anjeunna.+ Éta sababna ku jalan anjeunna ogé, urang ngucapkeun ”Amin” ka Allah+ pikeun ngamulyakeun Allah. 21 Tapi, nu ngajamin aranjeun jeung abdi sadaya jadi milik Al-Masih téh Allah, nya Allah ogé nu ngalantik urang kabéh.+ 22 Salian ti éta, Anjeunna geus méré ségel ka urang.+ Nu jadi ségel téh nyaéta kawasa suci+ nu aya dina haté urang, nu jadi jaminan* keur hal-hal nu bakal datang.
23 Kuring sumpah demi nyawa kuring sorangan, Allah saksina, yén kuring can datang ka Korintus téh lantaran embung ngalantarankeun aranjeun beuki susah haté. 24 Abdi sadaya téh lain dunungan keur iman aranjeun,+ tapi sasama batur gawé nu mawa kabungah keur aranjeun, da aranjeun bisa nangtung ajeg téh ku lantaran iman aranjeun sorangan.