PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 2 Korintus 10
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 2 Korintus

      • Paulus ngabéla palayananana (1-18)

        • Senjata urang lain ti dunya ieu (4, 5)

2 Korintus 10:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”dijatahkeun”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • Baca di Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
2 Korintus 10:1-18

2 Korintus

10 Kuring, Paulus, ménta ka aranjeun ku cara nu lemah lembut jeung bageur kawas Al-Masih. Tapi ceuk sababaraha ti aranjeun, kuring téh lemah waktu papanggih langsung, wanina ngan dina surat. 2 Kuring miharep engké pas kuring datang, jalma-jalma nu nganggap urang-urang hirup nuturkeun pikiran dunya téh geus barobah, ku kituna kuring teu perlu tegas ka maranéhna. 3 Sanajan hirup di dunya ieu, urang-urang teu perang maké pikiran dunya, 4 sabab senjata perang nu dipaké ku urang-urang mah lain ti dunya ieu, tapi ti Allah. Éta téh senjata-senjata nu kuat, nu bisa ngancurkeun hal-hal nu dibénténgan. 5 Urang-urang ngaruntuhkeun cara pikir nu salah jeung naon waé nu ngahalangan jalma-jalma kenal ka Allah. Urang-urang gé nalukkeun pamikiran-pamikiran sina taat ka Al-Masih, 6 jeung urang-urang siap ngahukum saha waé nu teu taat, sanggeus aranjeun némbongkeun yén aranjeun bener-bener taat.

7 Aranjeun téh ngukur sagala hal tina luarna. Lamun aya nu ngarasa yakin manéhna téh milik Al-Masih, sing inget kana hal ieu: Sakumaha manéhna milik Al-Masih, urang-urang gé milik Al-Masih. 8 Juragan méré wewenang ka urang-urang téh pikeun nguatkeun iman aranjeun, lainna ngalemahkeun. Upama kuring ngagul-ngagulkeun hal ieu, kuring mah moal éra. 9 Ulah nyangka kuring rék nyingsieunan aranjeun ku surat-surat kuring, 10 sabab aya nu ngomong, ”Surat-suratna mah hébat jeung tegas, tapi ari geus papanggih, manéhna téh lemah, omonganana gé euweuh eusina.” 11 Jalma nu siga kitu kudu nyaho, naon nu ditulis dina surat-surat bakal dilakukeun ogé waktu urang-urang datang. 12 Urang-urang embung nyaruakeun diri atawa ngabandingkeun diri jeung nu sok ngagul-ngagul manéh. Maranéhna téh ngukur diri ku dirina sorangan sarta ngabandingkeun diri jeung dirina sorangan. Jalma-jalma nu kararitu téh teu boga pangarti.

13 Urang-urang mah moal ngagulkeun naon nu teu digawékeun ku urang-urang. Sabalikna, urang-urang ngagulkeun naon nu aya di jero wates daérah nu geus ditangtukeun* ku Allah, éta téh kaasup aranjeun. 14 Sabenerna, waktu datang ka aranjeun, urang-urang téh teu ngaleuwihan wates tugas, da nu mimiti nepikeun warta hadé ngeunaan Al-Masih ka aranjeun téh urang-urang. 15 Jadi, urang-urang moal ngagulkeun pagawéan batur nu aya di luar wates tugas urang-urang. Tapi, urang-urang miharep iman aranjeun beuki kuat, supaya hasil gawé di daérah urang-urang beuki ngalobaan. Ku kituna, daérah kagiatan urang-urang beuki ngalegaan, 16 supaya warta hadé bisa diuarkeun ka nagri-nagri nu leuwih jauh deui. Jadi, urang-urang moal ngagulkeun hasil gawé batur di daérah tugas maranéhna. 17 ”Mun rék agul, kudu agul ku karana Yéhuwa”, 18 sabab jalma nu dipikaresep ku Yéhuwa téh lain jalma nu ngagul-ngagul manéh, tapi nu diagulkeun ku Anjeunna.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun