PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 2 Korintus 12
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 2 Korintus

      • Titingalian Paulus (1-7a)

      • ”Cucuk di jero awak” Paulus (7b-10)

      • Teu éléh ti rasul-rasul nu harébat (11-13)

      • Paulus hariwang ka sidang jamaah di Korintus (14-21)

2 Korintus 12:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngagebugan”.

2 Korintus 12:8

Catetan Handap

  • *

    Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.

2 Korintus 12:9

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

2 Korintus 12:20

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tingkecewis ngomongkeun batur”.

2 Korintus 12:21

Catetan Handap

  • *

    Yunani: pornéia. Tingali Daptar Istilah.

  • *

    Atawa ”teu éra nyieun kagoréngan”. Yunani: asélgéia. Tingali Daptar Istilah.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • Baca di Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
2 Korintus 12:1-21

2 Korintus

12 Kuring kudu agul. Mémang ieu téh euweuh mangpaatna, tapi kuring rék nyarita ngeunaan titingalian jeung naon nu disingkabkeun ku Juragan. 2 Kuring kenal ka hiji lalaki nu ngahiji jeung Al-Masih, nu 14 taun ka tukang ujug-ujug dibawa ka sorga nu katilu. Dibawana téh teuing jeung awakna teuing henteu, Allah nu apal. 3 Enya, kuring kenal ka lalaki éta, tapi dibawana téh teuing jeung awakna teuing henteu, Allah nu apal. 4 Manéhna ujug-ujug dibawa ka pirdaus tuluy ngadéngé kekecapan nu teu meunang diungkabkeun jeung teu meunang diucapkeun ku manusa. 5 Kuring rék ngagulkeun lalaki éta, tapi kuring moal bakal ngagulkeun diri sorangan salian ti kalemahan kuring. 6 Lamun enya rék agul gé, kuring moal nepi ka teu asup akal, da nu diomongkeun ku kuring téh nu sabenerna. Tapi, éta teu dilakukeun ku kuring, supaya kuring dipuji téh ngan tina hal-hal nu ditingali atawa didéngé ti kuring, 7 lain lantaran hal-hal luar biasa nu disingkabkeun ka kuring.

Supaya kuring teu gedé hulu, kuring dibéré cucuk di jero awak, saolah-olah aya malaikat ti Sétan nu terus nampilingan* kuring, jadi kuring teu nepi ka gedé hulu. 8 Tilu kali kuring méménta ka Gusti* supaya cucuk éta disingkirkeun ti kuring. 9 Tapi Anjeunna ngajawab, ”Welas asih Kuring nu taya bandingna* geus cukup keur manéh, sabab waktu manéh lemah, kawasa Kuring jadi leuwih nyata.” Jadi, kuring atoh ngagulkeun kalemahan kuring, supaya kawasa Al-Masih nangtayungan kuring siga kémah. 10 Ku kituna, kuring bungah waktu keur lemah, dihina, kakurangan, dikaniaya, jeung ngalaman kasusah demi Al-Masih. Sabab waktu kuring lemah, kuring jadi boga kakuatan.

11 Kuring geus jadi teu asup akal. Tapi ieu téh gara-gara aranjeun, sabab sakuduna kuring téh dipuji ku aranjeun. Sanajan kuring lain sasaha, kuring teu éléh saeutik-eutik acan ti rasul-rasul aranjeun nu harébat éta. 12 Justru kuring geus nunjukkeun bukti ka aranjeun yén kuring téh rasul lantaran kuring bener-bener tabah jeung nyieun loba tanda, mujijat, sarta tindakan nu hébat. 13 Diri kuring henteu jadi beban keur aranjeun. Éta hungkul nu ngabédakeun aranjeun jeung sidang-sidang jamaah séjénna. Tindakan éta téh salah, kitu? Mun enya éta salah, nya hampura wéh kasalahan kuring.

14 Sabenerna, ieu téh nu katilu kalina kuring rék datang ka aranjeun. Kuring moal nepi ka jadi beban keur aranjeun, da nu dipikahayang ku kuring mah lain harta banda aranjeun, tapi diri aranjeun. Sabab lain budak nu perlu ngumpulkeun harta banda keur kolotna, tapi kolot nu ngumpulkeun harta banda keur budakna. 15 Kuring mah iklas méré sagalana ka aranjeun, kaasup hirup kuring. Lamun kuring sakitu nyaahna ka aranjeun, piraku aranjeun kurang nyaah ka kuring? 16 Tapi sanajan kuring teu pernah jadi beban keur aranjeun, aranjeun kalah ka nyebut kuring téh ”licik” jeung ngajiret aranjeun ku cara ”nipu”. 17 Na pernah kuring narik untung ti aranjeun mun ngirim utusan ka ditu? 18 Waktu kuring ngutus Titus jeung saurang sadérék ka aranjeun, na Titus narik untung ti aranjeun? Henteu, pan? Manéhna téh sapikiran sarta sajalan jeung urang-urang, pan?

19 Na disangka aranjeun, urang-urang téh keur ngabéla diri? Lain kitu. Salaku murid-murid Al-Masih, urang-urang mah ngomong jujur di hareupeun Allah. Dulur-dulur nu dipikanyaah, sagala nu dilakukeun ku urang-urang téh tujuanana pikeun nguatkeun aranjeun. 20 Kuring sieun, bisi pas ka ditu téh aranjeun teu sakumaha nu dipiharep ku kuring, kuring gé teu sakumaha nu dipiharep ku aranjeun. Kuring sieun aya nu paséa, sirik, ambek-ambekan, pagétréng, ngagogoréng batur, ngagosip,* gedé hulu, jeung raribut. 21 Meureun pas datang deui, kuring bakal éra ka Allah waktu babarengan jeung aranjeun. Kuring gé bakal sedih pisan lantaran loba jalma nu baheulana nyieun dosa can tobat tina kalakuanana nu najis, nu cabul,* jeung nu kurang ajar.*

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun