Surat nu Kadua keur Sidang Jamaah di Korintus
8 Dulur-dulur, aranjeun kudu terang yén Allah geus ngurniakeun welas asih nu taya bandingna* ka sidang-sidang jamaah di Makédonia.+ 2 Basa ngalaman kasusah jeung cocoba nu beurat, maranéhna téh barangbéré bari jeung suka bungah, padahal mariskin pisan. Éta téh bukti yén maranéhna kacida béréhanana. 3 Maranéhna téh méré sakamampuhna,+ malah leuwih ti kamampuhna.+ Kuring sorangan saksina. 4 Ku kahayang sorangan, maranéhna keukeuh hayang meunang kahormatan pikeun méré sumbangan jeung milu méré bantuan ka jalma-jalma suci.*+ 5 Teu nyangka nepi ka kitu. Geus mah ngabdi sapinuhna haté ka Juragan, maranéhna maké ngalalayanan abdi sadaya ogé sakumaha kahoyong Allah. 6 Jadi, abdi sadaya ngajurung Titus+ supaya ngaréngsékeun pagawéan nu geus dimimitian ku manéhna di antara aranjeun, nyaéta ngumpulkeun sumbangan sukaréla ti aranjeun. 7 Aranjeun téh geus hadé pisan dina sagala hal: Aranjeun boga iman nu kuat, pinter dina nyarita, boga loba pangarti, sumanget dina ngalampahkeun sagala hal, jeung nyaah ka batur sakumaha abdi sadaya nyaah ka aranjeun. Jadi, mugia dina méré sumbangan gé aranjeun béréhan.+
8 Kuring ngomong kieu téh lain rék maréntah, tapi supaya aranjeun terang kana sumanget batur. Kuring gé hayang nyaho aranjeun téh bener-bener mikanyaah batur atawa henteu. 9 Aranjeun terang kana welas asih nu taya bandingna ti Isa Al-Masih Juragan urang. Anjeunna téh beunghar tapi jadi miskin demi aranjeun,+ supaya aranjeun jadi beunghar ku kamiskinan anjeunna.
10 Kieu ceuk kuring mah:+ Lamun éta diréngsékeun, aranjeun bakal meunang mangpaat, da éta geus dimimitian sataun ka tukang. Harita aranjeun téh mani sumanget. 11 Jadi, ayeuna mah réngsékeun naon nu geus dimimitian ku sumanget nu sarua, sok pigawé sakamampuh aranjeun. 12 Lamun hiji jalma méréna iklas, éta dipikaresep ku Allah, da Allah hayang manéhna méré sakumaha kasanggupanana,+ lain di luar kasanggupanana. 13 Maksud kuring téh lain rék ngurangan beban batur, tuluy diteumbleuhkeun ka aranjeun. 14 Tapi, kuring hayang bebanna dibagi rata: Kaleuwihan aranjeun bisa nalangan kakurangan maranéhna, kitu deui kaleuwihan maranéhna bisa nalangan kakurangan aranjeun, jadina saimbang. 15 Aya ayat nu nyebutkeun, ”Jalma nu boga loba moal kaleuwihan, kitu deui jalma nu boga saeutik moal kakurangan.”+
16 Sukur ka Allah nu geus ngageuing haté Titus+ pikeun bener-bener merhatikeun aranjeun cara abdi sadaya. 17 Manéhna téh teu ngan saukur nyumponan paménta abdi sadaya, tapi mani sumanget ngajalankeunana. Manéhna sorangan nu hayang datang ka aranjeun téh. 18 Abdi sadaya gé ngutus hiji sadérék pikeun maturan manéhna. Éta sadérék dipuji ku kabéh sidang ku lantaran naon nu geus dilampahkeunana demi warta hadé. 19 Lain éta wungkul, manéhna gé geus ditugaskeun ku sidang-sidang jamaah supaya bisa maturan abdi sadaya dina perjalanan pikeun mawa ieu sumbangan sukaréla. Sumbangan nu rék dibagikeun ku abdi sadaya téh demi kamulyaan Juragan* sarta pikeun ngabuktikeun yén abdi sadaya téh iklas nulungan batur. 20 Ku kituna, abdi sadaya téh ati-ati dina ngabagikeun ieu sumbangan nu loba supaya teu disalahkeun ku sasaha.+ 21 Abdi sadaya mah ’jujur dina ngurus sagala hal, teu ngan saukur payuneun Yéhuwa,* tapi ogé ka papada manusa’.+
22 Aya hiji sadérék deui nu diutus bareng jeung maranéhna. Éta sadérék téh geus sering diuji sarta kabukti getol dina sagala hal. Ayeuna, manéhna bakal beuki getol lantaran yakin pisan yén aranjeun bakal ngalampahkeun nu bener. 23 Lamun aya nu tatanya ngeunaan Titus, béjakeun yén manéhna téh babaturan kuring, nu babarengan ngabantu aranjeun. Atawa lamun aya nu tatanya ngeunaan éta sadérék-sadérék, béjakeun yén maranéhna téh rasul* sidang-sidang jamaah, nu ngamulyakeun Al-Masih. 24 Jadi, témbongkeun yén aranjeun téh nyaah ka maranéhna,+ jeung buktikeun ka sidang-sidang jamaah yén naon nu diagulkeun ku abdi sadaya ngeunaan aranjeun téh bener.