Galatia
1 Ti Paulus, nu dilantik jadi rasul, lain ku manusa, tapi ku Isa Al-Masih jeung Allah, Bapa urang, nu ngahirupkeun deui Al-Masih ti antara nu maot. 2 Kuring nulis surat ieu keur sidang-sidang jamaah di Galatia. Kabéh dulur nu bareng jeung kuring ngirim salam ka aranjeun.
3 Mugia aranjeun narima welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman ti Allah, Bapa urang, jeung ti Juragan Isa Al-Masih. 4 Al-Masih ngorbankeun diri pikeun mupus dosa urang, supaya manéhna bisa nyalametkeun urang ti dunya* nu jahat ieu, sajalan jeung kahayang Allah, Bapa urang. 5 Mugia Allah dimulyakeun salalanggengna. Amin.
6 Kuring mah héran da aranjeun téh sakitu gancangna nyimpang* ti Allah, nu milih aranjeun ku jalan welas asih Al-Masih nu taya bandingna,* jeung ayeuna narima warta hadé nu séjén. 7 Puguh euweuh warta hadé nu séjén, tapi aya sababaraha jalma nu hayang nyimpangkeun aranjeun ku cara ngarobah warta hadé ngeunaan Al-Masih. 8 Lamun aya di antara urang-urang atawa malaikat ti sorga nu nguarkeun warta hadé nu béda jeung warta hadé nu geus diuarkeun ka aranjeun ku urang-urang, manéhna sing dikutuk. 9 Sakumaha omongan urang-urang saacanna, ayeuna kuring ngomong deui: Saha waé nu nguarkeun warta hadé nu béda jeung nu geus ditarima ku aranjeun, manéhna sing dikutuk.
10 Sabenerna, ayeuna kuring keur nyenangkeun Allah atawa keur nyenangkeun manusa? Lamun masih kénéh nyenangkeun manusa, kuring moal jadi palayanna Al-Masih atuh. 11 Dulur-dulur, kuring hayang aranjeun apal, warta hadé nu diuarkeun ku kuring ka aranjeun téh sumberna lain ti manusa, 12 lantaran nu méré jeung nu ngajarkeun éta ka kuring téh lain manusa, tapi Isa Al-Masih sorangan nu nyingkabkeunana ka kuring.
13 Aranjeun tangtu geus ngadéngé tindakan kuring waktu masih kénéh nganut agama Yahudi. Kuring téh sakitu kejemna* nganiaya sidang jamaah Allah, bener-bener hayang ngabasmi maranéhna. 14 Kuring ngaleuwihan loba babaturan nu saumur sarta sabangsa dina ngajalankeun agama Yahudi jeung jauh leuwih sumanget ngajalankeun tradisi karuhun. 15 Tapi Allah, nu nyababkeun kuring lahir ka dunya, milih kuring ku lantaran welas asih-Na nu taya bandingna.* Anjeunna resep 16 ngagunakeun kuring pikeun nguarkeun warta hadé ka bangsa-bangsa séjén, supaya maranéhna kenal ka Putra-Na. Waktu dipilih, kuring teu ménta naséhat ka sasaha, 17 kuring gé teu indit ka Yérusalém pikeun manggihan jalma-jalma nu geus jadi rasul saacan kuring. Tapi, kuring indit ka nagri Arab, tuluy balik deui ka Damaskus.
18 Tilu taun sanggeusna, kuring indit ka Yérusalém nganjangan Kéfas,* tuluy cicing jeung manéhna salila 15 poé. 19 Tapi, kuring teu panggih jeung rasul-rasul séjénna, salian ti Yakobus, adina Juragan. 20 Sakabéh nu ditulis ku kuring ka aranjeun téh bener, Allah saksina.
21 Geus kitu, kuring indit ka daérah Siria jeung Kilikia. 22 Tapi, murid-murid Al-Masih nu aya di sidang-sidang jamaah Yudéa can kenaleun ka kuring. 23 Maranéhna ngan saukur ngadéngé béja: ”Jalma nu baheula nganiaya urang, ayeuna nguarkeun warta hadé ngeunaan kapercayaan nu tadina rék dibasmi ku manéhna.” 24 Ngadéngé kitu ngeunaan kuring, maranéhna ngamulyakeun Allah.