Pamindo
11 ”Maranéh kudu mikanyaah Yéhuwa Allah maranéh jeung terus ngajalankeun kawajiban ka Anjeunna. Maranéh kudu nurut kana aturana-Na, putusan hukum-Na, jeung paréntah-Na. 2 Poé ieu, kuring ngomong téh ka maranéh, lain ka anak-anak maranéh. Kapan maranéhna mah can nyaho jeung can ningali hukuman ti Yéhuwa Allah maranéh, kahébatana-Na, kawasa-Na nu gedé, jeung kakuatana-Na nu hébat. 3 Maranéhna gé teu ningali tanda-tanda jeung tindakan Anjeunna ka Firaun raja Mesir jeung ka sakuliah nagrina. 4 Maranéhna teu ningali naon nu dilampahkeun ku Anjeunna ka pasukan Mesir sarta ka kuda-kuda jeung karéta-karéta perang Firaun nu dilelepkeun di Laut Beureum basa ngudag maranéh. Yéhuwa ngabasmi maranéhna nepi ka béak. 5 Anak-anak maranéh teu ningali naon nu dipidamel ku Anjeunna demi maranéh di tanah gurun nepi ka maranéh aya di ieu tempat. 6 Maranéhna teu ningali naon nu dipigawé ku Anjeunna ka Datan jeung Abiram, nyaéta anak-anak Éliab turunan Rubén. Jalma-jalma éta, kulawargana, kémah-kémahna, sasatoanana, sarta kabéh jalma nu mihak ka maranéhna dilegleg ku taneuh nu beulah, disaksian ku sakabéh urang Israél. 7 Ari maranéh mah ningali ku panon maranéh sorangan sagala hal hébat nu dilampahkeun ku Yéhuwa.
8 ”Maranéh kudu terus ngajalankeun sakabéh paréntah nu ditepikeun ku kuring ka maranéh poé ieu, ngarah maranéh beuki kuat jeung bisa meuntas pikeun ngarebut éta tanah, 9 sarta supaya maranéh panjang umur di tanah nu dijangjikeun ku Yéhuwa pikeun dibikeun ka karuhun maranéh jeung turunanana, tanah nu loba susu jeung maduna.
10 ”Tanah nu rék direbut ku maranéh téh teu siga tanah Mesir nu ditinggalkeun ku maranéh. Di Mesir mah maranéh biasana nebar binih jeung kudu hésé capé ngatur picaieunana,* kawas nyaian kebon sayur. 11 Tapi, tanah nu rék dijugjug jeung dipimilik ku maranéh mah loba gunung jeung lebakna, tanahna dicaian ku cihujan. 12 Éta tanah téh diurus ku Yéhuwa Allah maranéh. Soca Yéhuwa Allah maranéh terus merhatikeun éta tanah, ti awal taun nepi ka panungtungan taun.
13 ”Lamun maranéh bener-bener taat kana paréntah nu ditepikeun ku kuring poé ieu jeung mikanyaah Yéhuwa Allah maranéh sarta ngalalayanan Anjeunna ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa,* 14 Anjeunna* gé bakal méré hujan ka maranéh dina waktu nu geus ditetepkeun, hujan usum* gugur jeung hujan usum semi. Maranéh bakal ngumpulkeun sisikian, cianggur anyar, jeung minyak. 15 Anjeunna bakal nyadiakeun jujukutan di tegalan keur ingon-ingon maranéh. Maranéh gé bakal dahar nepi ka seubeuh. 16 Kadé, ulah nepi ka haté maranéh kagoda pikeun nyimpang tuluy nyembah jeung sujud ka allah-allah séjén. 17 Lamun maranéh kitu, Yéhuwa bakal ambek pisan ka maranéh. Anjeunna bakal nutup langit supaya hujan teu turun, tanah moal ngahasilkeun nanaon. Maranéh bakal gancang musna di tanah nu hadé nu dibikeun ku Yéhuwa ka maranéh.
18 ”Simpen kekecapan kuring ieu dina haté jeung pikiran maranéh. Talikeun dina leungeun maranéh pikeun jadi pépéling, sarta pasangkeun dina tarang maranéh. 19 Ajarkeun ka barudak maranéh, caritakeun waktu keur diuk di imah, waktu keur leumpang di jalan, waktu rék saré, jeung waktu hudang. 20 Tuliskeun dina kusén panto imah maranéh jeung di gerbang kota, 21 supaya maranéh jeung turunan maranéh panjang umur di tanah nu dijangjikeun ku Yéhuwa pikeun dibikeun ka karuhun maranéh. Maranéh bakal matuh di dinya salila langit ngauban bumi.
22 ”Lamun maranéh bener-bener taat jeung ngajalankeun paréntah nu ditepikeun ku kuring ka maranéh, nyaah ka Yéhuwa Allah maranéh, nuturkeun sagala jalan-Na, jeung satia* ka Anjeunna, 23 Yéhuwa bakal ngusiran sakabéh bangsa ieu ti hareupeun maranéh. Maranéh bakal nalukkeun bangsa-bangsa nu leuwih gedé jeung nu rahayatna leuwih loba tibatan maranéh. 24 Unggal tempat nu ditincak ku maranéh bakal jadi milik maranéh. Wates wilayah maranéh téh ti tanah gurun nepi ka Lébanon, ti walungan, nyaéta Walungan Éfrat, nepi ka laut beulah kulon.* 25 Moal aya nu bisa ngalawan maranéh. Sakabéh penduduk di nagri nu rék dijugjug ku maranéh ku Yéhuwa Allah maranéh bakal disina ngadarégdég jeung sarieuneun ka maranéh, sakumaha jangji-Na.
26 ”Ayeuna kuring rék méré dua piliheun, berkah atawa kutuk. 27 Lamun maranéh taat kana paréntah Yéhuwa Allah maranéh nu ditepikeun ku kuring poé ieu, maranéh bakal meunang berkah. 28 Tapi, lamun maranéh teu taat kana paréntah Yéhuwa Allah maranéh, nyimpang tina jalan nu dituduhkeun ku kuring ka maranéh poé ieu, sarta nyembah ka allah-allah séjén nu teu dikenal ku maranéh, maranéh bakal meunang kutuk.
29 ”Waktu Yéhuwa Allah maranéh mawa maranéh ka tanah nu rék dipimilik ku maranéh, maranéh kudu ngucapkeun berkah di Gunung Gérizim jeung ngucapkeun kutuk di Gunung Ébal. 30 Dua gunung éta téh ayana di beulah kulon Walungan Yordan, di wilayah urang Kanaan nu matuh di Araba, hareupeun Gilgal, deukeut tangkal-tangkal gedé di Moré. 31 Maranéh bakal meuntas Walungan Yordan tuluy asup ngarebut tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh. Waktu maranéh ngarebut éta tanah jeung matuh di dinya, 32 maranéh kudu bener-bener ngajalankeun sagala aturan jeung putusan hukum nu ditepikeun ku kuring poé ieu.