Pamindo
16 ”Sing inget, bulan Abib* téh bulan nu penting. Maranéh kudu ngarayakeun Paskah keur Yéhuwa Allah maranéh, sabab dina bulan Abib, Yéhuwa Allah maranéh ngabudalkeun maranéh ti Mesir dina hiji peuting. 2 Waktu maranéh ngabaktikeun kurban Paskah keur Yéhuwa Allah maranéh, kurbanna téh kudu embé, domba, atawa sapi maranéh. Kurbankeun éta ka Yéhuwa di tempat nu geus dipilih ku Anjeunna pikeun ngamulyakeun nami-Na. 3 Didaharna ulah jeung sagala rupa nu diragian. Salila tujuh poé, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian ngarah inget kana kasangsaraan maranéh sarta inget yén maranéh téh rurusuhan basa budal ti Mesir. Lampahkeun éta sangkan saumur hirup maranéh inget kana poéan maranéh budal ti Mesir. 4 Salila tujuh poé, teu meunang aya adonan nu diragian di sakuliah nagri. Daging nu dikurbankeun ku maranéh dina peutingan poé kahiji teu meunang disésakeun nepi ka isukna isuk-isuk. 5 Maranéh teu meunang ngabaktikeun kurban Paskah di sambarang kota nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh. 6 Kurbanna kudu didahar di tempat nu geus dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun ngamulyakeun nami-Na. Kurban Paskah kudu dibaktikeun peuting, waktu panonpoé surup, sarua kawas baheula waktu maranéh budal ti Mesir. 7 Éta kudu dipasak jeung didahar di tempat nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh. Isukna isuk-isuk, maranéh meunang baralik ka kémah. 8 Salila genep poé, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian. Dina poé nu katujuh, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah ka Yéhuwa Allah maranéh. Éta téh acara nu istiméwa. Maranéh teu meunang digawé.
9 ”Itung tujuh minggu, dimimitian ti semet maranéh manén sisikian di kebon. 10 Geus kitu, ayakeun Perayaan Minggu-Minggu pikeun Yéhuwa Allah maranéh. Maranéh kudu ngabaktikeun kurban sukaréla, nurutkeun gedéna berkah anu katarima ti Yéhuwa Allah maranéh. 11 Sing saruka bungah di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh bareng jeung anak-anak, para palayan, urang Léwi nu matuh di kota-kota maranéh, urang asing, budak yatim,* jeung randa nu matuh di antara maranéh. Sing saruka bungah bareng jeung maranéhna di tempat nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun ngamulyakeun nami-Na. 12 Sing inget, baheula maranéh diperbudak di Mesir. Jadi, maranéh kudu taat jeung ngajalankeun aturan-aturan ieu.
13 ”Maranéh kudu ngayakeun Perayaan Saung Daun salila tujuh poé, waktu maranéh ngumpulkeun hasil ti pangirikan* sarta ti tempat pameresan minyak jeung anggur maranéh. 14 Sing galumbira salila perayaan bareng jeung anak-anak, para palayan, urang Léwi, urang asing, budak yatim, jeung randa nu matuh di kota-kota maranéh. 15 Salila tujuh poé, maranéh bakal ngayakeun perayaan keur Yéhuwa Allah maranéh di tempat nu dipilih ku Yéhuwa, sabab Yéhuwa bakal ngaberkahan sakabéh hasil panén maranéh jeung sagala nu dipigawé ku maranéh. Maranéh bakal bagja pisan.
16 ”Sataun tilu kali, nyaéta dina Perayaan Roti nu Teu Diragian, Perayaan Minggu-Minggu, jeung Perayaan Saung Daun, sakabéh lalaki kudu ngadep ka payuneun Yéhuwa di tempat nu dipilih ku Anjeunna. Teu meunang aya nu datang ka payuneun Yéhuwa bari teu mawa nanaon. 17 Masing-masing kudu mawa pangbakti nurutkeun gedéna berkah anu katarima ti Yéhuwa Allah maranéh.
18 ”Maranéh kudu ngalantik para hakim jeung para pamingpin keur unggal kaom di sakabéh kota nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh. Maranéhna kudu adil waktu ngahakiman éta bangsa. 19 Ulah nyimpang tina kaadilan, beurat sabeulah, atawa narima panyogok, sabab panyogok bisa ngalolongkeun jalma bijaksana sarta bisa ngarobah putusan jalma bener. 20 Jalankeun kaadilan, nya kaadilan nu kudu dijalankeun sangkan maranéh tetep hirup jeung bisa ngarebut tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh.
21 ”Maranéh teu meunang melak tangkal naon waé pikeun disembah* di deukeut mézbah nu dijieun ku maranéh keur Yéhuwa Allah maranéh.
22 ”Maranéh gé teu meunang nyieun pilar berhala* nu dipikageuleuh ku Yéhuwa Allah maranéh.