PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Pamindo 20
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Pamindo

      • Aturan perang (1-20)

        • Nu teu kudu milu perang (5-9)

Pamindo 20:16

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”sakabéh nu aya napasan”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Pamindo 20:1-20

Pamindo

20 ”Lamun maranéh rék perang, seug ningali musuh-musuh téh boga kuda, karéta perang, jeung pasukan nu leuwih gedé tibatan maranéh, teu kudu sieun, sabab maranéh pasti disarengan ku Yéhuwa Allah maranéh, nu ngabudalkeun maranéh ti Mesir. 2 Saacan der perang, imam kudu manggihan maranéh jeung ngomong ka maranéh. 3 Manéhna kudu ngomong kieu, ’Hé Israél, déngékeun. Sakeudeung deui, maranéh rék perang ngalawan musuh. Ulah kecing, teu kudu sieun, geumpeur, atawa gimir ku maranéhna, 4 sabab Yéhuwa Allah maranéh bakal milu perang. Anjeunna bakal merangan musuh demi maranéh jeung nyalametkeun maranéh.’

5 ”Para kapala prajurit gé kudu ngomong kieu, ’Saha nu geus ngawangun imah anyar tapi can ngaresmikeun imahna? Keun wéh sina balik, bisi manéhna tiwas di pangperangan, engké batur anu ngaresmikeun imahna. 6 Saha anu geus melak anggur, tapi can ngala hasilna? Keun wéh sina balik, bisi manéhna tiwas di pangperangan, engké batur anu ngalana. 7 Saha anu geus tunangan tapi can kawin? Keun wéh sina balik, bisi manéhna tiwas di pangperangan, engké batur anu ngawin pipamajikaneunana.’ 8 Salian ti éta, para kapala prajurit gé kudu nanya kieu, ’Saha anu sieun jeung kecing? Keun wéh sina balik, bisi batur kababawa sieun kawas manéhna.’ 9 Bérés ngomong kitu, para kapala prajurit kudu ngangkat komandan-komandan pasukan.

10 ”Lamun rék nyerang hiji kota, maranéh kudu ngumumkeun heula ka penduduk éta kota sarat-sarat supaya teu diserang. 11 Lamun sarat-saratna ditarima, seug maranéhna mukakeun gerbang kota, sakabéh jalma nu aya di dinya bakal jadi palayan nu digarawé keur maranéh. 12 Tapi lamun maranéhna teu daék narima sarat-saratna seug kalah ka ngajak perang, éta kota kudu dikepung. 13 Yéhuwa Allah maranéh tangtu bakal masrahkeun éta kota ka maranéh. Maranéh kudu maéhan sakabéh lalaki di dinya ku pedang. 14 Ari awéwé, barudak leutik, ingon-ingon, jeung sagala nu aya di kota mah meunang dijarah ku maranéh. Harta banda musuh-musuh meunang dicokot, lantaran Yéhuwa Allah maranéh geus masrahkeun éta kabéh.

15 ”Éta nu kudu dilampahkeun ku maranéh ka sakabéh kota nu jauh, nu teu kaasup wilayah bangsa-bangsa nu bakal dicicingan ku maranéh. 16 Ari jalma-jalma* nu aya di kota-kota di wilayah bangsa-bangsa éta mah kabéhanana kudu dipaéhan, nyaéta bangsa-bangsa nu tanahna bakal dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun jadi warisan. 17 Maranéh kudu numpes urang Hét, urang Amori, urang Kanaan, urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus, sakumaha paréntah Yéhuwa Allah maranéh. 18 Éta téh supaya maranéhna teu ngajarkeun sagala laku lampah nu pikageuleuheun nu dilampahkeun ku maranéhna keur allah-allahna. Éta bisa ngalantarankeun maranéh dosa ka Yéhuwa Allah maranéh.

19 ”Lamun maranéh ngepung hiji kota pikeun ngarebut éta kota, sarta maranéh geus perang salila mangpoé-poé, maranéh teu meunang nuar tatangkalan di dinya. Buahna meunang didahar, tapi tangkalna mah teu meunang dituar. Tatangkalan mah teu kudu diserang, da lain jelema. 20 Maranéh meunang nuaran tangkal nu lain tangkal bubuahan. Pék baé rék dituar mah, engké kaina jieunan pager pikeun ngepung kota nu keur perang jeung maranéh, nepi ka éta kota direbut ku maranéh.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun