PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Pamindo 26
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Pamindo

      • Ngabaktikeun hasil hasil panén nu mimiti (1-11)

      • Perpuluhan nu kadua (12-15)

      • Israél téh milik Yéhuwa nu istiméwa (16-19)

Pamindo 26:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”nu ampir musna”.

Pamindo 26:12

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”yatim pahatu”.

Pamindo 26:16

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Pamindo 26:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nu dipikanyaah”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Pamindo 26:1-19

Pamindo

26 ”Engké lamun maranéh geus asup ka tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun jadi warisan, sarta maranéh geus ngarebut éta tanah jeung matuh di dinya, 2 cokot hasil panén mimiti nu dikumpulkeun ku maranéh di tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh, asupkeun kana karanjang, tuluy bawa ka tempat nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun ngamulyakeun nami-Na. 3 Sok indit ka imam nu keur tugas dina waktu éta. Maranéh kudu ngomong kieu, ’Yéhuwa tos sumpah ka karuhun urang badé masihkeun ieu tanah, ayeuna abdi tos matuh di ieu tanah. Jadi, dinten ieu abdi badé mulang tarima ka Yéhuwa Allah urang.’

4 ”Geus kitu, imam bakal nyokot karanjang nu dibawa ku maranéh, tuluy diteundeun hareupeun mézbah Yéhuwa Allah maranéh. 5 Maranéh kudu ngucapkeun kieu di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, ’Karuhun abdi téh urang Aram nu ngumbara.* Anjeunna angkat ka Mesir tuluy matuh di ditu jadi urang asing sareng kulawargana nu mung sakedik. Tapi di ditu, anjeunna jadi bangsa nu ageung sareng kuat pisan. 6 Seug ku urang Mesir ditindes meni kejem pisan sareng diperbudak. 7 Jadi abdi sadaya sasambat ka Yéhuwa Allah karuhun abdi sadaya, seug jumerit abdi sadaya didangu ku Yéhuwa. Anjeunna ningali abdi sadaya balangsak, sangsara, sareng ditindes. 8 Tungtungna, Yéhuwa ngabudalkeun abdi sadaya ti Mesir ku kawasa-Na nu ageung sareng kakuatana-Na nu hébat. Anjeunna midamel hal-hal nu pikasieuneun sarta némbongkeun tanda-tanda sareng mujijat-mujijat. 9 Tos kitu, abdi sadaya dicandak ka ieu tempat sarta dipasihan ieu tanah, tanah nu seueur susu sareng maduna. 10 Ayeuna, abdi badé nyanggakeun hasil panén nu mimiti ti tanah nu dipasihan ku Yéhuwa.’

”Ti dinya, éta karanjang kudu diteundeun di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, sarta maranéh kudu sujud di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh. 11 Sing gumbira ku karana sagala kahadéan ti Yéhuwa Allah maranéh ka maranéh sakulawarga. Sing gumbira bareng jeung urang Léwi sarta urang asing nu cicing di antara maranéh.

12 ”Dina taun katilu, nyaéta taun perpuluhan, maranéh kudu mawa sapersapuluh tina sakabéh hasil panén, tuluy bikeun ka urang Léwi, urang asing nu cicing di antara maranéh, budak yatim,* jeung randa nu aya di kota-kota maranéh. Maranéhna bakal dahar nepi ka seubeuh. 13 Tuluy maranéh kudu ngomong kieu di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, ’Bagian nu suci nu aya di bumi abdi tos dicandak sareng dipasihkeun ka urang Léwi, urang asing, budak yatim, sareng randa, sakumaha paréntah Gusti. Abdi teu ngalanggar sarta teu nyapirakeun paréntah Gusti. 14 Éta teu diteda ku abdi waktu keur sungkawa atawa waktu keur kanajisan, sareng teu dipasihkeun ka nu maot. Nun Yéhuwa Allah abdi, abdi tos taat sareng ngajalankeun sagala paréntah Gusti. 15 Ku kituna, mugia Gusti ningali ti sorga, ti panglinggihan Gusti nu suci. Berkahan umat Gusti, nyaéta Israél, sarta ieu tanah nu seueur susu sareng maduna, nyaéta tanah nu dipasihkeun ku Gusti ka abdi sadaya, sakumaha sumpah Gusti ka karuhun.’

16 ”Poé ieu, Yéhuwa Allah maranéh méré paréntah sangkan maranéh ngajalankeun aturan jeung putusan hukum ieu. Éta kudu diturut jeung dijalankeun ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa.* 17 Poé ieu, Yéhuwa geus nganyatakeun yén Anjeunna bakal jadi Allah maranéh salila maranéh nuturkeun jalan-Na, ngajalankeun aturana-Na, paréntah-Na, jeung putusan hukum-Na, sarta salila maranéh ngadéngékeun Anjeunna. 18 Poé ieu gé maranéh geus nganyatakeun ka Yéhuwa yén maranéh bakal jadi umat-Na, milik-Na nu istiméwa,* sakumaha jangji-Na, sarta maranéh bakal nurut kana sagala paréntah-Na. 19 Lamun maranéh ngabuktikeun yén maranéh téh umat nu suci kanggo Yéhuwa Allah maranéh, maranéh bakal dipunjulkeun ti sakabéh bangsa damelan Anjeunna, sarta bakal dipuji, dihormat, jeung dimulyakeun, sakumaha jangji-Na.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun