1 Timotius
3 Kekecapan ieu téh bisa dipercaya: Lamun saurang priya ngupayakeun jadi pangawas, manéhna téh mikahayang pagawéan nu hadé. 2 Saurang pangawas kudu bener hirupna ngarah teu dikiritik ku batur, ngan boga hiji pamajikan, bisa ngadalikeun kabiasaanana, boga pikiran nu séhat,* tartib, béréhan,* boga kamampuh pikeun ngajar, 3 lain tukang mabok, teu kasar, tapi daék ngéléhan, tara paséa, teu mata duitan, 4 priya nu hadé dina mingpin* kulawargana, budakna narurut jeung balageur* 5 (sabab lamun saurang priya teu bisa mingpin* kulawargana sorangan, kumaha manéhna bisa ngurus sidang jamaah Allah?), 6 sarta lain jalma nu anyaran jadi murid, bisi manéhna gedé hulu jeung narima panghakiman nu sarua jeung Iblis. 7 Salian ti éta, manéhna kudu boga ngaran nu alus di luar sidang jamaah, ngarah manéhna henteu dihina* jeung henteu dijiret ku Iblis.
8 Kitu ogé, palayan sidang kudu sérius, teu munapék,* teu kaleuleuwihi nginum cianggur, teu sarakah, teu néang kauntungan maké cara nu teu jujur, 9 sarta nyekel rasiah suci, nyaéta iman, bari boga haté sanubari nu bersih.
10 Salian ti éta, maranéhna kudu diuji heula, layak atawa henteu.* Lamun maranéhna bébas tina tuduhan, kakara bisa jadi palayan sidang.
11 Para wanita gé kudu sérius, tong sok mitnah, bisa ngadalikeun kabiasaanana, jeung satia dina sagala hal.
12 Palayan sidang téh ngan boga hiji pamajikan sarta kudu hadé dina mingpin barudak jeung rumah tanggana. 13 Priya nu ngalalayanan ku cara nu hadé bakal boga ngaran alus jeung moal asa-asa nyaritakeun imanna, nyaéta iman ka Isa Al-Masih.
14 Hayangna mah kuring gancang datang ka manéh, tapi kuring nulis ieu kabéh téh 15 bisi kuring datangna telat, jadi manéh geus nyaho kudu kumaha laku lampah manéh di rumah tangga Allah, nyaéta sidang jamaah Allah nu hirup, anu jadi tihang jeung panyangga bebeneran. 16 Rasiah suci ngeunaan pangabdian ka Allah ieu téh penting pisan: ’Manéhna némbongkeun diri jadi manusa, disebut bener waktu jadi mahluk roh, manggihan para malaikat, diuarkeun ka bangsa-bangsa, dipercaya di dunya, sarta ditarima di sorga jeung dimulyakeun.’