Titus
2 Tapi manéh mah terus ajarkeun naon nu sajalan jeung pangajaran nu bener.* 2 Priya nu geus kolot kudu bisa ngadalikeun kabiasaanana, sérius, boga pikiran nu séhat,* pengkuh iman, nyaahan, jeung tabah. 3 Kitu ogé wanita nu geus kolot, hirupna kudu soléh, tara mitnah, teu katagihan ku cianggur, jeung ngajarkeun kahadéan, 4 ngarah bisa méré naséhat ka* wanita nu ngora pikeun nyaah ka salaki jeung barudak, 5 boga pikiran nu séhat,* murni, ngurus rumah tangga, bageur, jeung tunduk ka salakina, supaya firman Allah teu digogoréng.
6 Kitu ogé, terus papatahan priya nu ngora ngarah boga pikiran nu séhat,* 7 jeung dina sagala hal kudu jadi tuladan dina nyieun kahadéan. Sing sérius waktu ngajarkeun hal-hal nu murni,* 8 bari maké kekecapan nu bener* nu teu bisa dikiritik. Ku kituna, jalma-jalma nu nentang jadi éraeun lantaran teu bisa ngagogoréng urang.* 9 Para palayan kudu tunduk ka dununganana dina sagala hal, sabisa-bisa nyenangkeun maranéhna, ulah ngabantah, 10 ulah puak-paok, sabalikna kudu bener-bener bisa dipercaya. Ku kituna dina sagala hal, para palayan bisa ngahias pangajaran Allah, Jurusalamet urang.
11 Welas asih Allah nu taya bandingna* geus jadi nyata, jeung bisa nyalametkeun sagala rupa jalma. 12 Welas asih éta ngalatih urang pikeun nolak hal-hal nu teu sajalan jeung kahayang Allah sarta nolak kahayang nu salah ti dunya ieu. Urang gé dilatih pikeun boga pikiran nu séhat,* ngalampahkeun nu bener, jeung ngabdi ka Allah di tengah-tengah dunya* ayeuna, 13 bari ngadagoan ngawujudna harepan nu éndah éta sarta ngadagoan Allah Nu Mahakawasa jeung Jurusalamet urang, Isa Al-Masih, némbongkeun kamulyaan Aranjeunna. 14 Al-Masih ngorbankeun dirina keur urang pikeun ngabébaskeun* urang tina sagala palanggaran hukum, jeung ngabersihkeun urang supaya jadi umat-Na nu istiméwa, nu sumanget ngalampahkeun hal nu hadé.
15 Terus ajarkeun hal-hal ieu bari méré naséhat* jeung méré tegoran ku wewenang nu dibikeun ka manéh. Ulah nepi ka aya nu nyapirakeun manéh.