Ibrani
7 Mélkhizédék raja Salém, imam ti Allah Nu Maha Agung, panggih jeung Ibrahim nu kakara balik sanggeus ngéléhkeun raja-raja, tuluy manéhna ngaberkahan Ibrahim. 2 Manéhna ku Ibrahim dibéré jarahan sapersapuluhna. Harti ngaran manéhna téh ”Raja nu Bener”. Manéhna gé raja Salém nu hartina ”Raja Katengtreman”. 3 Saha indung bapana, kumaha daptar silsilahna, iraha lahirna jeung maotna euweuh nu apal. Tapi manéhna dijadikeun siga Putra Allah, nyaéta jadi imam keur salilana.
4 Perhatikeun sakumaha hébatna manéhna téh nepi ka Ibrahim, bapana karuhun* urang, méré sapersapuluh tina jarahan nu pangalusna. 5 Mémang nurutkeun Torét, turunan Léwi nu jadi imam diparéntahkeun pikeun narik perpuluhan ti bangsa éta, nyaéta ti dulur-dulurna kénéh, sanajan kabéhanana téh turunan Ibrahim. 6 Tapi jalma ieu, nu lain turunan Léwi, narima perpuluhan ti Ibrahim jeung ngaberkahan Ibrahim nu meunang jangji-jangji ti Allah. 7 Kabéh gé satuju, nu ngaberkahan leuwih luhur tibatan nu diberkahan. 8 Turunan Léwi nu narima perpuluhan téh manusa nu bisa maot, tapi jalma nu séjénna deui, nu narima perpuluhan éta mah tetep hirup. Kitu ceuk Kitab Suci. 9 Jadi meunang ogé disebutkeun yén Léwi, nu narima perpuluhan, geus mayar perpuluhan liwat Ibrahim, 10 sabab manéhna téh turunanana Ibrahim nu can lahir waktu karuhunna éta panggih jeung Mélkhizédék.
11 Kaimaman Léwi téh bagian tina Torét nu dibikeun ka bangsa Israél. Lamun urang bisa jadi sampurna liwat kaimaman Léwi, keur naon deui aya imam séjén nu siga Mélkhizédék? Lainna geus cukup aya imam nu siga Harun? 12 Ku sabab kaimaman téh barobah, nya Torét gé kudu dirobah. 13 Jalma nu keur diomongkeun ieu mah asalna ti kaom séjén, jeung teu aya jalma ti kaom éta nu pernah ngalalayanan di mézbah. 14 Geus jelas, Juragan urang téh asalna ti kaom Yéhuda, tapi Musa teu pernah nyebutkeun bakal aya imam ti kaom éta.
15 Hal ieu jadi beuki jelas waktu aya imam séjén nu siga Mélkhizédék. 16 Manéhna jadi imam téh lain lantaran asalna ti kaom nu ditangtukeun ku hukum, tapi lantaran manéhna boga kawasa nu nyababkeun kahirupanana teu bisa musna. 17 Dina hiji ayat disebutkeun, ”Manéh téh imam nu langgeng cara Mélkhizédék.”
18 Ku kituna, aturan nu saacanna téh geus teu kapaké deui lantaran aya kalemahanana jeung taya gunana. 19 Euweuh nu bisa disampurnakeun ku Torét, tapi sagala hal bisa jadi sampurna ku harepan nu leuwih hadé ti Allah. Harepan éta ngaraketkeun urang jeung Allah. 20 Lantaran Allah sumpah waktu netepkeun Isa jadi imam 21 (mémang, aya jalma-jalma nu jadi imam, jeung Allah henteu sumpah ngeunaan maranéhna, tapi jalma ieu mah dijadikeun imam lantaran Allah geus sumpah ngeunaan manéhna, ”Yéhuwa geus sumpah, jeung Anjeunna moal barobah pikiran,* ’Manéh téh imam nu langgeng’”), 22 Isa jadi jaminan keur perjangjian nu leuwih hadé. 23 Salian ti éta, loba jalma jadi imam lantaran ngagantikeun imam saacanna nu maot jeung teu bisa neruskeun palayananana. 24 Tapi lantaran Isa mah hirup salilana, teu kudu aya nu ngagantikeun manéhna jadi imam. 25 Ku kituna, manéhna bener-bener sanggup nyalametkeun saha waé nu ngaraket ka Allah ku jalan manéhna, lantaran manéhna terus hirup pikeun mangnyuhunkeun ka Allah demi kapentingan jalma-jalma éta.
26 Urang mémang perlu imam agung nu siga kitu, nu satia, teu boga salah, teu najis, teu keuna ku dosa, jeung dipunjulkeun di luhureun langit. 27 Teu siga imam agung séjénna, manéhna teu kudu méré kurban unggal poé, mimitina keur dosana sorangan, tuluy keur dosa bangsana, lantaran manéhna geus ngorbankeun dirina sakali keur salilana. 28 Imam agung nu dilantik nurutkeun Torét mah jalma nu boga kalemahan. Tapi sanggeus méré Torét, Allah sumpah bakal ngalantik Putra-Na jadi imam agung, nu geus dijadikeun sampurna salilana.