Yosua
1 Sanggeus Musa hamba Yéhuwa maot, Yéhuwa ngomong ka Yosua* anak Nun, palayan Musa, 2 ”Musa hamba Kuring geus maot. Ayeuna manéh jeung sakabéh bangsa Israél geura siap-siap. Sok peuntasan Walungan Yordan ka nagri nu bakal dibikeun ku Kuring ka bangsa ieu. 3 Ka mana waé maranéh ngajugjug, tempat éta bakal dibikeun ku Kuring ka maranéh, sakumaha jangji Kuring ka Musa. 4 Daérah maranéh legana ti gurun keusik ieu nepi ka Lébanon, nepi ka walungan gedé nyaéta Éfrat, jeung nepi ka Laut Tengah* di beulah kulon,* kaasup sakabéh tanah urang Hét. 5 Salila manéh hirup, moal aya nu bisa ngéléhkeun manéh. Sakumaha Kuring geus nyarengan Musa, Kuring gé bakal nyarengan manéh. Manéh moal bakal ditinggalkeun atawa diculkeun ku Kuring. 6 Manéh kudu wani jeung kuat, sabab manéh nu bakal mingpin bangsa ieu pikeun ngapimilik tanah nu dijangjikeun ka karuhun maranéhna, sakumaha sumpah Kuring.
7 ”Manéh kudu wani jeung bener-bener kuat. Jalankeun sing bener sakabéh Torét nu diparéntahkeun ka manéh ku Musa hamba Kuring. Ulah nyimpang ka kénca atawa ka katuhu, supaya manéh bisa bijaksana dina sagala lalampahan manéh. 8 Buku Torét ieu kudu terus diomongkeun ku manéh jeung dibaca beurang peuting bari dipikirkeun bener-bener,* supaya manéh bisa bener-bener ngajalankeun sagala nu ditulis di dinya. Ku kituna, sagala lalampahan manéh bakal bijaksana jeung alus hasilna. 9 Sing inget, Kuring geus méré paréntah ieu ka manéh: Manéh kudu wani jeung kuat. Ulah sieun atawa geumpeur, sabab ka mana waé manéh indit, Yéhuwa Allah manéh nyarengan manéh.”
10 Tuluy Yosua méré paréntah ka para pamingpin bangsa éta, 11 ”Sok ideran pakémahan jeung béré paréntah ieu ka jalma-jalma: ’Geura siap-siap, sabab tilu poé deui maranéh bakal meuntasan Walungan Yordan pikeun asup jeung ngarebut tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh.’”
12 Terus ka kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé, Yosua ngomong kieu, 13 ”Sing inget kana paréntah Musa hamba Yéhuwa ka maranéh, ’Yéhuwa Allah maranéh geus mikeun tanah ieu supaya maranéh bisa hirup tengtrem. 14 Anak pamajikan jeung ingon-ingon maranéh bakal tetep cicing di sisi Walungan Yordan beulah dieu,* di tanah nu dibikeun ku Musa ka maranéh. Ari maranéh, para prajurit nu perkasa, kudu milu meuntas di hareupeun dulur-dulur maranéh bari siap perang. Bantuan dulur-dulur maranéh 15 nepi ka maranéhna ngarebut tanah nu dibikeun ku Yéhuwa sarta dibéré hirup tengtrem ku Yéhuwa siga maranéh. Geus kitu, maranéh meunang balik deui jeung nyicingan tanah di wétaneun Walungan Yordan, nu dibikeun ka maranéh ku Musa hamba Yéhuwa.’”
16 Maranéhna ngajawab Yosua, ”Urang kabéh bakal ngalaksanakeun sagala paréntah anjeun jeung daék diutus ka mana waé gé. 17 Urang bakal nurut ka anjeun sakumaha urang gé nurut ka sakabéh omongan Musa. Mugia Yéhuwa Allah anjeun nyarengan anjeun sakumaha Anjeunna nyarengan Musa. 18 Saha waé nu ngalawan ka anjeun jeung teu nurut kana paréntah anjeun kudu dipaéhan. Anjeun kudu wani jeung kuat.”