Yosua
10 Adoni-zédék raja Yérusalém ngadéngé béja yén Yosua geus ngarebut jeung ngamusnakeun kota Ai. Ai jeung rajana téh geus dimusnakeun siga Yérikho jeung rajana. Manéhna gé ngadéngé penduduk Gibéon téh geus jadi baladna urang Israél, malah cicing bareng jeung maranéhna. 2 Jadi, manéhna kasieunan pisan, sabab Gibéon téh kota nu gedé siga kota nu dipingpin ku raja. Kotana téh leuwih gedé tibatan Ai, jaba kabéh lalakina téh jarago perang. 3 Ku kituna, Adoni-zédék raja Yérusalém ngirim pesen kieu ka Hoham raja Hébron, Piram raja Yarmut, Yafia raja Lakhis, jeung Débir raja Églon, 4 ”Hayu bantuan, urang serang Gibéon lantaran Gibéon geus jadi baladna Yosua jeung urang Israél.” 5 Jadi, lima raja urang Amori éta, nyaéta raja Yérusalém, raja Hébron, raja Yarmut, raja Lakhis, jeung raja Églon, bareng jeung pasukan maranéhna ngagabung tuluy indit rék merangan Gibéon.
6 Jadi, urang Gibéon ngirim pesen ka Yosua nu aya di pakémahan di Gilgal, ”Juragan, abdi sadaya ulah diantep. Geura datang! Tulungan jeung salametkeun abdi sadaya, sabab sakabéh raja urang Amori ti daérah pagunungan geus ngagabung rék merangan abdi sadaya.” 7 Jadi, Yosua indit ti Gilgal bareng jeung sakabéh pasukan sarta prajuritna nu jaragoan.
8 Tuluy Yéhuwa ngomong ka Yosua, ”Ulah sieun ka maranéhna, sabab Kuring geus nyerahkeun maranéhna ka manéh. Moal aya hiji-hiji acan nu sanggup ngalawan manéh.” 9 Sanggeus leumpang sapeupeuting ti Gilgal, Yosua ngayakeun serangan ngadadak ka urang Amori. 10 Ku Yéhuwa maranéhna disina bingung, tuluy dibasmi ku urang Israél di Gibéon. Sésana diberik jeung dipaéhan di jalan nu naék ka Bét-horon, nepi ka Azéka jeung Makéda. 11 Basa maranéhna kabur lalumpatan ti urang Israél di jalan nu turun ti Bét-horon, Yéhuwa nurunkeun hujan batu nu baradag di sapanjang jalan ka Azéka. Nu paéh ku lantaran hujan batu éta leuwih loba tibatan nu paéh ku lantaran pedang prajurit Israél.
12 Dina poé Yéhuwa ngéléhkeun urang Amori di hareupeun urang Israél, Yosua ngomong kieu ka Yéhuwa bari disaksian ku urang Israél,
”Panonpoé, cicing di luhureun Gibéon,
Jeung bulan, cicing di luhureun Lebak Aiyalon!”
13 Jadi, panonpoé cicing jeung bulan teu obah nepi ka urang Israél ngéléhkeun musuh-musuhna. Éta kabéh ditulis dina buku Yasyar. Panonpoé cicing di tengah-tengah langit, kira-kira sapoé jeput teu surup-surup. 14 Saacanna atawa sanggeusna, teu pernah aya poé nu kawas kitu. Harita, Yéhuwa ngabulkeun paménta saurang manusa, sabab Yéhuwa keur perang demi Israél.
15 Geus kitu, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél balik ka pakémahan di Gilgal.
16 Ari lima raja urang Amori téa kalabur tuluy nyarumput di hiji guha di Makéda. 17 Geus kitu, aya nu ngalapor ka Yosua, ”Lima raja téh keur nyumput di guha di Makéda.” 18 Jadi Yosua nitah kieu, ”Tutupan guhana ku batu-batu garedé jeung titah sababaraha jalma ngajaga di dinya. 19 Tapi, nu séjénna ulah eureun ngudag musuh-musuh jeung serang maranéhna ti tukang. Maranéhna ulah nepi asup ka kota-kotana, sabab Yéhuwa Allah maranéh geus nyerahkeun musuh-musuh éta ka maranéh.”
20 Yosua jeung urang Israél ngabasmi maranéhna nepi ka téréh béak, kajaba sababaraha nu salamet lantaran arasup ka kota nu dibénténgan. 21 Geus kitu, kabéh prajurit baralik ka Yosua di pakémahan di Makéda, kabéhanana salamet. Di daérah éta, geus euweuh nu wani nangtang urang Israél. 22 Tuluy ceuk Yosua, ”Buka guhana, bawa lima raja éta ka dieu.” 23 Jadi, lima raja éta dikaluarkeun tina guha tuluy dibawa ka Yosua. Maranéhna téh raja Yérusalém, raja Hébron, raja Yarmut, raja Lakhis, jeung raja Églon. 24 Waktu raja-raja éta dibawa ka Yosua, Yosua ngageroan sakabéh priya Israél sarta ngomong ka para komandan pasukan nu milu jeung manéhna, ”Ka darieu. Tincak punduk raja-raja ieu.” Jadi maranéhna nyalampeurkeun, tuluy nincak punduk raja-raja éta. 25 Yosua ngomong ka maranéhna, ”Ulah sieun atawa geumpeur. Maranéh kudu wani jeung kuat. Ieu nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa ka kabéh musuh nu diperangan ku maranéh.”
26 Sanggeus kitu, Yosua maéhan jeung ngagantung raja-raja éta dina lima tihang.* Cul maranéhna diantep nepi ka burit. 27 Waktu panonpoé surup, Yosua nitah supaya mayit-mayitna diturunkeun tina tihang, tuluy dibalangkeun ka guha tempat maranéhna nyarumput. Guhana ditutupan ku batu-batu nu garedé, éta aya nepi ka ayeuna.
28 Poé éta kénéh, Yosua ngarebut Makéda jeung nyerang kota éta ku pedang. Manéhna maéhan rajana jeung unggal jalma di dinya, euweuh nu salamet hiji-hiji acan. Manéhna maéhan raja Makéda sarua siga maéhan raja Yérikho.
29 Sanggeusna, Yosua bareng jeung kabéh prajurit indit ti Makéda ka Libna, tuluy nyerang kota Libna. 30 Yéhuwa gé nyerahkeun kota éta jeung rajana ka Israél. Kota éta jeung unggal jalma nu aya di dinya diserang ku pedang, euweuh nu salamet hiji-hiji acan. Maranéhna maéhan raja Libna sarua siga maéhan raja Yérikho.
31 Tuluy Yosua jeung sakabéh prajurit Israél indit ti Libna ka Lakhis. Maranéhna masang kémah di dinya, jeung nyerang kota Lakhis. 32 Yéhuwa nyerahkeun Lakhis ka Israél. Dina poé nu kadua, maranéhna ngarebut kota éta. Kota éta jeung unggal jalma nu aya di dinya diserang ku pedang, sakumaha maranéhna ngamusnakeun Libna.
33 Horam raja Gézér datang rék nulungan Lakhis, tapi manéhna jeung sakabéh prajuritna dipaéhan ku Yosua, euweuh nu salamet hiji-hiji acan.
34 Geus kitu, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél indit ti Lakhis ka Églon. Maranéhna masang kémah di dinya, jeung nyerang kota Églon. 35 Poé éta kénéh, maranéhna ngarebut jeung nyerang kota éta ku pedang. Poé éta ogé, maranéhna ngamusnakeun unggal jalma nu aya di kota éta, sakumaha maranéhna ngamusnakeun Lakhis.
36 Terus Yosua jeung sakabéh prajurit Israél indit ti Églon ka Hébron, jeung nyerang kota Hébron. 37 Maranéhna ngarebut kota éta, nyerang rajana, kota-kota di sakurilingna, jeung unggal jalma nu aya di dinya ku pedang, euweuh nu salamet hiji-hiji acan. Manéhna ngamusnakeun kota éta jeung unggal jalma nu aya di dinya, sakumaha manéhna ngamusnakeun Églon.
38 Ahirna, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél malik ka Débir, tuluy nyerang kota éta. 39 Manéhna ngarebut kota éta, nyerang rajana, jeung kota-kota di sakurilingna ku pedang. Unggal jalma nu aya di dinya dipaéhan, euweuh nu salamet hiji-hiji acan. Manéhna ngamusnakeun Débir jeung rajana, sakumaha manéhna ngamusnakeun Hébron jeung Libna sarta raja-rajana.
40 Yosua nalukkeun sakabéh nagri di daérah pagunungan, Négéb, Syéféla, jeung daérah lamping.* Kabéh rajana gé dipaéhan, euweuh nu salamet hiji-hiji acan. Unggal jalma dipaéhan ku manéhna, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa Allah Israél. 41 Yosua nalukkeun maranéhna kabéh ti Kadés-barnéa nepi ka Gaza jeung sakabéh tanah Gosyén nepi ka Gibéon. 42 Yosua ngéléhkeun raja-rajana sakaligus ngarebut nagri maranéhna, sabab Yéhuwa Allah Israél nu perang demi Israél. 43 Sanggeus kitu, Yosua jeung sakabéh prajurit Israél balik ka pakémahan di Gilgal.