Yosua
12 Ieu raja-raja nu diéléhkeun ku urang Israél, nu tanahna direbut di wétaneun Walungan Yordan, ti Lebak* Arnon+ nepi ka Gunung Hérmon+ jeung sakabéh daérah Araba ka arah wétan:+ 2 Sihon+ raja urang Amori, nu cicing di Hésbon. Manéhna ngawasaan Aroér,+ nu aya di sisi Lebak* Arnon,+ bagian tengah éta lebak, jeung satengah Giléad nepi ka Lebak* Yabok, nyaéta wates daérah urang Ammon. 3 Manéhna gé ngawasaan Araba nepi ka Situ Khinérét*+ ka arah wétan jeung nepi ka Laut Araba, nyaéta Laut Paéh.* Daérah manéhna gé kaasup Bét-yésyimot nepi ka suku Gunung Pisga di beulah kidul.+
4 Maranéhna gé ngarebut daérahna Raja Og+ ti Basyan. Manéhna téh salah sahiji urang Réfaim nu nyésa,+ nu matuh di Astarot jeung Édréi. 5 Manéhna ngawasaan Gunung Hérmon, Saléka, jeung sakabéh Basyan,+ nepi ka wates daérahna urang Gésyur jeung urang Maakat,+ ogé satengah Giléad, nepi ka daérahna Raja Sihon ti Hésbon.+
6 Éta dua raja nu geus diéléhkeun ku Musa hamba Yéhuwa jeung urang Israél.+ Ari tanah maranéhna ku Musa hamba Yéhuwa dibikeun ka kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé.+
7 Ari nu diéléhkeun ku Yosua jeung urang Israél téh nyaéta sakabéh raja nu aya di kuloneun Walungan Yordan, ti Baal-gad+ di Lebak Lébanon+ nepi ka Gunung Halak+ di deukeut Séir.+ Tanah maranéhna ku Yosua dibikeun ka kaom-kaom Israél nurutkeun bagianana masing-masing.+ 8 Tanahna téh kaasup daérah pagunungan, Syéféla, Araba, lamping-lamping,* tanah gurun, jeung Négéb,+ nu dicicingan ku urang Hét, urang Amori,+ urang Kanaan, urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus.+ Ieu raja-raja nu diéléhkeun:
9 Raja Yérikho,+ raja Ai+ nu aya di gigireun Bétel,
10 raja Yérusalém, raja Hébron,+
11 raja Yarmut, raja Lakhis,
12 raja Églon, raja Gézér,+
13 raja Débir,+ raja Gédér,
14 raja Horma, raja Arad,
15 raja Libna,+ raja Adulam,
17 raja Tapua, raja Héfér,
18 raja Afék, raja Lassyaron,
19 raja Madon, raja Hazor,+
20 raja Syimron-méron, raja Akhsyaf,
21 raja Taanakh, raja Mégido,
22 raja Kédés, raja Yoknéam+ di Karmél,
23 raja Dor di lamping Dor,+ raja Goyim di Gilgal,
24 jeung raja Tirza. Kabéhanana aya 31 raja.