Yosua
13 Ayeuna Yosua geus kolot pisan.+ Jadi Yéhuwa ngucap kieu ka manéhna, ”Manéh téh geus kolot pisan, tapi loba kénéh tanah nu kudu direbut.* 2 Ieu tanah sésana+ téh: sakabéh daérah urang Filistin jeung daérah urang Gésyur+ 3 (ti cagak Walungan Nil* wétaneun* Mesir nepi ka wates Ékron di beulah kalér, nu saacanna dianggap daérahna urang Kanaan)+ kaasup daérahna lima pangawasa urang Filistin,+ nyaéta urang Gaza, urang Asdod,+ urang Askélon,+ urang Gat,+ jeung urang Ékron;+ daérahna urang Awim+ 4 di beulah kidul; sakabéh tanah urang Kanaan; Méara, daérahna urang Sidon,+ nepi ka Afék, nu aya di wates daérahna urang Amori; 5 tanah urang Gébal+ jeung sakabéh Lébanon ka arah wétan, ti Baal-gad di suku Gunung Hérmon nepi ka Lébo-hamat;*+ 6 sakabéh daérahna urang Sidon,+ nyaéta penduduk daérah pagunungan ti Lébanon+ nepi ka Misréfot-maim.+ Kuring rék ngusir maranéhna ti hareupeun urang Israél.+ Manéh mah kari ngabagi-bagikeun éta daérah jadi warisan jang urang Israél, sakumaha paréntah Kuring ka manéh.+ 7 Ayeuna, manéh kudu ngabagi-bagikeun éta tanah jadi warisan keur salapan kaom jeung satengah kaom Manasyé.”+
8 Ari kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengahna deui ti kaom Manasyé geus narima tanah warisan ti Musa wétaneun Walungan Yordan, sakumaha nu dibikeun ku Musa hamba Yéhuwa.+ 9 Tanahna dimimitian ti Aroér,+ nu aya di sisi Lebak Arnon,*+ kaasup kota nu aya di tengah éta lebak, jeung sakabéh padataran luhur Médéba nepi ka Dibon; 10 sakabéh kotana Sihon, raja urang Amori nu ngawasa di Hésbon, nepi ka wates daérah urang Ammon;+ 11 Giléad, daérah urang Gésyur jeung urang Maakat,+ sakabéh Gunung Hérmon, jeung sakabéh Basyan+ nepi ka Saléka;+ 12 sakabéh daérah karajaan Og di Basyan, nu ngawasa di Astarot jeung Édréi. (Manéhna téh salah sahiji urang Réfaim nu nyésa.)+ Musa ngéléhkeun jeung ngusir pendudukna.+ 13 Tapi, urang Israél henteu ngusir+ urang Gésyur jeung urang Maakat. Maranéhna tetep cicing bareng jeung urang Israél nepi ka ayeuna.
14 Ngan kaom Léwi nu teu narima warisan ti Musa.+ Warisan maranéhna téh kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa Allah Israél,+ sakumaha jangji Anjeunna ka maranéhna.+
15 Tuluy, Musa mikeun tanah warisan ka kulawarga-kulawarga ti kaom Rubén. 16 Daérahna dimimitian ti Aroér, nu aya di sisi Lebak Arnon,* kaasup kota nu aya di tengah éta lebak, jeung sakabéh padataran luhur Médéba; 17 Hésbon jeung sakabéh kotana+ nu aya di padataran luhur, Dibon, Bamot-baal, Bét-baal-méon,+ 18 Yahaz,+ Kédémot,+ Méfaat,+ 19 Kiriataim, Sibma,+ Zérét-syahar di gunung deukeut lebak, 20 Bét-péor, daérah di lamping* Pisga,+ Bét-yésyimot,+ 21 sakabéh kota di padataran luhur, jeung sakabéh daérah karajaan Sihon, raja urang Amori nu ngawasa di Hésbon.+ Musa ngéléhkeun manéhna+ sarta para pamingpin urang Midian, nyaéta Éwi, Rékém, Zur, Hur, jeung Réba.+ Maranéhna cicing di éta nagri jeung tunduk ka Sihon. 22 Biléam+ anak Béor, tukang ngaramal téa,+ kaasup di antara jalma-jalma nu dipaéhan ku pedang urang Israél. 23 Wates daérah kaom Rubén téh nyaéta Walungan Yordan. Éta tanah warisan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga ti kaom Rubén, kaasup kota-kota jeung désa-désana.
24 Tuluy, Musa mikeun tanah warisan ka kulawarga-kulawarga ti kaom Gad. 25 Daérah maranéhna kaasup Yazér,+ sakabéh kota di Giléad, jeung satengah ti tanah urang Ammon+ nepi ka Aroér hareupeun Raba;+ 26 ti Hésbon+ nepi ka Ramat-mizpé jeung Bétonim, sarta ti Mahanaim+ nepi ka wates Débir; 27 sarta daérah lebak, nyaéta Bét-haram, Bét-nimra,+ Sukot,+ jeung Zafon. Éta téh sésa daérah karajaan Raja Sihon ti Hésbon,+ nu watesna téh nyaéta Walungan Yordan beulah wétan nepi ka Situ Khinérét*+ bagian kidul. 28 Éta tanah warisan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga ti kaom Gad, kaasup kota-kota jeung désa-désana.
29 Saterusna, Musa mikeun tanah warisan ka kulawarga-kulawarga ti satengah kaom Manasyé.+ 30 Daérah maranéhna dimimitian ti Mahanaim+ kaasup sakabéh Basyan, nyaéta sakabéh daérah karajaan Raja Og ti Basyan, sarta sakabéh kampung pakémahan Yair+ di Basyan. Di daérah maranéhna téh aya 60 kota. 31 Ari satengahna Giléad sarta Astarot jeung Édréi,+ nyaéta dua kota di daérah karajaan Og di Basyan, dibikeun ka turunan Makhir+ anak Manasyé, nyaéta ka kulawarga-kulawarga ti satengah turunan Makhir.
32 Éta tanah warisan nu dibikeun ku Musa ka maranéhna di Gurun Keusik Moab wétaneun Walungan Yordan, peuntaseun Yérikho.+
33 Ari kaom Léwi mah teu dibéré warisan ku Musa.+ Warisan maranéhna téh nyaéta kahormatan pikeun ngalalayanan Yéhuwa Allah Israél,* sakumaha jangji Anjeunna ka maranéhna.+