Yosua
14 Imam Éléazar, Yosua anak Nun, jeung para pamingpin kulawarga ti unggal kaom Israél geus mikeun tanah Kanaan jadi warisan keur urang Israél. 2 Tanah warisan keur salapan satengah kaom dibagikeun ku cara diundi, sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa. 3 Musa geus mikeun tanah warisan ka dua satengah kaom séjénna di beulah ditu* Walungan Yordan, ari kaom Léwi teu dibéré tanah warisan. 4 Turunan Yusuf jadi dua kaom, nyaéta Manasyé jeung Éfraim. Kaom Léwi teu narima tanah warisan, tapi ngan dibéré kota-kota keur dicicingan sarta tegalan keur ingon-ingon maranéhna. 5 Urang Israél ngabagi-bagi tanah sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa.
6 Tuluy sababaraha priya ti kaom Yéhuda datang ka Yosua di Gilgal, jeung Kaléb anak Yéfuné urang Kénaz téa ngomong kieu ka Yosua, ”Manéh apal pisan ucapan Yéhuwa ka Musa hamba ti Allah nu bener ngeunaan urang duaan basa di Kadés-barnéa. 7 Umur urang téh 40 taun basa diutus ku Musa hamba Yéhuwa. Urang dititah indit ti Kadés-barnéa pikeun mariksa kaayaan tanah ieu, jeung urang ngalaporkeun kaayaan nu sabenerna. 8 Sanajan babaturan nu milu jeung urang méré laporan nu nyingsieunan bangsa ieu, urang mah nurut ka Yéhuwa Allah urang ku sapinuh haté. 9 Poé éta, Musa sumpah, ’Tanah nu ditincak ku manéh bakal jadi warisan keur manéh jeung turunan manéh salilana, lantaran manéh nurut ka Yéhuwa Allah urang ku sapinuh haté.’ 10 Sakumaha jangji-Na, Yéhuwa nangtayungan urang salila 45 taun ieu ti saprak Yéhuwa ngucapkeun jangji ieu ka Musa waktu bangsa Israél ngumbara di gurun keusik. Ayeuna urang geus 85 taun, 11 tapi jagjag kénéh, teu béda jeung baheula basa urang diutus ku Musa. Rék perang atawa rék naon waé gé urang mah kuat kénéh siga baheula. 12 Jadi, daérah pagunungan nu dijangjikeun ku Yéhuwa poé éta téh sok bikeun ka urang. Nya manéh gé nyaho di dinya aya urang Anakim nu cicing di kota-kota gedé nu dibénténgan, tapi Yéhuwa pasti* nyarengan urang. Ku urang maranéhna bakal diusir, sakumaha jangji Yéhuwa.”
13 Ku kituna, Yosua ngaberkahan Kaléb anak Yéfuné jeung mikeun Hébron jadi warisanana. 14 Éta sababna Hébron jadi milik Kaléb anak Yéfuné urang Kénaz nepi ka ayeuna, lantaran manéhna nurut ka Yéhuwa Allah Israél ku sapinuh haté. 15 Hébron tadina mah disebut Kiriat-arba (Arba téh jalma penting di antara urang Anakim). Geus kitu, di nagri éta euweuh perang deui.