Yosua
15 Tanah nu dibagikeun* ka kulawarga-kulawarga ti kaom Yéhuda téh nyaéta daérah di wates Édom, Gurun Keusik Zin, nepi ka tungtung Négéb beulah kidul. 2 Wates kidulna téh dimimitian ti tungtung Laut Paéh,* nyaéta basisir nu aya di beulah kidul. 3 Wates éta terus ngidul ka Tanjakan Akrabim, terus ka Zin, tuluy ti kidul naék ka Kadés-barnéa, ka Hézron, ka Adar, tuluy méngkol ka Karka. 4 Wates éta terus ka Azmon mapay Lebak* Mesir, bras ka Laut Tengah.* Éta wates kidul daérah maranéhna.
5 Wates wétanna téh Laut Paéh* nepi ka tungtung Walungan Yordan. Wates kalérna dimimitian ti basisir laut éta, di tungtung Walungan Yordan, 6 naék ka Bét-hogla ngaliwatan Bét-Araba beulah kalér, terus naék ka Batu Bohan. (Bohan téh turunan Rubén.) 7 Wates éta naék ka Débir di Lebak Akhor jeung méngkol ka kalér ka Gilgal nu aya di hareupeun Tanjakan Adumim, di kiduleun lebak. Wates éta terusna ka Sumber Cai Én-syémés tuluy ka Én-rogél, 8 ti dinya naék ka Lebak Putra Hinom ka daérah lamping* beulah kidul milikna urang Yébus, nyaéta Yérusalém, terus naék ka puncak gunung nu aya di beulah kulon Lebak Hinom, di tungtung kalér Lebak Réfaim. 9 Ti puncak gunung éta, watesna terus ka Sumber Cai Néftoa nepi ka kota-kota di Gunung Éfron, geus kitu terus ka Baala, nyaéta Kiriat-yéarim. 10 Ti Baala, watesna méngkol ka kulon ka Gunung Séir, terus ka lamping* Gunung Yéarim di kalér, nyaéta Khésalon, ti dinya turun ka Bét-syémés, terus ka Timnah. 11 Geus kitu, watesna téh terus ka lamping* Ékron di kalér, tuluy ka Syikéron, ka Gunung Baala, ka Yabnéél, bras ka laut.
12 Wates kulon daérah maranéhna téh Laut Tengah* jeung basisirna. Éta wates-wates di sakurilingeun daérah kulawarga-kulawarga turunan Yéhuda.
13 Sakumaha paréntah Yéhuwa ka Yosua, Kaléb anak Yéfuné dibéré tanah di daérah turunan Yéhuda, nyaéta Kiriat-arba (Arba téh bapana Anak), atawa Hébron. 14 Jadi, Kaléb ngusir tilu putra Anak ti dinya, nyaéta Syésyai, Ahiman, jeung Talmai. Maranéhna téh turunan Anak. 15 Ti dinya, manéhna merangan penduduk Débir. (Tadina Débir téh disebut Kiriat-séfér.) 16 Ceuk Kaléb, ”Lamun aya nu bisa ngéléhkeun jeung ngarebut Kiriat-séfér, ku urang rék dikawinkeun jeung Akhsa anak awéwé urang.” 17 Nu ngarebut kota éta téh Otniél. Manéhna téh anak adina Kaléb nu ngaranna Kénaz. Jadi, Kaléb ngawinkeun Akhsa ka manéhna. 18 Basa di jalan rék balik, Akhsa ngolo Otniél supaya ménta lahan ka bapana. Tuluy Akhsa turun tina kaldéna,* jeung ditanya ku Kaléb, ”Ari Enéng hayang naon?” 19 Akhsa ngajawab, ”Pa, abdi nyuhunkeun hadiah. Bapa pan tos masihan tanah di kidul,* pasihkeun ogé atuh Gulot-maim.”* Jadi, Gulot Luhur jeung Gulot Handap téh dibikeun ku bapana.
20 Ieu tanah warisan milik kulawarga-kulawarga ti kaom Yéhuda.
21 Kota-kota milik kaom Yéhuda di tungtung kidul anu deukeut wates tanah Édom téh nyaéta: Kabzéél, Édér, Yagur, 22 Kina, Dimona, Adada, 23 Kédés, Hazor, Itnan, 24 Zif, Télém, Béalot, 25 Hazor-hadata, Kériot-hézron nyaéta Hazor, 26 Amam, Syéma, Molada, 27 Hazar-gadah, Hésmon, Bét-pélét, 28 Hazar-syual, Béér-syéba, Biziotia, 29 Baala, Iim, Ézém, 30 Éltolad, Khésil, Horma, 31 Ziklag, Madmana, Sansana, 32 Lébaot, Syilhim, Ain, jeung Rimon. Kabéhanana aya 29 kota sarta désa-désana.
33 Kota-kota nu aya di Syéféla nyaéta: Éstaol, Zora, Asna, 34 Zanoa, Én-ganim, Tapua, Énam, 35 Yarmut, Adulam, Sokoh, Azéka, 36 Syaaraim, Aditaim, sarta Gédéra jeung Gédérotaim.* Kabéhanana aya 14 kota sarta désa-désana.
37 Zénan, Hadasya, Migdal-gad, 38 Diléan, Mizpé, Yoktéél, 39 Lakhis, Bozkat, Églon, 40 Kabon, Lahmam, Khitlis, 41 Gédérot, Bét-dagon, Naama, jeung Makéda. Kabéhanana aya 16 kota sarta désa-désana.
42 Libna, Étér, Asyan, 43 Ifta, Asna, Nézib, 44 Kéila, Akhzib, jeung Marésyah. Kabéhanana aya salapan kota sarta désa-désana.
45 Ékron jeung kota-kota di sakurilingna sarta désa-désana, 46 ogé ti Ékron ka beulah kulon, kabéh nu aya di deukeut Asdod sarta désa-désana.
47 Asdod, kota-kota di sakurilingna sarta désa-désana; Gaza, kota-kota di sakurilingna sarta désa-désana, terus turun ka Lebak* Mesir, Laut Tengah,* jeung daérah basisirna.
48 Di daérah pagunungan: Syamir, Yatir, Sokoh, 49 Dana, Kiriat-sana nyaéta Débir, 50 Anab, Éstémo, Anim, 51 Gosyén, Holon, jeung Gilo. Kabéhanana aya 11 kota sarta désa-désana.
52 Arab, Duma, Ésyan, 53 Yanim, Bét-tapua, Aféka, 54 Humta, Kiriat-arba nyaéta Hébron, jeung Zior. Kabéhanana aya salapan kota sarta désa-désana.
55 Maon, Karmél, Zif, Yuta, 56 Yizréél, Yokdéam, Zanoa, 57 Kayin, Gibéah, jeung Timnah. Kabéhanana aya sapuluh kota sarta désa-désana.
58 Halhul, Bét-zur, Gédor, 59 Maarat, Bét-anot, jeung Éltékon. Kabéhanana aya genep kota sarta désa-désana.
60 Kiriat-baal nyaéta Kiriat-yéarim, jeung Raba. Jumlahna aya dua kota sarta désa-désana.
61 Di gurun keusik: Bét-araba, Midin, Sekaka, 62 Nibsyan, Kota Uyah, jeung Én-gédi. Kabéhanana aya genep kota sarta désa-désana.
63 Ari urang Yébus nu matuh di Yérusalém teu bisa diusir ku priya-priya Yéhuda. Jadi, urang Yébus terus matuh bareng jeung urang Yéhuda di Yérusalém nepi ka ayeuna.