Yosua
18 Sanggeus nalukkeun nagri éta, kabéh jamaah Israél ngumpul di Syilo. Maranéhna masang kémah tepangan* di dinya. 2 Tapi, aya kénéh tujuh kaom Israél nu can meunang tanah warisan. 3 Jadi, Yosua ngomong ka urang Israél, ”Ku naon bet ngaengké-engké? Jung geura arindit jeung rebut tanah nu dibikeun ka maranéh ku Yéhuwa, Allah karuhun maranéh. 4 Sok pilih tilu priya ti unggal kaom. Engké maranéhna ku urang rék dititah indit mariksa sakuliah tanah éta jeung nyieun peta* keur daérah-daérah nu rék dibagikeun ka kaom-kaom maranéhna. Mun geus bérés, maranéhna kudu balik deui ka urang. 5 Maranéhna kudu ngabagi tanah éta jadi tujuh bagian. Yéhuda bakal tetep di daérahna di kidul, ari turunan Yusuf bakal tetep di daérahna di kalér. 6 Sok ku maranéh tanahna bagi tujuh, tuluy bawa petana ka urang, engké ku urang rék diundi di hareupeun Yéhuwa Allah urang kabéh. 7 Tapi kaom Léwi mah moal meunang bagian, lantaran warisan maranéhna téh nyaéta ngalalayanan Yéhuwa sabagé imam. Kaom Gad, kaom Rubén, jeung satengah ti kaom Manasyé geus narima warisan maranéhna di wétaneun Walungan Yordan nu dibikeun ku Musa hamba Yéhuwa.”
8 Priya-priya nu dipilih téa siap-siap rék indit. Kieu paréntah Yosua ka maranéhna, ”Sok arindit, pariksa sakuliah tanah éta jeung jieun petana, tuluy baralik deui ka urang. Engké ku urang éta rék diundi keur maranéh di hareupeun Yéhuwa di dieu di Syilo.” 9 Seug maranéhna indit mariksa sakuliah tanah éta jeung ngabagi tanahna jadi tujuh bagian. Kota-kotana gé didaptarkeun, tuluy éta kabéh dicatet dina buku. Geus bérés, maranéhna baralik deui manggihan Yosua di pakémahan di Syilo. 10 Prak tanah téh ku Yosua diundi keur maranéhna di Syilo di hareupeun Yéhuwa. Di dinya, Yosua ngabagi-bagi tanah éta. Kaom-kaom Israél dibéré bagianana masing-masing.
11 Sanggeus diundi, kulawarga-kulawarga ti kaom Bényamin narima tanahna. Daérah maranéhna téh aya di antara daérahna turunan Yéhuda jeung daérahna turunan Yusuf. 12 Wates kalér daérah maranéhna dimimitian ti Walungan Yordan, naék ka daérah lamping* Yérikho di beulah kalér, tuluy naék ka arah kulon ka gunung nepi ka Gurun Keusik Bét-awén. 13 Ti dinya, wates éta terus ka Luz, nyaéta Bétel, di daérah lamping* Luz beulah kidul, tuluy turun ka Atarot-adar di gunung nu aya di kiduleun Bét-horon Handap. 14 Terus dimimitian ti gunung nu nyanghareup ka Bét-horon beulah kidul, wates éta méngkol ka kidul nepi ka Kiriat-baal, nyaéta Kiriat-yéarim, kotana kaom Yéhuda. Éta nu jadi wates kulon daérah maranéhna.
15 Wates beulah kidulna téh dimimitian ti tungtung Kiriat-yéarim ka kulon, terus ka Sumber Cai Néftoa. 16 Wates éta turun ka tungtung gunung nu nyanghareup ka Lebak Hinom* jeung aya di kaléreun Lebak Réfaim, ti dinya turun ka Lebak Hinom, ka daérah lamping* milikna urang Yébus nu aya di kidul, tuluy turun ka Én-rogél. 17 Ti dinya, wates éta terus ka kalér ka Én-syémés, tuluy ka Gélilot nu aya di hareupeun Tanjakan Adumim, terus turun ka Batu Bohan. (Bohan téh turunan Rubén.) 18 Wates éta terus ka daérah lamping* beulah kalér nu aya di hareupeun Araba, tuluy turun ka Araba. 19 Ti dinya, watesna terus ka daérah lamping* Bét-hogla beulah kalér. Tungtungna téh di basisir Laut Paéh* beulah kalér, nyaéta di tungtung kidul Walungan Yordan. Éta nu jadi wates kidul daérah maranéhna. 20 Walungan Yordan jadi wates wétanna. Éta tanah warisan keur kulawarga-kulawarga ti turunan Bényamin, sarta wates-wates di sakurilingna.
21 Kota-kota milik kulawarga-kulawarga ti kaom Bényamin téh nyaéta: Yérikho, Bét-hogla, Émék-kéziz, 22 Bét-araba, Zémaraim, Bétel, 23 Awim, Para, Ofra, 24 Khéfar-amoni, Ofni, jeung Géba. Kabéhanana aya 12 kota sarta désa-désana.
25 Gibéon, Rama, Béérot, 26 Mizpé, Khéfira, Moza, 27 Rékém, Irpéél, Tarala, 28 Zéla, Ha-éléf, Yébusi nyaéta Yérusalém, Gibéah, jeung Kiriat. Kabéhanana aya 14 kota sarta désa-désana.
Éta tanah warisan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga ti turunan Bényamin.