Yosua
3 Isuk-isuk pisan Yosua hudang. Manéhna jeung sakabéh urang Israél indit ti Syitim+ jeung nepi ka Walungan Yordan. Maranéhna meuting di dinya saacan meuntas.
2 Sanggeus tilu poé, para pamingpin+ ngideran pakémahan 3 jeung méré paréntah kieu ka jalma-jalma, ”Waktu maranéh ningali peti perjangjian Yéhuwa Allah maranéh digotong ku imam-imam Léwi,+ geura indit jeung tuturkeun, 4 tapi ulah deukeut teuing, béré jarak kira-kira 900 méter.* Jadi, maranéh bakal nyaho kudu ka mana, da maranéh can pernah indit ka ditu.”
5 Yosua ngomong ka jalma-jalma, ”Sucikeun diri+ maranéh, sabab isukan Yéhuwa bakal ngalaksanakeun hal-hal nu luar biasa keur maranéh.”+
6 Geus kitu Yosua ngomong ka imam-imam, ”Sok gotong peti perjangjian+ tuluy indit ti heula.” Jadi, peti perjangjianana digotong jeung dituturkeun ku éta bangsa.
7 Tuluy Yéhuwa ngucap kieu ka Yosua, ”Ti semet poé ieu, Kuring bakal ngalantarankeun manéh dihormat ku sakabéh urang Israél,+ ngarah maranéhna nyaho yén Kuring nyarengan manéh,+ sakumaha Kuring nyarengan Musa.+ 8 Paréntahkeun kieu ka imam-imam nu ngagotong peti perjangjian, ’Sanggeus nepi ka sisi Walungan Yordan, sok ancrub* jeung nangtung di éta walungan.’”+
9 Geus kitu, Yosua ngomong ka urang Israél, ”Ka darieu kumpul, déngékeun ucapan Yéhuwa Allah maranéh.” 10 Yosua ngomong deui, ”Maranéh bakal nyaho yén Allah nu hirup aya di tengah-tengah maranéh+ jeung pasti nyingkirkeun urang Kanaan, urang Hét, urang Héwi, urang Périz, urang Girgasyi, urang Amori, jeung urang Yébus.+ 11 Tuh tingali! Peti perjangjian milik Gusti nu ngawasaan sakuliah bumi miheulaan maranéh asup ka Walungan Yordan. 12 Ayeuna mah pilih 12 lalaki ti unggal kaom Israél, saurang ti unggal kaomna.+ 13 Waktu para imam ngancrubkeun sukuna kana cai Walungan Yordan bari mawa peti perjangjian Yéhuwa, Gusti nu ngawasaan sakuliah bumi, cai ti beulah luhur bakal eureun ngalir jeung katahan jadi siga bendungan.”*+
14 Seug jalma-jalma arindit ti pakémahan rék meuntasan Walungan Yordan. Para imam nu ngagotong peti perjangjian+ leumpang hareupeun maranéhna. 15 (Harita keur usum* panén, jeung cai Walungan Yordan keur mudal ka sisi walungan.)+ Waktu para imam nu ngagotong peti perjangjian nepi ka Walungan Yordan jeung ngancrubkeun sukuna kana cai di sisi walungan, 16 cai ti beulah luhur eureun ngalir. Caina ngumpul jadi siga bendungan* di tempat nu jauh pisan, nyaéta di kota Adam deukeut Zarétan. Ari cai nu turun ka Laut Araba, atawa Laut Paéh,* jadi saat. Caina katahan, jadi jalma-jalma bisa meuntas ka hareupeun Yérikho. 17 Imam-imam nu ngagotong peti perjangjian Yéhuwa terus nangtung di tengah-tengah Walungan Yordan nu geus garing,+ nepi ka sakabéh bangsa Israél meuntasan éta Walungan Yordan nu geus garing.+