Yosua
9 Kabéh raja nu aya di kuloneun Walungan Yordan ngadéngé kajadian éta. Maranéhna téh raja-raja di daérah pagunungan, di Syéféla, di sapanjang basisir Laut Tengah,* jeung di hareupeun Lébanon, nyaéta urang Hét, urang Amori, urang Kanaan, urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus. 2 Maranéhna ngagabung rék merangan Yosua jeung Israél.
3 Penduduk Gibéon gé ngadéngé Yosua geus ngéléhkeun kota Yérikho jeung Ai. 4 Jadi, maranéhna nyieun siasat. Maranéhna ngasupkeun dahareun kana karung-karung butut nu ditumpangkeun kana kaldé. Maranéhna gé mawa kantong kulit nu geus butut jeung aya tambalanana. 5 Maranéhna maké baju nu rarawing sarta sendal nu geus butut jeung ruksak. Kabéh roti nu dibekel ku maranéhna gé geus garing jeung ngeprul. 6 Tuluy maranéhna datang ka Yosua di pakémahan di Gilgal. Maranéhna ngomong kieu ka Yosua jeung priya-priya Israél, ”Abdi sadaya datang ti nagri nu jauh, badé ngajak aranjeun ngayakeun perjangjian.” 7 Tapi, priya-priya Israél ngajawab kieu ka urang Héwi éta, ”Boa-boa aranjeun téh ti deukeut dieu. Maenya urang rék ngayakeun perjangjian jeung aranjeun?” 8 Ceuk maranéhna ka Yosua, ”Abdi sadaya réla jadi palayan Juragan.”
Tuluy Yosua nanya ka maranéhna, ”Aranjeun téh saha, jeung asalna ti mana?” 9 Dijawab ku maranéhna, ”Juragan, abdi sadaya téh datang ti nagri nu jauh pisan lantaran hormat ka nami Yéhuwa Allah Juragan. Allah Juragan téh geus kasohor. Abdi sadaya terang kana sagala nu dilakukeun ku Anjeunna di Mesir 10 sarta ka dua raja urang Amori nu aya di beulah ditu* Walungan Yordan, nyaéta Raja Sihon ti Hésbon jeung Raja Og ti Basyan, nu cicingna di Astarot. 11 Jadi, para kokolot jeung sakabéh penduduk nagri abdi nitah supaya abdi sadaya mawa bekel jeung indit manggihan aranjeun. Abdi dititah ngomong kieu, ’Abdi sadaya réla jadi palayan Juragan. Hayu urang ayakeun perjangjian.’ 12 Mangga tingali roti bekel abdi. Waktu indit ti imah rék ka dieu, ieu roti téh haneut kénéh. Tapi sok tingali ayeuna ku Juragan, rotina geus garing jeung ngeprul. 13 Kantong kulit ieu gé anyar kénéh waktu dieusian, tapi ayeuna geus soék. Baju jeung sendal abdi nepi ka raruksak kieu bakating ku jauh-jauhna perjalanan ka dieu.”
14 Tuluy priya-priya Israél mariksa* sabagian bekel jalma-jalma éta, tapi maranéhna teu ménta pituduh ti Yéhuwa. 15 Seug Yosua ngayakeun perjangjian yén maranéhna moal diperangan atawa dipaéhan. Para pamingpin bangsa gé sumpah ka maranéhna.
16 Tilu poé sanggeus éta perjangjian diayakeun, kanyahoan yén maranéhna téh cicingna di daérah dinya, teu jauh ti dinya. 17 Jadi dina poé nu katilu, urang Israél ngadatangan kota-kota maranéhna. Kota-kotana téh nyaéta Gibéon, Kéfira, Béérot, jeung Kiriat-yéarim. 18 Tapi, urang Israél teu maéhan pendudukna lantaran para pamingpin bangsa geus sumpah ka maranéhna demi ngaran Yéhuwa Allah Israél. Ku kituna, sakabéh urang Israél kukulutus ka para pamingpin. 19 Ngadéngé kitu, para pamingpin ngomong ka sakabéh urang Israél, ”Urang téh geus sumpah ka maranéhna demi ngaran Yéhuwa Allah Israél, jadi maranéhna teu meunang dikukumaha ku urang. 20 Ayeuna mah kieu wéh, lantaran urang geus sumpah ka maranéhna, keun antepkeun maranéhna sina hirup ngarah Allah teu ambek ka urang.” 21 Para pamingpin ngomong deui, ”Keun baé maranéhna sina hirup, tapi urang jadikeun tukang ngala suluh jeung tukang ngala cai wéh keur sakabéh jamaah.” Éta nu dijangjikeun ku para pamingpin.
22 Ayeuna Yosua ngageroan maranéhna jeung nanya kieu, ”Ku naon maranéh bet nipu urang, ngaku-ngaku datang ti tempat nu jauh pisan padahal mah cicing di deukeut dieu? 23 Ti saprak ayeuna, maranéh dikutuk jadi palayan salilana. Maranéh bakal jadi tukang ngala suluh jeung tukang ngala cai keur imah Allah urang.” 24 Maranéhna ngajawab Yosua, ”Juragan, abdi sadaya kieu téh lantaran terang pisan, Yéhuwa Allah Juragan geus ngomong ka Musa hamba-Na yén sakabéh tanah ieu bakal diserahkeun ka aranjeun jeung sakabéh pendudukna bakal dimusnakeun. Jadi, abdi sadaya kikieuan téh lantaran sieun dipaéhan ku aranjeun. 25 Ayeuna kumaha saéna Juragan wéh* abdi sadaya badé dikumahakeun.” 26 Éta dilakukeun ku Yosua, manéhna nyalametkeun urang Gibéon ngarah teu dipaéhan ku urang Israél. 27 Dina poé éta, maranéhna ku Yosua dijadikeun tukang ngala suluh jeung tukang ngala cai keur jamaah sarta keur mézbah Yéhuwa di tempat nu dipilih ku Anjeunna. Nepi ka ayeuna, maranéhna terus ngajalankeun tugas éta.