Wahyu nu Ditarima ku Yahya
10 Tuluy, kuring ningali aya malaikat séjén nu kuat turun ti sorga. Manéhna dikurilingan* ku awan, di luhureun sirahna aya pelangi, rarayna siga panonpoé, jeung sukuna siga tihang seuneu. 2 Manéhna nyekel gulungan leutik nu muka. Suku katuhuna napak ka laut, ari suku kéncana napak ka darat. 3 Manéhna ngomong ku sora nu tarik siga singa nu ngagaur. Waktu manéhna ngomong, kadéngé ogé sora tujuh guludug nu ngomong.
4 Waktu tujuh guludug éta ngomong, geuwat ku kuring rék dicatet, tapi aya sora ti langit nu ngomong kieu, ”Naon nu diucapkeun ku tujuh guludug éta kudu dirasiahkeun, ulah dicatet.” 5 Malaikat nu ditingali ku kuring keur nangtung di laut jeung di darat téh ngangkat leungeun katuhuna ka langit. 6 Tuluy, manéhna sumpah demi Allah nu hirup salalanggengna, nu nyiptakeun langit jeung sagala eusina, bumi jeung sagala eusina, sarta laut jeung sagala eusina, kieu cenah, ”Allah moal ngaengké-engké deui. 7 Tapi waktu malaikat nu katujuh rék niup tarompétna, rasiah suci Allah bakal bener-bener laksana. Rasiah suci éta téh mangrupa warta hadé nu diuarkeun ku Allah ka hamba-hamba-Na, nyaéta para nabi.”
8 Tuluy, kuring ngadéngé sora ti langit éta ngomong deui ka kuring, ”Jung cokot gulungan nu muka nu dicekel ku malaikat nu nangtung di laut jeung di darat éta.” 9 Kuring nyampeurkeun malaikat éta tuluy ménta gulungan leutikna. Manéhna ngomong ka kuring, ”Yeuh cokot, pék dahar nepi ka béak. Sanggeusna, manéh bakal nyeri* beuteung, tapi karasana mah amis siga madu.” 10 Gulungan leutikna ku kuring dicokot ti malaikat éta tuluy didahar. Éta karasana amis siga madu, tapi sanggeus didahar, kuring nyeri* beuteung. 11 Tuluy kuring dititah kieu, ”Manéh kudu terus ngaramal ngeunaan kaom-kaom, bangsa-bangsa, basa-basa, jeung loba raja.”