Wahyu nu Ditarima ku Yahya
13 Tuluy, manéhna* ngajanteng di sisi basisir.
Geus kitu, kuring ningali hiji sato galak bijil ti laut, huluna tujuh, tandukna sapuluh, jeung dina unggal tandukna aya makuta. Dina unggal huluna aya ngaran-ngaran nu ngahina Allah. 2 Sato galak nu ditingali ku kuring téh siga macan tutul, tapi sukuna siga suku biruang jeung sungutna siga sungut singa. Naga éta méré kakuatan, tahtana, jeung kawasa nu gedé ka sato éta.
3 Kuring ningali yén hiji huluna tadina raheut parah jeung raheutna téh matak paéh, ngan ayeuna geus cageur. Sakabéh jalma di bumi tarajubeun tuluy naluturkeun éta sato. 4 Maranéhna nyembah naga lantaran geus méré kawasa ka sato galak éta. Maranéhna gé nyembah sato galak éta bari ngomong, ”Saha nu bisa nandingan sato galak ieu? Saha nu wani ngalawan manéhna?” 5 Manéhna dibéré kabisa pikeun gedé omong jeung ngahina Allah. Manéhna gé dibéré kawasa pikeun ngalakukeun naon waé sakarep manéhna salila 42 bulan. 6 Manéhna mulai ngahina Allah, ngaran Anjeunna, tempat matuh Anjeunna, jeung kabéh nu caricing di sorga. 7 Manéhna diidinan pikeun nyerang jalma-jalma suci jeung nalukkeun maranéhna. Manéhna gé dibéré kawasa pikeun ngawasaan unggal suku bangsa, kaom, basa, jeung bangsa. 8 Kabéh jalma nu cicing di bumi nyembah manéhna. Ti mimiti ayana dunya,* ngaran jalma-jalma éta henteu ditulis dina gulungan kahirupan milik Anak Domba nu pernah dipeuncit.
9 Nu baroga ceuli, pék déngékeun bener-bener. 10 Lamun saurang jalma kudu ditawan, manéhna bakal ditawan. Lamun manéhna rék dipaéhan ku pedang,* manéhna pasti dipaéhan ku pedang. Éta sababna jalma-jalma suci kudu tabah jeung boga iman.
11 Tuluy, kuring ningali sato galak séjén bijil ti jero bumi. Manéhna boga dua tanduk kawas tanduk anak domba, tapi cara ngomongna siga naga. 12 Manéhna ngagunakeun kakawasaan ti sato galak nu mimiti, di hareupeunana. Ku manéhna sakabéh jalma di bumi disina nyembah sato galak nu mimiti éta, nu cageur tina raheut parahna. 13 Manéhna nyieun rupa-rupa mujijat* nu hébat di hareupeun kabéh manusa, malah bisa nurunkeun seuneu ti langit ka bumi.
14 Lantaran diidinan nyieun rupa-rupa mujijat* di hareupeun sato galak anu kahiji téa, manéhna nyasabkeun kabéh jalma di bumi. Manéhna gé nitah jalma-jalma éta nyieun patung sato galak nu raheut ku pedang tapi geus cageur. 15 Manéhna diidinan pikeun méré napas ka patung sato galak éta, supaya patung éta bisa ngomong jeung bisa méré paréntah pikeun maéhan saha waé nu embung nyembah patung éta.
16 Manéhna maksa kabéh jalma sangkan narima tanda dina leungeun katuhu, atawa dina tarangna. Teu sual maranéhna téh jalma biasa atawa jalma penting, jalma beunghar atawa jalma miskin, sarta jalma merdéka atawa palayan. 17 Euweuh nu bisa meuli atawa ngajual salian ti jalma nu boga tanda, nyaéta ngaran sato galak éta atawa angka nu jadi ngaranna. 18 Jalma nu boga pangarti kudu ngitung angka sato galak éta. Ieu téh angka manusa, angkana téh nyaéta 666. Ngan jalma bijaksana nu bisa paham kana hal ieu.