Wahyu nu Ditarima ku Yahya
19 Geus kitu, kuring ngadéngé sora nu tarik siga sora loba malaikat di sorga. Ceuk maranéhna, ”Puji Yah!* Allah urang téh nu nyalametkeun manusa. Anjeunna mulya jeung boga kawasa. 2 Panghakiman ti Anjeunna téh bener jeung adil, sabab Anjeunna geus ngahukum palacur nu kasohor nu ngaruksak bumi ku lampah cabulna,* sarta geus ngabales getih palayan-palayan Anjeunna nu dipaéhan ku palacur éta.” 3 Teu lila, maranéhna ngomong deui kadua kalina, ”Puji Yah!* Haseup tina seuneu nu ngaduruk manéhna ngebul salalanggengna.”
4 Tuluy, ka-24 kokolot jeung kaopat kérub sembah sujud ka Allah nu diuk dina tahta. Ceuk maranéhna, ”Amin! Puji Yah!”*
5 Kadéngé ogé sora tina tahta nu ngomong, ”Puji Allah urang, maranéh kabéh palayan-Na nu sieun ka Anjeunna, boh jalma biasa boh jalma penting.”
6 Tuluy, kuring ngadéngé sora siga sora loba malaikat, siga sora curug ngaguruh, jeung siga sora guludug ngagulugur. Ceuk maranéhna, ”Puji Yah,* lantaran Yéhuwa, Allah urang Nu Mahakawasa, geus maréntah jadi raja! 7 Sing gumbira jeung mulyakeun Anjeunna, lantaran ayeuna geus waktuna perkawinan Anak Domba, jeung pangantén awéwéna geus siap. 8 Pangantén awéwéna geus dibéré pakéan tina linén alus nu bersih jeung gugurilapan. Linén alus éta ngalambangkeun laku lampah nu bener ti jalma-jalma suci.”
9 Tuluy malaikat éta ngomong ka kuring, ”Tulis kieu: Bagja nu diondang ka pésta kawinna Anak Domba.” Manéhna gé ngomong, ”Ieu téh firman nu bener ti Allah.” 10 Brek kuring sembah sujud di hareupeun suku manéhna. Tapi manéhna ngomong, ”Ulah! Ulah kitu! Nyembah mah ka Allah! Kuring gé sarua palayan siga manéh jeung dulur-dulur manéh, nu boga tugas méré kasaksian ngeunaan Isa, sabab tujuan ramalan-ramalan téh pikeun méré kasaksian ngeunaan Isa.”
11 Kuring ningali langit muka, torojol hiji kuda bodas. Nu numpakna disebut Satia jeung Bener. Manéhna bakal ngahakiman jeung perang demi kaadilan. 12 Panonna moncorong lir seuneu hurung, jeung dina sirahna aya loba makuta. Manéhna boga ngaran nu ditulis dina dirina. Euweuh nu nyaho ngaran éta salian ti manéhna. 13 Manéhna maké baju luar nu kakotoran* ku getih. Ngaran manéhna téh Firman Allah. 14 Manéhna dituturkeun ku pasukan sorga nu tarumpak kuda bodas jeung maraké pakéan tina linén alus nu bodas jeung bersih. 15 Tina baham manéhna bijil pedang panjang nu seukeut, nu dipaké keur ngabinasakeun bangsa-bangsa. Manéhna bakal ngangon maranéhna ku tongkat beusi. Manéhna gé nincakan tempat pameresan anggur, nu ngalambangkeun amarah nu hébat ti Allah Nu Mahakawasa. 16 Dina baju luarna, di bagian pingpingna, aya tulisan ngaranna, nyaéta: Rajana sakabéh raja jeung Juraganna sakabéh juragan.
17 Kuring gé ningali hiji malaikat nangtung di hareupeun panonpoé. Ku sora nu tarik, manéhna ngageroan manuk-manuk nu haliber di langit, ”Ka darieu, karumpul babarengan di pésta gedéna Allah! 18 Sok dalahar daging para raja, daging para komandan militér, daging jalma-jalma kuat, daging kuda-kuda jeung nu tarumpakna, sarta daging kabéh jalma, jalma merdéka atawa palayan, sarta jalma biasa atawa jalma penting.”
19 Tuluy, kuring ningali sato galak éta, raja-raja di bumi, jeung pasukanna ngahiji rék merangan nu numpak kuda éta jeung pasukanna. 20 Sato galak éta ditéwak bareng jeung nabi palsuna nu nyieun mujijat-mujijat di hareupeun sato éta. Nabi éta nyasabkeun jalma-jalma nu narima tanda sato galak sarta nu nyembah patungna. Tuluy duanana dibalangkeun hirup-hirup ka situ nu seuneuna ngagedur ku walirang. 21 Tapi sésana dipaéhan ku pedang panjang nu bijil tina baham nu numpak kuda éta. Manuk-manuk ngadahar daging maranéhna nepi ka sareubeuh.