Wahyu nu Ditarima ku Yahya
4 Sanggeus kitu, kuring ningali aya panto nu muka di sorga. Sora nu mimiti kadéngé ku kuring téh siga sora tarompét, kieu cenah, ”Hiap naék ka dieu. Kuring rék némbongkeun naon nu pasti kajadian.” 2 Tuluy, kuring ngarasakeun pangaruh kawasa suci dina diri kuring. Kuring ningali hiji tahta di sorga jeung aya nu diuk dina tahta éta. 3 Nu diuk dina tahta éta téh caang siga batu jasper* jeung batu sardis.* Di sakurilingeun tahta éta, aya pelangi nu katingalina siga zamrud.*
4 Aya 24 tahta nu ngurilingan tahta éta. Dina tahta-tahta éta, kuring ningali aya 24 kokolot nu maké baju bodas jeung dimakutaan emas. 5 Tina tahta éta, kuring ningali aya kilat, sarta kuring ngadéngé sora jeung guludug. Di hareupeun tahta éta, aya tujuh tempat lampu nu hurung ku seuneu. Éta ngalambangkeun tujuh kawasa suci Allah. 6 Di hareupeun tahta éta, aya nu siga laut kaca nu ngagenclang kawas kristal.
Tahta éta aya di tengah-tengah, jeung di sakurilingna aya opat kérub. Bagian hareup jeung bagian tukang awak maranéhna pinuh ku panon. 7 Kérub nu kahiji siga singa, nu kadua siga sapi jalu, nu katilu beungeutna siga manusa, jeung nu kaopat siga manuk heulang nu keur ngapung. 8 Opat kérub éta masing-masing boga genep jangjang nu luar jerona pinuh ku panon. Beurang peuting maranéhna teu eureun-eureun ngomong, ”Suci, suci, suci Allah Yéhuwa Nu Mahakawasa, nu aya ti baheula, nu aya ayeuna, jeung nu bakal datang.”
9 Saban-saban opat kérub éta ngamulyakeun, ngahormat, jeung muji sukur ka Anjeunna nu diuk dina tahta, nyaéta nu hirup salalanggengna, 10 ka-24 kokolot éta sembah sujud ka Anjeunna nu diuk dina tahta, nu hirup salalanggengna. Tuluy, maranéhna ngalungkeun makutana ka hareupeun tahta éta jeung ngomong, 11 ”Yéhuwa, Allah urang-urang nu gedé kawasana, Gusti layak dimulyakeun jeung dihormat, lantaran Gusti nyiptakeun sagalana. Nya ku karana kahoyong Gusti, éta kabéh jadi aya jeung diciptakeun.”