Wahyu nu Ditarima ku Yahya
7 Sanggeus kitu, kuring ningali aya opat malaikat nangtung di opat juru bumi. Maranéhna nahan opat angin bumi supaya teu niup ka bumi, ka laut, atawa ka tatangkalan mana waé. 2 Tuluy, kuring ningali malaikat séjén naék ti beulah wétan* bari mawa ségel ti Allah nu hirup. Manéhna ngomong ku sora nu tarik ka opat malaikat nu dibéré kawasa pikeun ngaruksak bumi jeung laut éta. 3 Ceuk manéhna, ”Ulah ngaruksak bumi, laut, atawa tatangkalan, nepi ka urang-urang bérés méré ségel dina tarangna para palayan Allah urang.”
4 Kuring ngadéngé jalma-jalma nu meunang ségel éta jumlahna aya 144.000. Maranéhna téh asalna ti unggal kaom Israél.
5 Ti kaom Yéhuda aya 12.000 nu dibéré ségel,
ti kaom Rubén 12.000,
ti kaom Gad 12.000,
6 ti kaom Asyér 12.000,
ti kaom Naftali 12.000,
ti kaom Manasyé 12.000,
7 ti kaom Siméon 12.000,
ti kaom Léwi 12.000,
ti kaom Isakhar 12.000,
8 ti kaom Zébulon 12.000,
ti kaom Yusuf 12.000,
jeung ti kaom Bényamin aya 12.000 nu dibéré ségel.
9 Tuluy, kuring ningali aya sakumpulan jalma nu kacida lobana, nepi ka euweuh nu bisa ngitung jumlah maranéhna. Maranéhna téh asalna ti sagala bangsa, suku bangsa, kaom, jeung basa. Maranéhna maké jubah bodas jeung nangtung di hareupeun tahta sarta Anak Domba bari nyekel palapah palem. 10 Maranéhna teterusan ngomong ku sora nu tarik, ”Kasalametan téh ti Allah urang, nu diuk dina tahta, sarta ti Anak Domba.”
11 Kabéh malaikat nangtung di sakurilingeun tahta, para kokolot, jeung opat kérub. Maranéhna sujud di hareupeun tahta jeung nyembah Allah 12 bari ngomong, ”Amin! Mugia Allah urang nu bijaksana, boga kawasa, jeung kuat narima pujian, kamulyaan, ucapan sukur, jeung kahormatan pikeun salalanggengna. Amin.”
13 Tuluy, hiji kokolot nanya ka kuring, ”Nu maraké jubah bodas téh saha, jeung asalna ti mana?” 14 Kuring langsung ngajawab, ”Juragan, Juragan anu terang.” Manéhna ngomong deui ka kuring, ”Maranéhna téh jalma-jalma nu salamet tina kasangsaraan nu kacida hébatna. Jubah maranéhna geus diseuseuh jadi bodas ku getih Anak Domba. 15 Éta sababna maranéhna aya di hareupeun tahta Allah jeung beurang peuting ngajalankeun palayanan suci di bait-Na. Anjeunna nu diuk dina tahta éta bakal nangtayungan* maranéhna. 16 Maranéhna moal bakal lapar jeung haus deui. Panonpoé jeung panas naon baé moal bakal nyangsarakeun maranéhna, 17 lantaran Anak Domba nu aya di tengah-tengah, di deukeut tahta téa, bakal ngangon jeung nungtun maranéhna ka sumber cai kahirupan. Allah bakal nyusutan cipanon maranéhna.”