Wahyu nu Ditarima ku Yahya
8 Waktu manéhna muka ségel nu katujuh, jep sorga jempling kira-kira satengah jam. 2 Tuluy, kuring ningali tujuh malaikat nangtung di hareupeun Allah, jeung maranéhna dibéré tujuh tarompét.
3 Datang malaikat séjén mawa tempat dupa* tina emas jeung nangtung di deukeut mézbah. Manéhna dibéré loba pisan dupa pikeun diduruk dina mézbah emas nu aya di hareupeun tahta waktu doa jalma-jalma suci kadéngé. 4 Haseup dupa nu aya dina leungeun malaikat éta jeung doa jalma-jalma suci naék ka hareupeun Allah. 5 Malaikat éta langsung nyokot wadah dupa, dieusian seuneu saeutik tina mézbah, tuluy diawurkeun ka bumi. Geus kitu, kadéngé guludug jeung sora-sora, sarta aya kilat jeung lini. 6 Tujuh malaikat nu nyekel tujuh tarompét siap-siap niup tarompétna.
7 Malaikat nu kahiji niup tarompétna. Geus kitu, aya hujan és jeung hujan seuneu campur getih turun ka bumi. Ku kituna, sapertilu bumi, sapertilu tatangkalan, jeung kabéh pepelakan héjo kaduruk.
8 Malaikat nu kadua niup tarompétna. Geus kitu, aya nu kawas gunung gedé nu kaduruk dibalangkeun ka laut. Ku kituna, sapertilu laut jadi getih, 9 sapertilu mahluk nu hirup di laut paraéh, sarta sapertilu kapal-kapal alancur.
10 Malaikat nu katilu niup tarompétna. Geus kitu, aya béntang nu gedé nu caang siga lampu ragrag ti langit. Béntang éta ragrag ka sapertilu walungan-walungan jeung sumber-sumber cai. 11 Ngaran béntang éta téh Pepelakan Pait. Ku kituna, sapertilu cai jadi pait, jeung loba jalma maot ku lantaran cai nu pait éta.
12 Malaikat nu kaopat niup tarompétna. Geus kitu, sapertilu panonpoé, sapertilu bulan, jeung sapertilu béntang-béntang jadi poék. Euweuh caang salila sapertilu beurang jeung sapertilu peuting.
13 Tuluy, kuring ningali manuk heulang hiber di langit. Kuring gé ngadéngé manéhna ngomong ku sora nu tarik, ”Cilaka, cilaka, cilaka jalma-jalma nu cicing di bumi lantaran sora tarompét ti tilu malaikat séjénna téréh ditiup!”