Wahyu nu Ditarima ku Yahya
9 Malaikat nu kalima niup tarompétna. Geus kitu, kuring ningali hiji béntang ragrag ti langit ka bumi. Manéhna dibéré konci pikeun muka lombang nu kacida jerona.* 2 Manéhna muka lombang nu kacida jerona,* peledug bijil haseup ti dinya siga haseup tina pameuleuman gedé. Reup panonpoé jeung udara jadi poék lantaran haseup éta. 3 Tina haseup éta, murubul simeut, tarurun ka bumi. Maranéhna dibéré kawasa nu sarua jeung kawasa kalajengking di bumi. 4 Maranéhna dilarang ngaruksak jujukutan, pepelakan héjo, atawa tatangkalan mana waé di bumi. Maranéhna ngan meunang nyerang jalma-jalma nu dina tarangna euweuh ségel Allah.
5 Simeut-simeut éta meunang nyiksa maranéhna salila lima bulan, tapi teu meunang maéhan maranéhna. Jalma-jalma éta bakal kasiksa kawas diseureud ku kalajengking. 6 Dina waktu éta, jalma-jalma naréangan cara pikeun paéh, tapi teu nimu. Maranéhna hayang paéh, tapi teu bisa.
7 Awak simeut-simeut éta siga awak kuda nu disiapkeun keur perang. Dina sirahna, aya nu katingalina siga makuta emas. Beungeutna siga beungeut lalaki, 8 ari buukna mah siga buuk awéwé. Huntuna siga huntu singa. 9 Dina dadana, aya nu siga panutup dada tina beusi. Sora jangjangna siga sora karéta-karéta kuda nu indit ka pangperangan. 10 Buntutna bisa nyeureud siga buntut kalajengking. Dina buntutna, aya kawasa pikeun nganyenyeri manusa salila lima bulan. 11 Maranéhna boga raja, nyaéta malaikat nu ngajaga lombang nu kacida jerona.* Dina basa Ibrani, ngaran manéhna téh Abadon,* ari dina basa Yunani, ngaranna Apolion.*
12 Cilaka nu kahiji geus liwat. Aya dua cilaka deui nu bakal datang.
13 Malaikat nu kagenep niup tarompétna. Geus kitu, kuring ngadéngé aya sora ti opat juru* mézbah emas nu aya di hareupeun Allah. 14 Sora éta ngomong ka malaikat kagenep nu nyekel tarompét, ”Leupaskeun opat malaikat nu ditahan di deukeut Éfrat, walungan nu gedé téa.” 15 Opat malaikat éta geus disiapkeun pikeun ngajalankeun tugas dina jam, poé, bulan, jeung taun nu geus ditangtukeun. Maranéhna dileupaskeun pikeun maéhan sapertilu umat manusa.
16 Kuring ngadéngé aya pasukan kuda nu jumlahna 200 juta.* 17 Tina éta titingalian ngeunaan kuda jeung nu numpakna, ieu nu ditingali ku kuring: Nu numpakna maké panutup dada warna beureum, biru kolot, jeung konéng. Hulu kudana siga hulu singa, jeung tina sungutna bijil seuneu, haseup, jeung walirang. 18 Sapertilu umat manusa dipaéhan ku tilu musibat, nyaéta ku seuneu, haseup, jeung walirang nu bijil tina sungut maranéhna. 19 Kakuatan kuda-kuda éta téh aya dina sungut jeung buntutna. Buntutna siga oray nu huluan. Ku buntutna éta maranéhna nganyenyeri jalma-jalma.
20 Tapi, sésa jalma-jalma nu teu paéh ku musibat-musibat éta teu tobat tina lalampahanana.* Maranéhna angger baé nyembah ka roh-roh jahat sarta ka berhala-berhala tina emas, pérak, tambaga, batu, jeung kai nu teu bisa ningali, ngadéngé, atawa leumpang. 21 Maranéhna gé henteu tobat tina dosa-dosana, nyaéta maéhan, ngagunakeun élmu gaib,* ngalakukeun lampah cabul,* atawa maok.