PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 10
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Saul dilantik jadi raja (1-16)

      • Saul dibawa ka hareupeun jalma-jalma (17-27)

1 Samuél 10:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bukit”.

  • *

    Tingali ”Ramalan” dina Daptar Istilah.

1 Samuél 10:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bukit”.

1 Samuél 10:12

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”aya paribasa kieu”.

1 Samuél 10:19

Catetan Handap

  • *

    As. ”kelompok sarébu”.

1 Samuél 10:27

Catetan Handap

  • *

    As. ”siga jalma nu pireu”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 10:1-27

1 Samuél

10 Geus kitu, Samuél nyokot sabotol minyak tuluy minyakna dikucurkeun kana sirah Saul. Samuél nyium manéhna jeung ngomong kieu, ”Yéhuwa tangtu geus ngalantik manéh jadi pamingpin umat-Na. 2 Poé ieu sanggeus manéh ninggalkeun Bapa, manéh bakal panggih jeung dua lalaki di deukeut makam Rakhél, di daérah Bényamin di Zélza. Maranéhna bakal ngomong kieu ka manéh, ’Kaldé-kaldé nu ditéangan ku manéh téh geus kapanggih. Éta mah geus teu dipikiran deui ku bapa manéh, tapi ayeuna manéhna téh jadi melang ka manéh. Ceuk manéhna, ”Si Ujang téh can balik waé. Kudu kumaha atuh?”’ 3 Geus kitu, sok indit nepi ka tangkal gedé di Tabor. Engké di dinya, manéh bakal panggih jeung tilu lalaki nu rék indit ka Bétel, rék ibadah ka Allah nu bener. Nu saurang mawa tilu anak embé, nu saurang mawa roti tilu siki, jeung nu saurang deui mawa cianggur sawadah gedé. 4 Maranéhna bakal nanyakeun kabar manéh jeung méré roti dua siki. Sok tarima ku manéh. 5 Ti dinya, manéh bakal nepi di pasir* Allah nu bener, tempatna pasukan Filistin. Pas nepi di kota, manéh bakal panggih jeung sakumpulan nabi nu keur turun ti tempat luhur nu suci. Waktu nabi-nabi éta ngaramal,* di hareupeun maranéhna bakal aya jalma-jalma nu narabeuh alat musik nu maké senar, rabana, suling, jeung harpa. 6 Manéh bakal digeuing ku kawasa suci Yéhuwa, tuluy manéh bakal milu ngaramal bareng jeung para nabi éta. Manéh gé bakal jadi béda ti biasana, siga lain diri manéh sorangan. 7 Waktu kabéh tanda ieu kajadian, lakukeun wéh naon nu bisa dilakukeun ku manéh, lantaran manéh dibingbing ku Allah nu bener. 8 Geus kitu, sok indit ti heula ka Gilgal. Engké Bapa nyusul, da rék nyanggakeun korban beuleuman jeung korban karukunan di dinya. Dagoan di dinya tujuh poé nepi ka Bapa datang. Engké Bapa rék méré nyaho manéh kudu kumaha.”

9 Barang Saul malik ninggalkeun Samuél, Allah ngarobah kapribadian Saul jadi siga jalma nu béda, sarta kabéh tanda éta jadi kanyataan poé éta kénéh. 10 Jadi Saul jeung palayanna indit ka pasir* tuluy panggih jeung sakumpulan nabi. Harita kénéh, manéhna digeuing ku kawasa suci Allah, tuluy manéhna ngaramal bareng jeung nabi-nabi éta. 11 Waktu jalma-jalma nu wawuheun ka Saul ningali manéhna ngaramal bareng jeung nabi-nabi éta, maranéhna pada ngomong kieu, ”Éta anak Kis téh ku naon? Ari Saul téh nabi ogé, kitu?” 12 Aya urang dinya nu nanya kieu, ”Ari nabi-nabi séjénna saha bapana?” Ti saprak harita, jalma-jalma osok ngomong kieu,* ”Ari Saul téh nabi ogé, kitu?”

13 Sanggeus bérés ngaramal, Saul indit ka tempat luhur nu suci. 14 Emangna Saul nanya ka manéhna jeung palayanna, ”Tas ti marana?” Dijawabna, ”Tas milarian kaldé, tapi teu kapanggih, jadi abdi duaan mendakan Samuél.” 15 Emangna nanya, ”Cikan caritakeun Samuél ngomong naon.” 16 Saul ngajawab emangna, ”Nya manéhna ngabéjaan kaldé-kaldé téh geus kapanggih.” Tapi Saul teu méré nyaho omongan Samuél yén manéhna bakal jadi raja.

17 Jalma-jalma ku Samuél dititah ngumpul di hareupeun Yéhuwa di Mizpa, 18 Samuél ngomong ka urang Israél, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Kuring nu ngaluarkeun Israél ti Mesir. Kuring ogé nu nyalametkeun maranéh tina kakawasaan Mesir jeung tina kakawasaan sakabéh karajaan nu nindes maranéh. 19 Tapi ayeuna maranéh kalah ka nolak Allah maranéh, nu geus nyalametkeun maranéh tina sagala musibat jeung kasusahan. Ceuk maranéh, ”Henteu, pokona lantik saurang raja keur urang.” Sok ayeuna mah narangtung di hareupeun Yéhuwa, nurutkeun kaom jeung kulawarga maranéh.’”*

20 Jadi, Samuél nitah kabéh kaom Israél maju hiji-hiji, nu kapilih téh kaom Bényamin. 21 Tuluy manéhna nitah kulawarga-kulawarga ti kaom Bényamin maju, nu kapilih téh kulawarga Matri. Ahirna, Saul anak Kis nu kapilih. Tapi barang ditéangan, manéhna euweuh. 22 Jadi maranéhna nanya ka Yéhuwa, ”Ari jalmina téh tos dongkap?” Yéhuwa ngajawab, ”Manéhna keur nyumput di tukangeun barang-barang.” 23 Jadi maranéhna lumpat jeung mawa Saul ti dinya. Waktu manéhna nangtung di antara jalma-jalma, manéhna téh leuwih jangkung ti nu séjén. Nu séjén mah ngan sataktak Saul jangkungna. 24 Samuél ngomong ka kabéh jalma, ”Tuh tingali jalma pilihan Yéhuwa. Euweuh deui nu siga manéhna, pan?” Ger jalma-jalma sarurak, ”Mugia Raja diberkahan!”

25 Samuél nyebutkeun hak-hak raja ka jalma-jalma, tuluy éta ditulis dina buku jeung disimpen di tabernakel Yéhuwa. Geus kitu, Samuél nitah jalma-jalma balik ka imahna masing-masing. 26 Saul gé balik ka imahna di Gibéah, dibaturan ku priya-priya perkasa nu haténa digeuing ku Yéhuwa. 27 Tapi, sababaraha jalma baragajulan ngomong kieu, ”Mémangna bisa manéhna nyalametkeun urang?” Jadi maranéhna nganggap énténg Saul jeung teu méré hadiah naon-naon, tapi Saul tetep jempé.*

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun