PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 11
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Saul ngéléhkeun urang Ammon (1-11)

      • Saul diumumkeun deui jadi raja (12-15)

1 Samuél 11:11

Catetan Handap

  • *

    As. ”pas giliran jaga isuk”, kira-kira jam 2 nepi ka 6 isuk.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 11:1-15

1 Samuél

11 Tuluy, Nahas urang Ammon datang sarta masang kémah rék merangan Yabés di Giléad. Sakabéh urang Yabés ngomong kieu ka Nahas, ”Sok jieun perjangjian jeung urang, engké urang bakal ngalalayanan anjeun.” 2 Nahas urang Ammon téa némbalan kieu, ”Urang daék nyieun perjangjian jeung maranéh, asal panon katuhu maranéh kabéh dicokél, supaya kaciri hinana sakabéh urang Israél.” 3 Para kokolot Yabés ngajawab, ”Ménta waktu tujuh poé atuh, supaya urang bisa ngirim utusan ka sakabéh daérah Israél. Lamun euweuh nu nyalametkeun urang, urang kabéh rék nyerah.” 4 Waktu para utusan nepi di Gibéah kotana Saul sarta nepikeun pesenna, kabéh jalma ceurik tingjarerit.

5 Harita, Saul kakara datang ti tegalan bari ngagiringkeun ingon-ingon. Manéhna nanya, ”Aya naon? Ku naon jalma-jalma téh bet careurik?” Jadi maranéhna nyaritakeun pesen ti urang Yabés. 6 Barang ngadéngé éta, Saul digeuing ku kawasa suci Allah, tuluy manéhna ambek pisan. 7 Manéhna nyokot dua sapi jalu tuluy dipotong-potong. Potongan-potonganana dikirimkeun ka sakabéh daérah Israél ku para utusan bari mawa pesen kieu, ”Saha waé nu teu nuturkeun Saul jeung Samuél, sapi-sapina bakal dikieukeun!” Bangsa éta jadi sieun ka Yéhuwa, kabéhanana satuju milu perang. 8 Jalma-jalma éta diitung di Bézék, jumlahna aya 300.000 urang Israél jeung 30.000 urang Yéhuda. 9 Tuluy maranéhna ngomong ka para utusan ti Yabés, ”Béjakeun ka urang Yabés di Giléad, ’Isukan pas tengah poé, maranéh bakal disalametkeun.’” Meunang béja kitu ti para utusan, urang Yabés kacida barungaheunana. 10 Jadi urang Yabés ngomong ka urang Ammon, ”Isukan urang bakal nyerah. Sok kumaha aranjeun wéh urang rék dikukumahakeun gé.”

11 Isukna, Saul ngabagi jalma-jalma jadi tilu pasukan. Maranéhna asup ka tengah-tengah pakémahan musuh pas subuh-subuh,* tuluy maéhan urang Ammon nepi ka tengah poé. Nu salamet téh kalabur, pabalencar sorangan-sorangan. 12 Tuluy jalma-jalma ngomong ka Samuél, ”Saha nu ngomong, ’Ku naon Saul bet kudu jadi raja urang?’ Serahkeun ka dieu, urang paéhan.” 13 Tapi ceuk Saul, ”Poé ieu teu meunang aya nu dipaéhan, sabab poé ieu Yéhuwa geus nyalametkeun Israél.”

14 Ka dieunakeun, Samuél ngomong ka jalma-jalma éta, ”Hayu urang ka Gilgal. Urang umumkeun deui Saul téh raja.” 15 Ku kituna, kabéh jalma indit ka Gilgal. Di dinya, Saul dijadikeun raja di hareupeun Yéhuwa. Maranéhna nyanggakeun korban karukunan di hareupeun Yéhuwa. Geus kitu, Saul jeung sakabéh urang Israél ngarayakeunana bari suka bungah.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun