PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 13
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Saul milih prajurit (1-4)

      • Saul lancang (5-9)

      • Samuél negor Saul (10-14)

      • Israél teu boga senjata (15-23)

1 Samuél 13:1

Catetan Handap

  • *

    Angkana teu aya dina naskah Ibranina.

1 Samuél 13:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”ngaberkahan”.

1 Samuél 13:21

Catetan Handap

  • *

    Ukuran timbangan jaman baheula, kira-kira dalapan gram pérak.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 13:1-23

1 Samuél

13 Umur Saul . . .* basa jadi raja. Manéhna geus dua taun maréntah Israél. 2 Saul milih 3.000 prajurit ti antara urang Israél. Nu 2.000 milu jeung Saul di Mikhmash jeung di daérah pagunungan di Bétel, ari nu 1.000 deui milu jeung Yonatan di Gibéah Bényamin. Nu séjénna dititah balik ka kémahna masing-masing. 3 Yonatan ngéléhkeun pasukan Filistin nu aya di Géba. Hal éta kadéngéeun ku urang Filistin. Saul nitah supaya tarompét tanduk ditiup di sakuliah nagri bari ngumumkeun, ”Hé urang Ibrani, déngékeun!” 4 Sakabéh urang Israél ngadéngé warta ieu, ”Saul geus ngéléhkeun pasukan Filistin. Ayeuna Israél dipikageuleuh ku urang Filistin.” Jadi jalma-jalma digeroan sina nuturkeun Saul di Gilgal.

5 Urang Filistin gé ngumpulkeun pasukanna pikeun nyerang Israél. Aya 30.000 karéta perang, 6.000 prajurit nu numpak kuda, jeung pasukan nu lobana siga keusik di basisir. Kabéhanana daratang sarta masang kémah di Mikhmash, di wétaneun Bét-awén. 6 Ningali kitu, urang Israél ngarasa kaancam, lantaran maranéhna geus kadesek. Jadi maranéhna nyumput di guha, sela-sela cadas, gawir, gorowong di jero taneuh, jeung sumur. 7 Malah aya urang Ibrani nu meuntasan Walungan Yordan ka tanah Gad jeung Giléad. Tapi Saul mah tetep cicing di Gilgal. Jalma-jalma nu milu jeung manéhna ngadégdég kasieunan. 8 Geus tujuh poé manéhna ngadagoan Samuél nepi ka waktu nu ditangtukeun ku Samuél, tapi Samuél can datang kénéh ka Gilgal. Jalma-jalma tinglaléos ninggalkeun Saul. 9 Ahirna Saul ngomong kieu, ”Cik ka dieukeun lah korban beuleuman jeung korban karukunan téh.” Tuluy manéhna nyanggakeun korban beuleuman.

10 Barang Saul bérés nyanggakeun korban beuleuman, Samuél datang. Jadi Saul nyampeurkeun rék nyambut* manéhna. 11 Tuluy Samuél nanya, ”Ku naon manéh bet nyanggakeun korban?” Saul némbalan, ”Lantaran abdi ningali jalma-jalma naringgalkeun abdi. Bapa gé teu datang dina waktu nu geus ditangtukeun, mangkaning urang Filistin geus ngarumpul di Mikhmash. 12 Jadi abdi mikir, ’Urang Filistin rék nyerang abdi di Gilgal, tapi abdi can ménta pitulung ti Yéhuwa.’ Ku kituna abdi kapaksa nyanggakeun korban beuleuman.”

13 Ngadéngé kitu, Samuél ngomong ka Saul, ”Tindakan manéh téh teu bener. Manéh teu taat kana paréntah Yéhuwa Allah manéh. Mun manéh taat mah tangtu manéh jeung turunan manéh bakal disina maréntah Israél salilana ku Yéhuwa. 14 Tapi ayeuna, manéh moal terus maréntah. Yéhuwa bakal milih jalma nu nyenangkeun haté-Na, sarta manéhna bakal dilantik ku Yéhuwa pikeun jadi pamingpin umat-Na, lantaran manéh teu taat kana paréntah Yéhuwa.”

15 Geus kitu Samuél indit ti Gilgal ka Gibéah Bényamin, ari Saul ngitung pasukanna. Nu masih kénéh bareng jeung manéhna téh aya kira-kira 600 urang. 16 Saul, Yonatan anakna, jeung jalma-jalma nu masih kénéh bareng jeung maranéhna cicing di Géba Bényamin, ari urang Filistin mah aya di pakemahanana di Mikhmash. 17 Ti pakémahan urang Filistin, aya tilu kelompok nu kaluar pikeun ngajarah. Kelompok nu kahiji inditna ka jalan nu brasna ka Ofra, ka tanah Syual. 18 Kelompok nu kadua indit ka jalan Bét-horon. Ari kelompok nu katilu inditna ka jalan nu brasna ka wates daérah nu aya di peuntaseun Lebak Zéboim, ka arah gurun keusik.

19 Harita, euweuh tukang beusi di sakuliah tanah Israél, lantaran ceuk urang Filistin, ”Ngarah urang Ibrani teu bisa nyieun pedang atawa tumbak.” 20 Kabéh urang Israél kudu indit ka urang Filistin pikeun ngasah péso wuluku, pacul, kampak, atawa arit. 21 Maranéhna kudu mayar hiji pim* pikeun ngasah péso wuluku, pacul, garpu wuluku, kampak, jeung ngoméan iteuk pangangon. 22 Waktu aya perang, baladna Saul jeung Yonatan euweuh nu boga pedang atawa tumbak. Ngan Saul jeung Yonatan anakna nu boga senjata.

23 Harita, pasukan Filistin indit ka sela gunung di Mikhmash.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun