PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 18
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Daud nyobat jeung Yonatan (1-4)

      • Saul sirik ku kaunggulan Daud (5-9)

      • Saul rék maéhan Daud (10-19)

      • Daud kawin jeung Mikhal anak Saul (20-30)

1 Samuél 18:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tindakan Daud pasti bijaksana”.

1 Samuél 18:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”ku roh jahat”.

  • *

    Atawa ”jadi siga nabi”.

1 Samuél 18:13

Catetan Handap

  • *

    As. ”Daud kaluar asup di hareupeun jalma-jalma”.

1 Samuél 18:14

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tindakan Daud bijaksana”.

1 Samuél 18:30

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tindakan Daud pasti leuwih bijaksana”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 18:1-30

1 Samuél

18 Waktu Yonatan ngadéngé omongan Daud ka Saul, manéhna jadi nyaaheun ka Daud asa ka dirina sorangan, tuluy Daud jeung Yonatan jadi sobat dalit. 2 Ti saprak harita, Saul nitah Daud terus ngalalayanan manéhna, teu ngidinan Daud balik ka imah bapana. 3 Yonatan nyaah ka Daud asa ka dirina sorangan, jadi manéhna jeung Daud nyieun perjangjian rék sosobatan. 4 Yonatan ngalaanan rompi panjangna tuluy dibikeun ka Daud. Yonatan gé mikeun baju perangna, pedangna, busur panahna, jeung beubeurna. 5 Ti saprak harita, Daud indit perang. Ka mana waé manéhna diutus ku Saul, Daud pasti unggul.* Ku kituna, Daud diangkat jadi kapala prajurit ku Saul. Sakabéh rahayat jeung hamba-hamba Saul resep kana hal éta.

6 Waktu Daud jeung nu séjénna baralik sanggeus ngéléhkeun urang Filistin, awéwé-awéwé kalaluar ti sakabéh kota Israél. Maranéhna galumbira nyambut Raja Saul bari nyanyi, ngigel, sarta maénkeun rabana jeung gambus. 7 Awéwé-awéwé nu ngarayakeunana téh nyaranyi kieu,

”Saul maéhan rébuan,

Daud maéhan puluhan rébu.”

8 Saul jadi ambek pisan, da teu resepeun kana nyanyian éta. Ceuk manéhna, ”Ka Daud mah mujina maéhan puluhan rébu, ari ka aing ngan rébuan. Sakeudeung deui, manéhna dijadikeun raja yeuh!” 9 Ti semet harita, Saul terus curiga ka Daud.

10 Isukna, Allah ngantep Saul kasiksa ku pikiranana sorangan.* Di istanana, kalakuan Saul jadi anéh,* ari Daud keur maén harpa sakumaha biasana. Harita, Saul keur nyekel tumbak. 11 Manéhna mikir, ”Si Daud ku aing rék ditancebkeun kana témbok!” Tuluy tumbak téh dibelewerkeun ka Daud dua kali, tapi Daud bisa nyingcet. 12 Saul sieuneun ka Daud, lantaran Yéhuwa nyarengan Daud jeung geus ninggalkeun manéhna. 13 Ku sabab éta, Daud diangkat jadi kapala prajurit sarébu, supaya teu ngalalayanan di hareupeun Saul deui. Ti dinya, Daud mingpin pasukan ka pangperangan.* 14 Lantaran disarengan ku Yéhuwa, Daud unggul waé* dina pangperangan. 15 Waktu ningali Daud unggul waé, Saul jadi beuki sieuneun ka Daud. 16 Tapi sakabéh urang Israél jeung Yéhuda nyaaheun ka Daud, lantaran Daud mingpin maranéhna dina pangperangan.

17 Ka dieunakeun, Saul ngomong kieu ka Daud, ”Mérab, anak awéwé kuring nu panggedéna, rék dijadikeun pamajikan manéh, asal manéh kudu terus ngalalayanan kuring, jadi prajurit anu wani, sarta perang keur Yéhuwa.” Saul ngomong kitu téh pédah mikir kieu, ’Ulah aing nu maéhan Daud. Keun, sina dipaéhan ku urang Filistin.’ 18 Daud némbalan Saul, ”Saha atuh abdi sareng kulawarga bapa abdi di Israél téh, nepi ka abdi dijadikeun minantu Raja?” 19 Tapi, dina waktuna Mérab anak Saul rék dibikeun ka Daud, manéhna geus dibikeun jadi pamajikanana Adriél urang Méhola.

20 Mikhal anak awéwéna Saul bogoheun ka Daud. Éta dibéjakeun ka Saul. Saul atoh ngadéngéna. 21 Ceuk pamikirna, ’Si Mikhal ku aing rék dijadikeun pamajikanana Daud ngarah aya jalan keur ngajebak manéhna sina dipaéhan ku urang Filistin.’ Seug Saul ngomong kadua kalina ka Daud, ”Ayeuna manéh bakal jadi minantu kuring.” 22 Geus kitu, Saul nitah para palayanna, ”Jung ngomong ka Daud, tapi ulah bébéja dititah ku kuring, ’Raja resepeun ka manéh, kitu ogé jeung para palayanna. Geus, daék wéh dijadikeun minantu Raja.’” 23 Seug éta ditepikeun ka Daud, tapi jawabna, ”Mémangna gampang jadi minantu Raja téh? Abdi pan jalma miskin, lain jalma penting.” 24 Tuluy palayan-palayan Saul ngalaporkeun jawaban Daud.

25 Ngadéngé kitu, Saul ngomong kieu, ”Béjakeun ka Daud, ’Raja teu ménta maskawin. Raja ngan ménta 100 kulit khitan urang Filistin pikeun ngabales musuh-musuhna.’” Éta téh siasat Saul ngarah Daud dipaéhan ku urang Filistin. 26 Omongan Saul ditepikeun ku para palayanna ka Daud, ku kituna Daud satuju jadi minantu Raja. Saméméh waktu nu geus ditangtukeun, 27 Daud indit jeung balad-baladna tuluy maéhan 200 urang Filistin. Kabéh kulit khitan maranéhna dibikeun ka Raja, ngarah manéhna bisa jadi minantu Raja. Ku kituna, Saul mikeun Mikhal anakna pikeun jadi pamajikanana Daud. 28 Saul sadar Yéhuwa nyarengan Daud, sarta Mikhal anakna gé cinta ka Daud. 29 Ku sabab éta, Saul jadi beuki sieun ka Daud, sarta ngamusuhan Daud saumur hirupna.

30 Saban-saban para pamingpin Filistin maju perang, Daud pasti leuwih unggul* ti sakabéh palayanna Saul. Ku kituna, ngaran Daud jadi dihormat.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun