PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 19
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Saul terus ngéwa ka Daud (1-13)

      • Daud kabur ti Saul (14-24)

1 Samuél 19:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kasalametan”.

1 Samuél 19:9

Catetan Handap

  • *

    As. ”ku roh jahat”.

1 Samuél 19:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”déwa kulawarga”. As. ”térafim”.

1 Samuél 19:16

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”déwa kulawarga”. As. ”térafim”.

1 Samuél 19:24

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”maké pakéan jero hungkul”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 19:1-24

1 Samuél

19 Ka dieunakeun, Saul ngomong ka Yonatan anakna jeung sakabéh palayanna yén manéhna rék maéhan Daud. 2 Tapi ku sabab Yonatan anak Saul resep pisan ka Daud, manéhna ngomong ka Daud, ”Manéh rék dipaéhan ku Saul, bapa Akang. Isukan isuk-isuk, manéh jaga-jaga wéh. Jung indit ka tempat panyumputan jeung cicing di dinya. 3 Akang jeung si Bapa rék indit ka tegalan tempat manéh nyumput. Di ditu, Akang rék nangtung pagigir-gigir jeung si Bapa ngomongkeun manéh. Kitu kieuna mah engké ku Akang dibéjaan.”

4 Jadi, Yonatan nyaritakeun nu hadé-hadé ngeunaan Daud ka Saul bapana. Kieu cenah, ”Sakedahna mah Raja ulah nyieun dosa ka Daud hamba Raja, da manéhna gé henteu nyieun dosa ka Raja, malahan sagala nu tos dilampahkeun ku manéhna téh nguntungkeun Raja. 5 Waktu maéhan urang Filistin téa, manéhna naruhkeun nyawa, ku kituna Yéhuwa masihan kaunggulan* nu sakitu ageungna ka Israél. Raja gé bungah ningalina. Jadi, ku naon Raja teu puguh-puguh hayang maéhan Daud? Lamun Raja maéhan jalma nu teu boga salah, éta téh dosa.” 6 Omongan Yonatan didéngé ku Saul. Saul sumpah, ”Demi Yéhuwa nu hirup, manéhna moal bakal dipaéhan.” 7 Geus kitu Yonatan nyalukan Daud jeung nyaritakeun sagalana. Jadi, Yonatan mawa Daud ka Saul, tuluy Daud ngalalayanan Saul deui siga saacanna.

8 Waktu aya perang deui, Daud maju ngalawan urang Filistin. Aya loba pisan nu dipaéhan ku manéhna, ari sésana mah kalalabur.

9 Hiji poé, Yéhuwa ngantep Saul kasiksa ku pikiranana sorangan.* Harita, manéhna keur diuk di istanana bari nyekel tumbak, ari Daud keur maénkeun harpa. 10 Saul rék nancebkeun Daud kana témbok maké tumbakna. Barang dibelewerkeun, Daud nyingcet, ari tumbakna mah nanceb kana témbok. Peuting éta kénéh Daud kabur. 11 Tuluy, Saul ngirim utusan pikeun ngawas-ngawas imahna Daud sarta maéhan manéhna isuk-isuk. Tapi Daud dibéjaan ku Mikhal pamajikanana, ”Isukan Akang bakal maot lamun peuting ieu henteu kabur.” 12 Mikhal gancang mantuan Daud turun tina jandéla, ku kituna manéhna bisa lumpat jeung kabur. 13 Geus kitu, Mikhal ngagolérkeun patung berhala* dina ranjang, neundeun jaring tina bulu embé dina bagian sirahna, tuluy ditutupan ku baju.

14 Saul ngirim utusan sina néwak Daud, tapi ceuk Mikhal, ”Manéhna keur gering.” 15 Saul ngirim utusan deui sina ningali Daud langsung. Maranéhna dititah kieu, ”Gotong manéhna ka dieu jeung ranjang-ranjangna, rék dipaéhan.” 16 Barang asup, para utusan éta ningali nu aya dina ranjang téh patung berhala* jeung jaring bulu embé dina bagian sirahna. 17 Tuluy Saul ngomong ka Mikhal, ”Ku naon manéh nipu Bapa? Manéh mah kalah ka mantuan musuh Bapa kabur.” Mikhal némbalan, ”Da ceuk manéhna, mun dihalang-halang, abdi rék dipaéhan.”

18 Tuluy Daud lumpat jeung kabur manggihan Samuél di Rama. Manéhna nyaritakeun sagala nu dilampahkeun ku Saul ka manéhna. Geus kitu, manéhna jeung Samuél indit sarta cicing di Nayot. 19 Ka dieunakeun, aya nu ngabéjaan Saul yén Daud keur aya di Nayot, di Rama. 20 Harita kénéh, Saul ngirim utusan pikeun néwak Daud. Waktu para utusan ningali nabi-nabi nu geus kolot ngaramal sarta Samuél nangtung di dinya mingpin maranéhna, para utusan Saul narima kawasa suci Allah sarta kalakuan maranéhna jadi siga para nabi.

21 Waktu éta dibéjakeun ka Saul, manéhna buru-buru ngirim utusan séjén, tapi para utusan éta gé kalakuanana jadi siga nabi. Ku kituna Saul ngirim utusan deui, kelompok nu katilu. Maranéhna gé kalakuanana jadi siga nabi. 22 Ahirna, Saul sorangan indit ka Rama. Pas nepi di sumur gedé di Séku, manéhna nanya, ”Mana Samuél jeung Daud?” Ceuk urang dinya, ”Nuju aya di Nayot, di Rama.” 23 Basa di jalan rék ka ditu, Saul gé narima kawasa suci Allah. Sajajalan nepi ka Nayot di Rama, kalakuan Saul téh jadi siga nabi. 24 Manéhna gé ngalaanan bajuna sarta kalakuanana jadi siga nabi di hareupeun Samuél. Geus kitu, bru baé manéhna ngalonjor sapoéan jeung sapeuting jeput bari taranjang.* Éta sababna jalma-jalma sok ngomong, ”Ari Saul téh nabi ogé, kitu?”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun