1 Samuél
22 Jadi Daud indit ti dinya, tuluy kabur ka Guha Adulam. Waktu lanceuk-lanceukna jeung kulawarga bapana ngadéngé béja éta, maranéhna ngadatangan Daud. 2 Kabéh nu keur kasusahan, boga hutang, sarta keur nalangsa ngagabung jeung Daud. Kabéhanana aya kira-kira 400 urang. Daud dijadikeun pamingpinna.
3 Ti dinya Daud indit ka Mizpé di Moab. Manéhna ngomong kieu ka raja Moab, ”Abdi ménta idin supaya pun bapa sareng pun biang bisa matuh di dieu sareng aranjeun nepi ka abdi dipasihan terang ku Allah, abdi kedah kumaha.” 4 Seug indung bapana ku Daud dititipkeun ka raja Moab, tuluy maranéhna matuh di dinya salila Daud aya di panyumputan.
5 Ka dieunakeun, Nabi Gad ngomong kieu ka Daud, ”Ulah cicing waé di panyumputan. Jung indit ka tanah Yéhuda.” Bral Daud indit tuluy asup ka leuweung Hérét.
6 Saul ngadéngé Daud jeung baladna geus kapanggih. Harita Saul aya di Gibéah, keur diuk di handapeun tangkal tamariska di hiji pasir.* Manéhna nyekel tumbak, ari kabéh palayanna ditempatkeun di sakurilingna. 7 Geus kitu, Saul ngomong ka para palayan di sakurilingna, ”Éh urang Bényamin, yeuh déngékeun. Mémangna anak Isai éta bakal méré lahan jeung kebon anggur ka maranéh? Mémangna manéhna bakal ngangkat maranéh jadi pamingpin sarébu jeung saratus urang? 8 Maranéh kabéh geus sakongkol ngalawan aing! Meni euweuh nu ngabéjaan yén anak aing sorangan geus nyieun perjangjian jeung anak Isai! Euweuh nu karunya ka aing téh, jeung euweuh nu ngabéjaan deuih yén anak aing sorangan geus ngahasut palayan aing. Manéhna keur néangan kasempetan rék ngalawan aing siga ayeuna.”
9 Geus kitu, Doég urang Édom téa, nu ditempatkeun di dinya jadi kapalana para palayan Saul, némbalan, ”Abdi ningali anak Isai éta datang ka Nob manggihan Ahimélékh anak Ahitub. 10 Ahimélékh mangméntakeun pituduh ka Yéhuwa jeung méré dahareun ka manéhna. Malah, pedang Goliat urang Filistin téa dibikeun ka manéhna.” 11 Raja langsung nitah Imam Ahimélékh anak Ahitub sina datang ka manéhna, kitu ogé jeung sakabéh imam di kulawarga bapana nu aya di Nob. Jadi kabéhanana ngadep ka Raja.
12 Ceuk Saul, ”Anak Ahitub, déngékeun!” Ahimélékh némbalan, ”Muhun, Juragan.” 13 Ceuk Saul ka manéhna, ”Ku naon manéh bet sakongkol jeung anak Isai éta rék ngalawan kuring? Manéh kalah ka méré roti, pedang, jeung mangméntakeun pituduh ka Allah keur manéhna. Manéhna téh keur néangan kasempetan rék ngalawan kuring siga ayeuna.” 14 Ngadéngé kitu, Ahimélékh némbalan ka Raja, ”Di antara sadaya palayan Raja, saha nu paling bisa dipercaya* salian ti Daud? Manéhna téh minantu Raja, kapala pangawal Raja, jeung dihormat ku saeusi istana. 15 Sanés harita hungkul pan abdi mangméntakeun pituduh ka Allah keur manéhna? Abdi moal mungkin sakongkol ngalawan Raja! Mugi Raja teu goréng sangka ka abdi jeung ka kulawarga bapa abdi, da perkawis éta mah abdi teu terang nanaon.”
16 Tapi Raja ngomong kieu, ”Ahimélékh, manéh jeung sakabéh kulawarga bapa manéh kudu paéh.” 17 Terus Raja nitah para panjaga di sakurilingna, ”Paéhan éta imam-imam Yéhuwa, lantaran maranéhna geus mihak ka Daud! Geus nyaho manéhna téh kabur ti aing, maranéhna kalah ka teu ngalapor ka aing!” Tapi para palayan Raja euweuh nu daék maéhan imam-imam Yéhuwa. 18 Geus kitu Raja nitah ka Doég, ”Paéhan wéh ku manéh!” Der Doég urang Édom éta maéhan para imam. Nu dipaéhan ku manéhna poé éta téh 85 urang nu maké éfod linén. 19 Manéhna gé nyerang Nob, kota para imam, ku pedang. Lalaki, awéwé, barudak leutik, orok, sapi, kaldé, jeung domba, kabéh dipaéhan ku pedang.
20 Tapi Abiatar, anakna Ahimélékh, incuna Ahitub, lolos. Manéhna kabur tuluy milu jeung Daud. 21 Abiatar ngabéjaan Daud, ”Saul geus maéhan imam-imam Yéhuwa.” 22 Ngadéngé kitu Daud ngomong ka Abiatar, ”Harita, basa urang ningali Doég urang Édom éta aya di dinya, urang geus nyangka manéhna pasti méré nyaho Saul. Maotna sakabéh jalma di kulawarga bapa manéh téh salah urang. 23 Geus, cicing wéh di dieu bareng jeung urang. Ulah hariwang, urang nu bakal ngajaga manéh. Saha waé nu ngincer nyawa manéh, ngincer nyawa urang ogé.”