PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 23
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Daud nyalametkeun kota Kéila (1-12)

      • Saul ngudag Daud (13-15)

      • Yonatan nguatkeun Daud (16-18)

      • Daud ampir katéwak ku Saul (19-29)

1 Samuél 23:1

Catetan Handap

  • *

    Misahkeun gandum tina cangkangna.

1 Samuél 23:7

Catetan Handap

  • *

    As. ”geus ngajual”.

1 Samuél 23:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”nu baroga tanah”.

1 Samuél 23:15

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”sieuneun lantaran”.

1 Samuél 23:19

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Bukit”.

  • *

    As. ”di katuhueun”.

  • *

    Atawa bisa jadi ”gurun keusik”.

1 Samuél 23:23

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kulawarga”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 23:1-29

1 Samuél

23 Ka dieunakeun, aya nu ngabéjaan Daud, ”Urang Filistin keur merangan Kéila. Maranéhna ngajarah tempat-tempat ngirik.”* 2 Jadi Daud nanya ka Yéhuwa, ”Abdi kedah angkat ngéléhkeun urang Filistin atawa ulah?” Yéhuwa némbalan Daud, ”Jung indit, éléhkeun urang Filistin jeung salametkeun Kéila.” 3 Tapi baladna Daud ngomong kieu ka manéhna, ”Di dieu gé, di Yéhuda, urang geus sieun, komo deui lamun kudu indit ka Kéila ngalawan barisan tempur urang Filistin!” 4 Jadi Daud nanya deui ka Yéhuwa. Yéhuwa ngajawab manéhna, ”Sok maju ka Kéila, sabab Kuring bakal nyerahkeun urang Filistin ka manéh.” 5 Bral Daud sabaladna indit ka Kéila ngalawan urang Filistin. Manéhna maéhan loba pisan urang Filistin jeung ngarampas ingon-ingonna. Penduduk Kéila disalametkeun ku Daud.

6 Waktu Abiatar anak Ahimélékh lumpat nyampeurkeun Daud di Kéila, manéhna mawa éfod. 7 Saul meunang laporan kieu, ”Daud datang ka Kéila.” Ceuk Saul, ”Allah geus nyerahkeun* Daud ka kuring. Manéhna geus teu bisa ka mamana lantaran asup ka kota nu aya gerbangna jeung dipalangan.” 8 Ku kituna, Saul ngumpulkeun sakabéh pasukanna pikeun indit ka Kéila jeung ngepung Daud sarta baladna. 9 Pas ngadéngé rencana Saul pikeun ngalawan manéhna, Daud nitah ka Imam Abiatar, ”Éfod téh bawa ka dieu.” 10 Tuluy ceuk Daud, ”Duh Yéhuwa Allah Israél, hamba Gusti ieu ngadangu yén Saul rék datang ka Kéila jeung ngancurkeun kota ieu ku lantaran abdi. 11 Ari para pamingpin* Kéila bakal nyerahkeun abdi ka Saul moal? Bener kitu Saul bakal datang, sakumaha nu didangu ku abdi? Nun Yéhuwa Allah Israél, mugi Gusti masihan terang ka abdi, hamba Gusti ieu.” Yéhuwa ngajawab, ”Manéhna bakal datang.” 12 Daud nanya deui, ”Para pamingpin Kéila bakal nyerahkeun abdi jeung balad abdi ka Saul moal?” Yéhuwa ngajawab, ”Enya, maranéhna bakal nyerahkeun maranéh.”

13 Harita kénéh Daud sabaladna, kira-kira 600 urang, nyingkah ti Kéila tuluy indit ka tempat mana waé nu aman. Barang dibéjaan yén Daud geus kabur ti Kéila, Saul teu ngudag manéhna. 14 Daud cicing di gurun keusik, di tempat-tempat nu hésé dijugjug, nyaéta di daérah pagunungan di Gurun Keusik Zif. Saul teu eureun-eureun néangan Daud, tapi Yéhuwa teu nyerahkeun Daud ka manéhna. 15 Salila cicing di Gurun Keusik Zif di Horés, Daud nyahoeun yén* Saul néangan manéhna rék ngincer nyawana.

16 Yonatan anak Saul manggihan Daud di Horés. Manéhna ngabantu Daud supaya leuwih yakin ka Yéhuwa. 17 Ceuk Yonatan, ”Ulah sieun, manéh moal kapanggih ku Saul, bapa Akang. Manéh bakal jadi raja Israél, ari Akang bakal jadi jalma nu kadua sanggeus manéh. Saul bapa Akang gé geus apaleun.” 18 Geus kitu, duanana nyieun perjangjian di hareupeun Yéhuwa. Daud tetep cicing di Horés, ari Yonatan mah balik ka imahna.

19 Ka dieunakeun, urang Zif ngadatangan Saul di Gibéah. Maranéhna ngomong kieu, ”Daud téh keur nyumput di deukeut urang, di tempat-tempat nu hésé dijugjug di Horés, nyaéta di Pasir* Hakhila, nu aya di kiduleun* Yésyimon.* 20 Nun Raja, Raja badé datang iraha waé gé mangga. Abdi sadaya bakal nyerahkeun manéhna ka Raja.” 21 Ngadéngé kitu Saul ngomong, ”Mugia maranéh diberkahan ku Yéhuwa lantaran geus karunya ka kuring. 22 Jung geura baralik, téangan manéhna téh percisna aya di mana, jeung saha nu pernah ningali manéhna, da kuring dibéjaan manéhna téh licik pisan. 23 Téangan sing taliti, manéhna nyumput di mana waé. Engké, maranéh ka dieu deui bari mawa buktina. Mun geus kitu, urang indit bareng ka ditu. Lamun bener manéhna aya di nagri éta, ku kuring rék diubek di antara rébuan* urang Yéhuda.”

24 Jadi maranéhna indit ka Zif miheulaan Saul, ari Daud sabaladna mah keur aya di Gurun Keusik Maon, di Araba, di kiduleun Yésyimon. 25 Tuluy Saul datang jeung pasukanna rék néangan Daud. Waktu éta dibéjakeun ka Daud, manéhna langsung turun ka gawir nu aya di Gurun Keusik Maon, tuluy cicing di dinya. Barang ngadéngé éta, Saul ngudag Daud ka Gurun Keusik Maon. 26 Pas Saul nepi di sisi gunung beulah dieu, Daud sabaladna aya di sisi gunung beulah dituna. Daud gancang kabur ti Saul, tapi Saul jeung pasukanna beuki deukeut ka Daud sabaladna rék néwak maranéhna. 27 Ari pék téh aya saurang utusan datang ka Saul méré nyaho kieu, ”Énggal mulih, urang Filistin keur nyerbu nagri urang!” 28 Ngadéngé kitu, Saul eureun ngudag Daud tuluy indit merangan urang Filistin. Éta sababna tempat éta dingaranan Gawir Pamisah.

29 Ti dinya, Daud indit tuluy cicing di tempat-tempat nu hésé dijugjug di Én-gédi.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun