PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Samuél 25
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Samuél

      • Samuél maot (1)

      • Anak buah Daud teu ditarima ku Nabal (2-13)

      • Tindakan Abigail nu bijaksana (14-35)

        • ”Kantong kahirupan” (29)

      • Nabal maot ku lantaran Yéhuwa (36-38)

      • Abigail jadi pamajikanana Daud (39-44)

1 Samuél 25:2

Catetan Handap

  • *

    Kota di Yéhuda; lain Gunung Karmél.

1 Samuél 25:6

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tengtrem”.

1 Samuél 25:8

Catetan Handap

  • *

    As. ”dina poé nu alus”.

1 Samuél 25:18

Catetan Handap

  • *

    As. ”takeran séa”. 1 séa = 7,33 L. Tingali Lamp. B14.

1 Samuél 25:22

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Urang”.

  • *

    As. ”nu kiih dina témbok”. Ungkapan Ibrani pikeun ngarendahkeun lalaki.

1 Samuél 25:25

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Teu Boga Pikiran; Bodo”.

1 Samuél 25:27

Catetan Handap

  • *

    As. ”berkah”.

1 Samuél 25:34

Catetan Handap

  • *

    As. ”nu kiih dina témbok”. Ungkapan Ibrani pikeun ngarendahkeun lalaki.

1 Samuél 25:36

Catetan Handap

  • *

    As. ”haté Nabal”.

1 Samuél 25:39

Catetan Handap

  • *

    As. ”geus dibalikkeun kana sirahna Nabal”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
  • 43
  • 44
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Samuél 25:1-44

1 Samuél

25 Ka dieunakeun, Samuél maot. Kabéh urang Israél kumpul pikeun nyeungceurikan manéhna jeung nguburkeun manéhna di deukeut imahna di Rama. Geus kitu, Daud indit ka Gurun Keusik Paran.

2 Di Maon, aya saurang jalma ku kacida beungharna. Manéhna boga ingon-ingon di Karmél,* nyaéta 3.000 domba jeung 1.000 embé. Harita, manéhna téh keur nyukur bulu domba di Karmél. 3 Ngaran manéhna téh Nabal, turunan Kaléb, ari pamajikanana Abigail. Pamajikanana nya geulis nya bijaksana, tapi salakina mah barangasan jeung goréng kalakuanana. 4 Pas di gurun keusik, Daud ngadéngé Nabal téh keur nyukur bulu domba. 5 Jadi Daud ngutus sapuluh anak buahna nu ngora kénéh tuluy ngomong kieu, ”Jung indit ka Karmél. Engké pas panggih jeung Nabal, béjakeun urang nanyakeun kabar manéhna. 6 Tuluy béjakeun, Daud nitip pesen kieu, ’Mugia Bapa panjang umur jeung séhat.* Mugia rumah tangga Bapa jeung sagala milik Bapa gé kaayaanana saraé. 7 Abdi ngadangu Bapa téh nuju nyukur bulu domba. Waktu para pangangon Bapa bareng jeung abdi sadaya, maranéhna tara diganggu. Salila aya di Karmél gé maranéhna teu pernah kaleungitan nanaon. 8 Mangga taroskeun ka anak buah Bapa, engké ku maranéhna dicaritakeun. Mugia anak buah abdi ditarima ku Bapa, lantaran datangna dina poé nu ngagumbirakeun.* Mugia Bapa kersa masihan naon baé ka hamba-hamba Bapa ieu, sarta ka Daud, anak Bapa.’”

9 Jadi, anak buah Daud indit tuluy nepikeun sagala pesen Daud ka Nabal. Sanggeus maranéhna bérés ngomong, 10 Nabal ngajawab maranéhna, ”Mémangna Daud anak Isai téh saha? Jaman kiwari mah loba palayan nu kabur ti dununganana. 11 Piraku roti urang, cai urang, jeung daging nu disadiakeun keur jalma-jalma nu nyukur bulu domba urang rék dibikeun ka jalma-jalma nu teu puguh asal-usulna!”

12 Ngadéngé kitu, anak buah Daud balik jeung ngalaporkeun sagalana ka Daud. 13 Daud langsung ngomong ka baladna, ”Kabéhanana, cokot pedang!” Jadi kabéhanana masang pedangna dina beubeur, kitu ogé Daud. Aya kira-kira 400 urang nu milu jeung Daud, ari nu 200 urang deui dititah ngadagoan jeung ngajaga barang.

14 Harita, salah saurang palayan ngalapor ka Abigail, pamajikan Nabal, ”Tadi aya utusan Daud ti gurun keusik datang rék méré salam ka Juragan urang, tapi ku Juragan kalah ka dihina bari gogorowokan. 15 Padahal maranéhna téh bageur pisan ka urang. Urang teu pernah diganggu ku maranéhna. Urang gé teu kaleungitan nanaon basa bareng jeung maranéhna di gurun keusik. 16 Salila urang ngangon di ditu, maranéhna téh siga témbok nu ngalindungan urang beurang peuting. 17 Ayeuna mah mangga putuskeun, Ibu badé kumaha, lantaran Juragan urang jeung saeusi imahna pasti ngalaman cilaka. Atuh da Juragan urang mah jalma nu euweuh gunana jeung hésé diajak ngomong.”

18 Jadi Abigail gancang nyokot roti 200, cianggur dua wadah gedé, domba nu siap dipasak lima, sisikian nu disangray lima takeran,* kuéh kismis 100, jeung kuéh ara garing 200, tuluy éta kabéh dimuatkeun kana kaldé-kaldé. 19 Seug Abigail ngomong ka para palayanna, ”Jung indit ti heula. Engké Ibu nyusul.” Tapi manéhna teu bébéja ka Nabal, salakina.

20 Waktu Abigail keur numpak kaldé, Daud jeung baladna keur turun ka arah manéhna. Tapi Abigail teu katingalieun ku Daud, lantaran katutupan ku gunung, tuluy maranéhna paamprok. 21 Saacanna, Daud geus ngomong kieu, ”Percumah urang ngajagaan sakabéh pangaboga jalma éta di gurun keusik. Euweuh hiji-hiji acan milikna nu leungit, tapi kahadéan urang dibales ku kajahatan. 22 Musuh-musuh urang* sing dihukum sabeurat-beuratna ku Allah lamun urang ngantep Nabal jeung sakabéh lalaki* di imahna tetep hirup nepi ka isukan isuk-isuk.”

23 Barang ningali Daud, Abigail gancang turun tina kaldéna. Bruk manéhna sujud di hareupeun Daud. 24 Geus kitu, manéhna sujud di hareupeun sukuna Daud tuluy ngomong, ”Juragan, keun wéh kasalahan ieu mah ditanggung ku abdi. Tapi dangukeun heula abdi, hamba Juragan ieu badé nyarios. 25 Abdi nyuhunkeun ka Juragan, Nabal ulah dianggap, da manéhna téh jalma nu euweuh gunana siga ngaranna. Ngaranna téh Nabal,* sarta manéhna teu boga pikiran. Harita basa utusan Juragan dongkap, abdi nuju teu aya. 26 Juragan, demi Yéhuwa nu hirup jeung demi hirup Juragan, Yéhuwa geus nyegah Juragan supaya Juragan teu maéhan jeung ngabales kanyeri. Mugia musuh-musuh Juragan jeung saha waé nu rék nyilakakeun Juragan jadi siga Nabal. 27 Ieu abdi nyandak tuangeun* kanggo Juragan, engké ku Juragan tiasa dipasihkeun ka balad Juragan. 28 Mugia dihapunten sadaya kalepatan hamba Juragan ieu. Turunan Juragan pasti ku Yéhuwa dijadikeun raja nu terus ngawasa, lantaran Juragan maju dina perang-perangna Yéhuwa sarta teu ngalampahkeun nu jahat salami Juragan hirup. 29 Lamun aya nu ngudag jeung ngincer nyawa Juragan, Yéhuwa Allah Juragan bakal ngajaga nyawa Juragan dina kantong kahirupan. Tapi nyawa musuh-musuh Juragan mah bakal dipeclengkeun ku Anjeunna siga batu tina bandring. 30 Engké waktu Yéhuwa ngalaksanakeun sagala hal hadé nu dijangjikeun ka Juragan, sarta ngalantik Juragan jadi pamingpin Israél, 31 Juragan moal rumasa salah atawa kaduhung lantaran geus maéhan jalma nu teu salah sarta ngabales kanyeri. Engké waktu Yéhuwa geus ngaberkahan Juragan, sing inget ka hamba Juragan ieu.”

32 Ngadéngé kitu, Daud ngomong ka Abigail, ”Puji Yéhuwa Allah Israél nu ngutus Nyai manggihan kuring poé ieu. 33 Mugia Nyai diberkahan lantaran Nyai bijaksana. Mugia Nyai gé diberkahan lantaran geus nyegah kuring supaya teu maéhan sarta ngabales kanyeri. 34 Yéhuwa Allah Israél geus nyegah kuring supaya teu nyilakakeun Nyai. Demi Anjeunna nu hirup, lamun Nyai teu gancang manggihan kuring, isukan isuk-isuk moal aya saurang lalaki* di imah Nabal nu hirup kénéh.” 35 Daud narima paméré Abigail. Geus kitu, Daud ngomong, ”Jung uih, Nyai ulah hariwang. Kekecapan Nyai geus didéngé jeung paménta Nyai bakal dicumponan.”

36 Geus kitu, Abigail balik ka Nabal,* nu keur pésta di imahna siga raja. Nabal téh keur gumbira bari mabok. Abigail teu ngomong nanaon nepi ka isukanana. 37 Isuk-isuk pas Nabal geus éling tina mabokna, pamajikanana nyaritakeun sagalana. Ngadéngé kitu, jantung Nabal jadi lemah sarta awakna lumpuh, teu bisa obah siga batu. 38 Kira-kira sapuluh poé ti harita, Nabal maot ku lantaran Yéhuwa.

39 Waktu Daud ngadéngé Nabal geus maot, manéhna ngomong kieu, ”Puji Yéhuwa lantaran Anjeunna geus ngabéla abdi nu dihina ku Nabal jeung nyegah hamba-Na supaya henteu ngalampahkeun nu jahat. Kajahatan Nabal geus dibales* ku Yéhuwa.” Ti dinya Daud ngirim utusan pikeun ngalamar Abigail, rék dijadikeun pamajikanana. 40 Palayan-palayan Daud datang ka Abigail di Karmél, tuluy ngomong kieu, ”Abdi sadaya diutus ku Daud, badé nyandak Ibu jadi istrina.” 41 Bruk manéhna sujud. Ceuk manéhna, ”Abdi kersa jadi palayan nu ngumbah suku palayan-palayanna Juragan abdi.” 42 Gancang Abigail cengkat tuluy numpak kaldé bari dituturkeun ku lima palayan awéwéna. Manéhna indit bareng jeung para utusan Daud. Saterusna manéhna jadi pamajikan Daud.

43 Daud gé geus kawin jeung Ahinoam ti Yizréél. Dua awéwé éta jadi pamajikan Daud.

44 Ari Mikhal anak Saul, pamajikan Daud, geus dibikeun ku Saul ka Palti anak Lais, urang Galim.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun